Saturday, November 16, 2013

7 Wasiat Rasulullah ka Abi Dzar


لْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَنْزَلَ عَلَى عَبْدِهِ آيَاتٍ بَيِّنَاتٍ لِيُخْرِجَ النَّاسَ بِهَا مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّوْرِ. َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ. أَيـُّهَا النَّاسُ، اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ، يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ. أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ ,أَمَّا بَعْدُ؛


Sagala puji kagungan allah nu maha endah, sahingga ku endahna eta urang sadaya betah di alam dunya, mugia urang sadaya dipaparin kasadaran rehna hirup di dunya sifatna sementara, mung ukur taqwa nu jadi jalan bagja dunya salamet aherat, solawat salam mugia terlimpah ka baginda rasulullah saw, khotib umajak ka diri oge wasiat ka hadirin mangga urang taqwa ka allah kalayan taqwa nu samistina.
Jamaah jumat rahimakumullah
Abu Dzar Radhiyallahu 'anhu, anjena nyanggeumkeun dina haditsna: “Rasulullah Shallallahu 'alaihi wa sallam wasiat ka kami  ku tujuh perkara:

1.    Pikanyaah ku anjeun jalma-jalma nu miskin
2.    Poma anjeun Ulah ningali ka jalma kaayaana lewih luhur tibatan anjeun,tapi tingali nu kaayaana sahandapeun anjeun
3.    Sambungkeun ku anjeun silaturahmi ka jalma-jalma lian sok sanajan aranjeuna kasar ka anjeun, ngamusuhan anjeun atawa ngajauhan anjeun.
4.    Lobakeun ku anjeun ngucapkeun lâ haulâ walâ quwwata illâ billâh
5.    Tepikeun bebeneran sok sanajan pait
6.    Tong ngarasa hina/ atawa sieun dicela dina nepikeun dakwah di jalan Allah
7.    Jaga diri anjeun tina ngemis atawa menta-menta  ka manusa
Hadits ieu shahîh. Diriwayatkan ku imam-imam ahlul-hadits,  Dishahîhkan ku Syaikh al-‘Allamah al-Imam al-Muhaddits Muhammad Nashiruddin al-Albâni rahimahullah dalam Silsilah al-Ahâdîts ash-Shahîhah.

Jamaah jum’at rahimakumullah
Ari Maksud wasiat kahiji, mikanyaah jalma-jalma nu miskin hartina  urang salaku muslim tetep kudu tawadhu, handap asor, someah ka nu miskin, nulungan bubutuhna nalang kasusahna, nalika urang ngabantu kana kasusahna, tangtos Allah bakal ngamudahkeun urang tina sagala urusan, bahkan kasusah jaga di poe kiamah oge balesan pahala nu teu aya bandingna. Rasulullah Shallallahu 'alaihi wa sallam ngadawuh : sing saha nu nulung hiji kasusah hiji muslim dina urusan dunyana, Allah bakal ngilangkeun hiji kasusahna dina poe kiamat. Rasulullah Shallallahu 'alaihi wa sallam oge ngadawuh: "jalma-jalma faqir kaum Muslimin bakal asup ka surga lewih tiheula samemeh jalma-jalma  nu kaya (ti kalangan kaum Muslimin) salila satengah poe, sabab lambatna jalma-jalma kaya asup ka surga ku ayana hisab harta-hartana nu kudu diitung/dipertanggungjawabken di payunen allah ajja wajalla.

Wasiat kadua,tingali jalma jalma nu kaayaan kahirupana/materina aya sahandapeun urang hartina sangkan urang senantiasa syukur kana nikmat nu tos dipaparinken allah ka diri urang, upama urang ningali kaboga batur, rejeki batur nu lewih tibatan urang, maka nikmat nu kumaha bae nu aya diurang moal karasa nikmatna, sedengkeun dina masalah agama, kataatan, taqorub  diri ka Allah, ngaraih pahala jeng surga, maka sakedahna urang ningali ka jalma nu saluhureun urang nyaeta jalma-jalma jujur, syuhada, ulama, jalma-jalma nu soleh .

Wasiat katilu sambungkeun silaturahmi sok sanajan jalma nu di silaturahmiana kasar ka anjeun. Silaturahmi nu hakiki lain nyambungkeun hubungan hade jeng jalma nu geus hade, silaturahmi nu hakiki nyaeta nyambungkeun hubungan duduluran nu pernah ruksak atawa putus, sarta nyieun kahadean ka dulur nu geus jahat ka diri urang. Silaturahmi ka sepuh (ibu/bapa) wajib hukumna, mutuskeun silaturahmi jeung nu jadi kolot doraka jeng dosa gede hukumna. Ku silaturahmi, Allah bakal ngalapangkeun rezeki jeung manjangkeun umur, mutuskeun silaturahmi Allah bakal nyempitkeun  rejeki sarta ngilangkeun kaberkah dina hartana.

Jamaah jum’at rahimakumullah
Wasiat kaopat, seuerkeun ngucap lâ haulâ wa lâ quwwata illâ billâ,  maksudna nalika urang menang bangbaluh,beban nu kacida berat sarta geus teu sanggup narimana, pasrahkeun eta urusan ka Allah, Insya Allah Allah nyalira nu bakal maparin pitulung ka urang, sabab memang manusa teu daya teu upaya anging ku ayana pertolongan allah.
Kitu deui ayeuna, Urang moal mungkin tiasa angkat ngalaksanakeun jum’at upama teu aya pitulung allah, hiji guru moal mungkin mampu ngajarkeun elmu upama teu aya pitulung allah, nu dameul teu mungkin mampu midameul pama teu aya pitulung allah, maka urang sebagai hamba teu kengeng ngarasa sombong ngarasa mampu, urang kedah sadar sagala rupa nu dilakukeun semata-mata ku ayana pitulung allah.

Wasiat kalima, ucapkeun perkara bener sok sanajan pait, maksudna paitna perkara bener ulah ngahalangan diri urang  nangtukeun bebeneran naha jang diri urang atawa jalma sejen, maka nu halal mesti halal nu haram musti haram, ulah nu haram disebut wenang, nu bid’ah disebut sunah, nu mungkar di sebut ma’ruf.

Wasiat kagenep maksadna, nalika berjuang di jalan Allah, ku cara kumaha bae tetep kedah  dugi sok sanajan bakal aya nu nolak,nu teu satuju atanapi nu nyela kana dugina dakwah, kana ajakan ngalaksanakeun amal sholeh.

Wasiat rasul nu terakhir, teu ngemis atawa menta-menta ka manusa sabab menta-menta hukum asalna eta haram, hiji muslim tetep kedah sakuat tanaga berusaha pikeun nutup kabutuh dirina jeng keluargana, nalika manusa tos berusaha, Allah swt nu bakal nulungna, nu ngabantuna,.. rasul ngadawuh hiji jalma nu hirupna menta-menta pikeun kapentingan jeng kabutuh pribadina lain pikeun pikeun kamaslahatan kaum muslimim, maka jaga di poe kiamah dirina datang bari wajahna eta jalma teu aya daging atawa kulit nu nempel dina rarayna.,sabab menta-menta/ngemis ngarupakeun perbuatan goreng, kecuali menta-menta pikeun kamaslahatan muslimin saperti menta-menta pikeun pembangunan masjid atawa pontren, pikeun biaya hidup budak yatim  ku cara ngadatangan jalma jalma nu kaya, lain ku perbuatan nu ngaruksak ngaran umat islam misalna menta-menta di sisi jalan. Eta sadaya wasiat nu tos didugikeun ku rasulullah ka abi dzar mugia tiasa dijanteun keun pelajaran sarta tiasa diamalkeun ku urang sadaya.

No comments:

Post a Comment