Tuesday, April 1, 2014

Rugi..




لْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَنْزَلَ عَلَى عَبْدِهِ آيَاتٍ بَيِّنَاتٍ لِيُخْرِجَ النَّاسَ بِهَا مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّوْرِ. َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ
مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ. أَيـُّهَا النَّاسُ، اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ، يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ. أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ ,أَمَّا بَعْدُ؛
Melalui khutbah jumat ieu, khotib wasiat ka diri pribadi oge umajak ka jamaah sadaya sangkan urang sadaya senantiasa oge berusaha ngajaga jeung niingkatkeun kataqwaan ka Allah Taala, oge mugia Allah swt maparin kakiatan sangkan  tiasa istiqomah dina Islam.
Hadirin
Sastuna sakabeh manusa mikareup hirupna aya dina kauntungan di dunya, sabab ceuk anggapana mun hirupna untung, maka hirupna bakal bagja,.. manusa berusaha ngahindar tina karugian atawa tina perkara nu matak ngarugikeun dirina di ieu dunya,  sok padahal  Allah netepkeun yen teu sakabeh perkara nu di pikahayang ku manusa bisa terwujud, ku hal eta teu saalit manusa nu teu sabar dina narima qodho jeung qodarna Allah ka dirina,
Allah SWT, dina qur’an surat Al-Ashr ayat 2 nerangkeun Innal Insaana Lafii Husrin,. Saestuna sakabeh manusa aya dina karugian, maksud tina ieu ayat nu dimaksud rugi lain karugian dina perdagangan, lain rugi dina usaha jeng lainna, rugi anu hakiki nyaeta rugi dina agama sahingga rugi akheratna, rugi di dunya masih bisa diupayakeun jeung ditarekahan, tapi mun menang karugian di akherat ngakibatkeun kasangsaraan nu abadi nu salalawasna, maka meunpeung aya kesempatan waktu sumangga urang maksimalkeun ieu waktu kalayan sahade-hadena pikeun taat ka Allah swt.
Ari ciri-ciri jalma bakal menang karugian di akherat, numutkeun tafsir surat Al-Asr ayat dua nyeta: Diri nu ngalalaworakeun kesempetan migawe amal soleh, oge diri nu nganteup datanga kasempetan pikeun migawe amal soleh, nepika dirina teu dibere deui waktu ku Allah alias maot, maka nalika maot, amal hade nu dibeukeulna langkung alit tibatan amal gorengna, Padahal Allah Subhanahu wa Ta’ala  ngadawuh: Timbangan dina poe kiamat ngarupakeun timbangan kaadilan nu saadil-adilna maka saha bae nu nu amal hadena  lewih loba timatan amal gorengna maka eta hamba kaasup hamba nu untung, tapi saha bae nu amal gorengna  lewih berat tibatan amal hadean maka eta hamba kaasup hamba nu pang rugi-rugina, kituna the sabab dirina ingkar kana ayat-ayat kami.” (QS. Al-A’raf: 8-9), Tanda-tanda nu rugi di akherat saterusna nyaeta jalma-jalma nu sok ingkar dina jangji, jalma nu nyieun karusakan dimuka bumi, Jalma nu bakal rugi diakherat nyaeta nu sok nyebarkeun syubhat jeung ngagugu kana nafsu syahwat, kaasup jalma nu bakal rugi di akherat mun eta jalma nu taat ka jalma kafir oge kaasup rugi jeung bakal rugi di akherat pikeun hamba-hamba nu ibadahna ka Allah ngan ukur dina waktu dirina menang kauntungan wungkul atawa nalika dirina susah wungkul jeung kaasup rugi jeung bakal rugi di akherat  jalma nu teu bisa ibadah kulantaran kahalangan ku hartana.

Maka nu jadi pertarosan, kumaha atuh carana sangkan urang terhindar tina hirup rugi di akherat, jeung kumaha carana sangkan urang bisa menang kauntungan di akherat?
Jawaban nu gamblang sakumaha di jelaskeun dina surat Al-Ashr ayat 3 Illal ladziina amanu waamilusoolihati watawa soubil haki wattawa soubishobri, nyaeta nu bener-bener Iman jeung migawe amal soleh bari silih wasiatan dina bebeneran jeng kasabaran, beh dituna Allah swt negeskeun mun hirup hoyong aya dina kauntungan nu hakiki, untung di akherat jeung untung di dunya nyeta Iman yakin ka Allah SWt, Iman bari tumut ka Rasulullah, jihad fi sabilillah ku harta jeung jiwa, senantiasa maca qur’an jeng ngadeugkeun solat 5 waktu dibareungan ku ngadermakeun sabagian rijki nu aya di urang.
Mugia urang sadaya senantiasa aya dina hidayahna Allah Subhanahu wa Ta’ala  bari senantiasa dipaparin taufikna Allah pikeun beramal sesuai sareung aturan  Allah Subhanahu wa Ta’ala, Amin ya robbal alamin.

No comments:

Post a Comment