Tuesday, April 1, 2014

4 Ciri (Nu Layak) disebut Pengikut Nabi SAW



Sumangga urang taqwa ka Allah, ku ngalaksanakeun parentah oge nebihan larangan Allah, ngadegkeun amar ma’ruf nahi mungkar ku cara ngajaga diri, keluarga, jeng masyarakat tina sagala perbuatan jahat jeung maksiat,salawat salam mugi senantiasa terlimpah ka baginda rasulilah saw,keluarga oge sahabat, sareng urang sadaya  mugia kengeng safaat ti mantena.Dina raraga memperingati lahirna baginda rasulullah  saw, sumangga urang teungeutan hiji ayat qur’an surat al-fath ayat 29,
Muhamad, the rasul Allah jeung jalma-jalma nu babareungan  jeung anjeuna the keras ka jalma kafir, tapi saling pikaasih antara maranehna, katingali ku anjeun yen maranehna raruku jeung sarujud mihareup karunia jeung ridho Allah, jeung katembong ku anjeun tapak sujud dina rarayna.
Upama ayat ieu di wincik sarta di kaji, ngandung maksud yen nabi muhamad saw teh utusan Allah, secara fisik, anjeuna jalmi nu sami saperti urang, mung anu ngabenteunkeun nyaeta anjeuna tos kengeng hidayah Allah swt pikeun jadi tuladan jeung jandi panutan dina ajaranna oge risalahna,.
Saterasna ieu ayat nyebatkeun 4 ciri-ciri jalmi nu memang layak disebut  pengikut nabi muhamad saw, numutkeun ieu ayat ari ciri jalmi nu turut tumut ka anjeuna eta aya 4 ciri:
1.       Ciri kahiji Asyida’u Alal Kuffar
Pengikut Muhamad teh jalma-jalma nu keras ka jalma kafir, maksudna mibanda pendirian nu kuat, dina kaislamana dina kaimanan, keras dina harti kuat kayakinan, sakali Islam tetep Islam, Wujud keras ka jalma kafir lain dibuktikeun ku perang atawa merangan kafir secara fisik, keras ka jalma kafir nyaeta dimana maranehna ngagoyahkeun kaimanan maka omongkeun ka maranehna, lakum dinukum waliyadin, pikeun anjeun agama anjeun, kayakinan anjeun, pikeun kami Islam agama kami kayakinan kami. Keras ka kafir lain kasar, sabab jang naon urang kasar ka jalma-jalma kafir, mikangewa ka kafir, ngusir ka maranehna, samentara perbuatan-perbuatan kafir maranehna di turutan ku urang,

2.     Ciri kadua Ruhamaa’u Bainahum
Pengikut muhamad saw, senantiasa saling pikanyaah lain saling pikacinta, sabab cinta aya batesna, cinta terbatas ngan ukur nepika sosobatan, tapi nyaah moal teu kabates ku sobat atawa dulur, cinta cenderung kana nafsu, nyaah cenderung nimbulkeun sikap paduli, sikap hayang merhatikeun sasama manusa sejena, ari conto bentuk saling pikanyaah antara muslim jeung muslim nyaeta diwujudkeun ku kebersamaan, saling ngahargaan, saling ngajaga perasaan antara muslim jeung muslim.

3.       Ciri katilu  pengikut Muhamad Saw nyaeta Taroohum Ruka’an Sujjada
Hartosna ari pengikut nabi muhamad saw, senantiasa ruku senantiasa sujud, secara harfiah maksudna anu senantiasa ngalaksanakeun solat, maksud secara istilah nyaeta jalma-jalma nu senantiasa taat tunduk kana parentah Allah, kalayan hareupan taat jeung tundukna eta ngengengkeun karunia jeung ridhona Allah SWT, maka aranjeuna bakal senantiasa berusaha tiap waktu tiap renghap nafasna senantiasa taat dina sagala situasi jeung sagala kondisi bari dina tiap hal nu rek dilakukeun ku dirina minimalna dirina nanya kira-kirana mun kuring ngalakukeun ieu naha Allah ridho atawa heunteu?..

4.       Ciri kaopat pengikut nabi muhamad saw nyaeta Simaahum Fii Wujuuhihim Min Atsaris Sujud
Maksudna bakal katingal yen raray atawa wajah para pengikut nabi muhamad saw nu teguh imana, bijak dina bertindak jeung ngajaga kasucian hatena.
Maka tina panutup ieu hutbah, sumangga urang taros deui diri urang, kinteun-kinteuna naha tos panteus urang di angkeun sebagai pengikut umat muhammad, naha tos layak disebat jalmi nu turut tumut ka rasulullah? tina 4 ciri diluhur, mana sikap jeung ciri nu tos kapimilik oge mana nu teu acan tiasa diamalkeun?..Maka mugia Allah swt, maparin hidayah oge taofik sarta kakiatan jeung kemampuan ka urang sadaya leureus-leureus tiasa taat, turut tumut ka rasulullah sarta ngamilik 4 ciri umat rasulullah, nyaeta kiat Imana  lempeung aqidahna  bener ibadahna oge mikaasih sasama, Amin Ya robbal Alamin

Rugi..




لْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَنْزَلَ عَلَى عَبْدِهِ آيَاتٍ بَيِّنَاتٍ لِيُخْرِجَ النَّاسَ بِهَا مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّوْرِ. َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ
مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ. أَيـُّهَا النَّاسُ، اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ، يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ. أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ ,أَمَّا بَعْدُ؛
Melalui khutbah jumat ieu, khotib wasiat ka diri pribadi oge umajak ka jamaah sadaya sangkan urang sadaya senantiasa oge berusaha ngajaga jeung niingkatkeun kataqwaan ka Allah Taala, oge mugia Allah swt maparin kakiatan sangkan  tiasa istiqomah dina Islam.
Hadirin
Sastuna sakabeh manusa mikareup hirupna aya dina kauntungan di dunya, sabab ceuk anggapana mun hirupna untung, maka hirupna bakal bagja,.. manusa berusaha ngahindar tina karugian atawa tina perkara nu matak ngarugikeun dirina di ieu dunya,  sok padahal  Allah netepkeun yen teu sakabeh perkara nu di pikahayang ku manusa bisa terwujud, ku hal eta teu saalit manusa nu teu sabar dina narima qodho jeung qodarna Allah ka dirina,
Allah SWT, dina qur’an surat Al-Ashr ayat 2 nerangkeun Innal Insaana Lafii Husrin,. Saestuna sakabeh manusa aya dina karugian, maksud tina ieu ayat nu dimaksud rugi lain karugian dina perdagangan, lain rugi dina usaha jeng lainna, rugi anu hakiki nyaeta rugi dina agama sahingga rugi akheratna, rugi di dunya masih bisa diupayakeun jeung ditarekahan, tapi mun menang karugian di akherat ngakibatkeun kasangsaraan nu abadi nu salalawasna, maka meunpeung aya kesempatan waktu sumangga urang maksimalkeun ieu waktu kalayan sahade-hadena pikeun taat ka Allah swt.
Ari ciri-ciri jalma bakal menang karugian di akherat, numutkeun tafsir surat Al-Asr ayat dua nyeta: Diri nu ngalalaworakeun kesempetan migawe amal soleh, oge diri nu nganteup datanga kasempetan pikeun migawe amal soleh, nepika dirina teu dibere deui waktu ku Allah alias maot, maka nalika maot, amal hade nu dibeukeulna langkung alit tibatan amal gorengna, Padahal Allah Subhanahu wa Ta’ala  ngadawuh: Timbangan dina poe kiamat ngarupakeun timbangan kaadilan nu saadil-adilna maka saha bae nu nu amal hadena  lewih loba timatan amal gorengna maka eta hamba kaasup hamba nu untung, tapi saha bae nu amal gorengna  lewih berat tibatan amal hadean maka eta hamba kaasup hamba nu pang rugi-rugina, kituna the sabab dirina ingkar kana ayat-ayat kami.” (QS. Al-A’raf: 8-9), Tanda-tanda nu rugi di akherat saterusna nyaeta jalma-jalma nu sok ingkar dina jangji, jalma nu nyieun karusakan dimuka bumi, Jalma nu bakal rugi diakherat nyaeta nu sok nyebarkeun syubhat jeung ngagugu kana nafsu syahwat, kaasup jalma nu bakal rugi di akherat mun eta jalma nu taat ka jalma kafir oge kaasup rugi jeung bakal rugi di akherat pikeun hamba-hamba nu ibadahna ka Allah ngan ukur dina waktu dirina menang kauntungan wungkul atawa nalika dirina susah wungkul jeung kaasup rugi jeung bakal rugi di akherat  jalma nu teu bisa ibadah kulantaran kahalangan ku hartana.

Maka nu jadi pertarosan, kumaha atuh carana sangkan urang terhindar tina hirup rugi di akherat, jeung kumaha carana sangkan urang bisa menang kauntungan di akherat?
Jawaban nu gamblang sakumaha di jelaskeun dina surat Al-Ashr ayat 3 Illal ladziina amanu waamilusoolihati watawa soubil haki wattawa soubishobri, nyaeta nu bener-bener Iman jeung migawe amal soleh bari silih wasiatan dina bebeneran jeng kasabaran, beh dituna Allah swt negeskeun mun hirup hoyong aya dina kauntungan nu hakiki, untung di akherat jeung untung di dunya nyeta Iman yakin ka Allah SWt, Iman bari tumut ka Rasulullah, jihad fi sabilillah ku harta jeung jiwa, senantiasa maca qur’an jeng ngadeugkeun solat 5 waktu dibareungan ku ngadermakeun sabagian rijki nu aya di urang.
Mugia urang sadaya senantiasa aya dina hidayahna Allah Subhanahu wa Ta’ala  bari senantiasa dipaparin taufikna Allah pikeun beramal sesuai sareung aturan  Allah Subhanahu wa Ta’ala, Amin ya robbal alamin.

Saturday, November 16, 2013

7 Wasiat Rasulullah ka Abi Dzar


لْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَنْزَلَ عَلَى عَبْدِهِ آيَاتٍ بَيِّنَاتٍ لِيُخْرِجَ النَّاسَ بِهَا مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّوْرِ. َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ. أَيـُّهَا النَّاسُ، اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ، يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ. أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ ,أَمَّا بَعْدُ؛


Sagala puji kagungan allah nu maha endah, sahingga ku endahna eta urang sadaya betah di alam dunya, mugia urang sadaya dipaparin kasadaran rehna hirup di dunya sifatna sementara, mung ukur taqwa nu jadi jalan bagja dunya salamet aherat, solawat salam mugia terlimpah ka baginda rasulullah saw, khotib umajak ka diri oge wasiat ka hadirin mangga urang taqwa ka allah kalayan taqwa nu samistina.
Jamaah jumat rahimakumullah
Abu Dzar Radhiyallahu 'anhu, anjena nyanggeumkeun dina haditsna: “Rasulullah Shallallahu 'alaihi wa sallam wasiat ka kami  ku tujuh perkara:

1.    Pikanyaah ku anjeun jalma-jalma nu miskin
2.    Poma anjeun Ulah ningali ka jalma kaayaana lewih luhur tibatan anjeun,tapi tingali nu kaayaana sahandapeun anjeun
3.    Sambungkeun ku anjeun silaturahmi ka jalma-jalma lian sok sanajan aranjeuna kasar ka anjeun, ngamusuhan anjeun atawa ngajauhan anjeun.
4.    Lobakeun ku anjeun ngucapkeun lâ haulâ walâ quwwata illâ billâh
5.    Tepikeun bebeneran sok sanajan pait
6.    Tong ngarasa hina/ atawa sieun dicela dina nepikeun dakwah di jalan Allah
7.    Jaga diri anjeun tina ngemis atawa menta-menta  ka manusa
Hadits ieu shahîh. Diriwayatkan ku imam-imam ahlul-hadits,  Dishahîhkan ku Syaikh al-‘Allamah al-Imam al-Muhaddits Muhammad Nashiruddin al-Albâni rahimahullah dalam Silsilah al-Ahâdîts ash-Shahîhah.

Jamaah jum’at rahimakumullah
Ari Maksud wasiat kahiji, mikanyaah jalma-jalma nu miskin hartina  urang salaku muslim tetep kudu tawadhu, handap asor, someah ka nu miskin, nulungan bubutuhna nalang kasusahna, nalika urang ngabantu kana kasusahna, tangtos Allah bakal ngamudahkeun urang tina sagala urusan, bahkan kasusah jaga di poe kiamah oge balesan pahala nu teu aya bandingna. Rasulullah Shallallahu 'alaihi wa sallam ngadawuh : sing saha nu nulung hiji kasusah hiji muslim dina urusan dunyana, Allah bakal ngilangkeun hiji kasusahna dina poe kiamat. Rasulullah Shallallahu 'alaihi wa sallam oge ngadawuh: "jalma-jalma faqir kaum Muslimin bakal asup ka surga lewih tiheula samemeh jalma-jalma  nu kaya (ti kalangan kaum Muslimin) salila satengah poe, sabab lambatna jalma-jalma kaya asup ka surga ku ayana hisab harta-hartana nu kudu diitung/dipertanggungjawabken di payunen allah ajja wajalla.

Wasiat kadua,tingali jalma jalma nu kaayaan kahirupana/materina aya sahandapeun urang hartina sangkan urang senantiasa syukur kana nikmat nu tos dipaparinken allah ka diri urang, upama urang ningali kaboga batur, rejeki batur nu lewih tibatan urang, maka nikmat nu kumaha bae nu aya diurang moal karasa nikmatna, sedengkeun dina masalah agama, kataatan, taqorub  diri ka Allah, ngaraih pahala jeng surga, maka sakedahna urang ningali ka jalma nu saluhureun urang nyaeta jalma-jalma jujur, syuhada, ulama, jalma-jalma nu soleh .

Wasiat katilu sambungkeun silaturahmi sok sanajan jalma nu di silaturahmiana kasar ka anjeun. Silaturahmi nu hakiki lain nyambungkeun hubungan hade jeng jalma nu geus hade, silaturahmi nu hakiki nyaeta nyambungkeun hubungan duduluran nu pernah ruksak atawa putus, sarta nyieun kahadean ka dulur nu geus jahat ka diri urang. Silaturahmi ka sepuh (ibu/bapa) wajib hukumna, mutuskeun silaturahmi jeung nu jadi kolot doraka jeng dosa gede hukumna. Ku silaturahmi, Allah bakal ngalapangkeun rezeki jeung manjangkeun umur, mutuskeun silaturahmi Allah bakal nyempitkeun  rejeki sarta ngilangkeun kaberkah dina hartana.

Jamaah jum’at rahimakumullah
Wasiat kaopat, seuerkeun ngucap lâ haulâ wa lâ quwwata illâ billâ,  maksudna nalika urang menang bangbaluh,beban nu kacida berat sarta geus teu sanggup narimana, pasrahkeun eta urusan ka Allah, Insya Allah Allah nyalira nu bakal maparin pitulung ka urang, sabab memang manusa teu daya teu upaya anging ku ayana pertolongan allah.
Kitu deui ayeuna, Urang moal mungkin tiasa angkat ngalaksanakeun jum’at upama teu aya pitulung allah, hiji guru moal mungkin mampu ngajarkeun elmu upama teu aya pitulung allah, nu dameul teu mungkin mampu midameul pama teu aya pitulung allah, maka urang sebagai hamba teu kengeng ngarasa sombong ngarasa mampu, urang kedah sadar sagala rupa nu dilakukeun semata-mata ku ayana pitulung allah.

Wasiat kalima, ucapkeun perkara bener sok sanajan pait, maksudna paitna perkara bener ulah ngahalangan diri urang  nangtukeun bebeneran naha jang diri urang atawa jalma sejen, maka nu halal mesti halal nu haram musti haram, ulah nu haram disebut wenang, nu bid’ah disebut sunah, nu mungkar di sebut ma’ruf.

Wasiat kagenep maksadna, nalika berjuang di jalan Allah, ku cara kumaha bae tetep kedah  dugi sok sanajan bakal aya nu nolak,nu teu satuju atanapi nu nyela kana dugina dakwah, kana ajakan ngalaksanakeun amal sholeh.

Wasiat rasul nu terakhir, teu ngemis atawa menta-menta ka manusa sabab menta-menta hukum asalna eta haram, hiji muslim tetep kedah sakuat tanaga berusaha pikeun nutup kabutuh dirina jeng keluargana, nalika manusa tos berusaha, Allah swt nu bakal nulungna, nu ngabantuna,.. rasul ngadawuh hiji jalma nu hirupna menta-menta pikeun kapentingan jeng kabutuh pribadina lain pikeun pikeun kamaslahatan kaum muslimim, maka jaga di poe kiamah dirina datang bari wajahna eta jalma teu aya daging atawa kulit nu nempel dina rarayna.,sabab menta-menta/ngemis ngarupakeun perbuatan goreng, kecuali menta-menta pikeun kamaslahatan muslimin saperti menta-menta pikeun pembangunan masjid atawa pontren, pikeun biaya hidup budak yatim  ku cara ngadatangan jalma jalma nu kaya, lain ku perbuatan nu ngaruksak ngaran umat islam misalna menta-menta di sisi jalan. Eta sadaya wasiat nu tos didugikeun ku rasulullah ka abi dzar mugia tiasa dijanteun keun pelajaran sarta tiasa diamalkeun ku urang sadaya.

Friday, November 8, 2013

4 Makna Hijrah


لحَمدُ ِللهِ الَّذِيْ سَهَّلَ لِلعِبَادِ طَرِيْقَ العِبَادَةِ وَيَسَّرَ، وَوَفَّاهُمْ أُجُوْرَأَعمَالِهِم مِن خَزَائِنِ جُودِهِ الَّتِي لاَ تُحصَرُ،  أَشهَدُ أَنْ لآإِلهَ إِلاَّ اللهُ المَلِكُ الأَكبَرُ، وَأَشهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبدُهُ وَرَسُولُهُ الشَّافِعُ فِى المَخشَرِ، نَبِيٌّ غَفَرَ اللهُ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنبِه وَمَا تَأَخَّرَ، أَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى نُورِالأَنوَارِوَسِرِّالأَسرَارِ وَتِريَاقِ الأَغيَارِ وَمِفتَاحِ بَابِ اليَسَارِسَيِّدِنَا مُحَمَّدِنِ المُختَارِ  وَألِهِ الأَخيَارِ وَأصحَابِهِ الأطهَارِ عَدَدَ نِعَمِ اللهِ وَإِفضَالِهِ .أَمَّابَعدُ فَيَاعِبَادَ اللهِ أُوصِيكُم وَإِيَّايَ بِتَقوَى اللهِ حَقَّ تُقَاتِه وَافعَلُوا الخَيرَ وَاترُكُوا الشَّرَّ


Saparantosna ngucap syukur ka Allah swt, sholawat salam mugia urang sangakeun ka junjunan panutan alam sayidina wahabibana muhamad saw, khotib wasiat ka diri oge ka hadirin sangkan ningkatkeun taqwa bari mihareup sarta neda ka Allah, mugia Allah swt ridho sarta nampi sadaya amal ibadah,

Hadirin Jamaah Jum’ah nu dimulyakeun Allah.
Jum’at ieu ngarupakeun jum’at wiwitan dina tahun baru hijriah, tahun baru hijriah dikawitan dina bulan muharam, bulan muharam ngarupakeun permulaan kalender hijriah, maka ku ayana tahun baru hijriah, tos sakedahna urang seueur tafakur oge muhasabah diri, bahwa ku tambahna bilangan umur ngandung harti ngurangan jatah umur urang, ku tambahna bilangan tahun hakekatna kasempetan hirup urang  tos kurang.

Allah swt, nyiptakeun urang lahir sarta hirup di ieu dunya teu aya lain kalayan maksud pikeun ibadah ka mantena, hirup di ieu dunya aya akhirna, moal aya saurang oge diantara hadirin nu bakal hirup salamina,sadayana nunggu giliran, sadayana nunggu panggilan, dunya saestuna ngan ukur tempat urang nyimpang, dunya saestuna ngan ukur tempat pikeun reureuh  sementara, pangbalikan urang nu saestuna nyaeta kampung akherat, hiji tempat nu abadi, hiji tempat dimana sagala amal di perhitungkeun, kinten-kintena amal naon nu bakal dibawa engke, kinten-kintena tos cukup bekel kange urang engke, maka ku hal eta hadirin, meungpeung masih aya umur, meunpeung masih aya kasempetan, meungpeung sehat tos sakedahna urang selaku hiji muslim nu mumin ngamanfaatkeun hirup ieu kalayan hade pikeun dijadikeun sarana nuju kahirupan di akherat, jeung ari bekel nu paling hade pikeun akherat, lain harta,pangkat,gelar,jabatan atawa sejena, bekel nu hade pikeun akherat nyaeta ngan ukur taqwa,

“prak geura beubeukelan, saestuna sahade-hadena bekeul iwal taqwa, maka kudu taqwa anjeun ka kami wahai jalma-jalma nu boga akal

Hadirin Jamaah Jum’ah nu dimulyakeun Allah.
Taqwa nurutkeun Ar-Rafi’i dina Al-Mishbahul Munir Fi Gharibisy Syahril Kabir, taqwa nyaeta dimana-mana hiji hamba ngajaga diri tina benduna Allah jeung siksana eta disebut taqwa, ku cara ngalaksanakeun sagala parentah Allah jeung nebihan satiap perkara nu di larang Allah, kituna teh kusabab dirina iman.

 Takwa dina Qur’an ngawengku 3 makna, 1) tqwa teh sieun ku Allah,2) taqwa teh taat dina ibadah, 3). Taqwa teh senantiasa mersihkeun dirina tina dosa ku maka dimana-mana hadirin tos tiasa ngalakukeun 3 hal tadi, maka layak disebut muttaqin, nyaeta hamba nu enya-enya dina kataatan secara total, taat dina perkara wajib, taat dina perkara sunat, ninggalkeun dosa badag, ninggakeun maksiat alit, jeung hamba nu ninggalkeun sagala perbuatan nu teu manfaat jeung perbuatan sejena nu matak ngajadikeun dirina ninggalkeun kataatan ka Allah swt atawa nu matak ngadongkapkeun benduna Allah.

Maka ku sumpingna tahun baru hijriah, atawa hijrah ieu, nu hartina ninggalkeun nu goreng diganti nu hade. Maka sumangga urang tinggalkeun perbuatan kufur ku iman, tinggalkeun syirik ku tauhid, tinggalkeun kabiasaan poho kana nikmat, ku syukur nikmat, tinggalkeun kabiasaan nuang rejeki nu haram ku halalan toyiban, tinggalkeun dendam nu bisa ngaruksak iman ku Islah, tinggalkeun sifat jeung sikap nu matak Allah benci gentos ku perbuatan nu matak Allah cinta, meunpeung masih aya waktu, meunpeung masih dipaparin kasempetan.
Maka dina raraga ngeusi taun baru hijriah ieu, minimalna aya 4 hal nu sakedahna kuurang dilakukeun:

Jadikeun ieu taun sebagi hijrah ‘Aqadiyah, nyaeta hiji tekad ngan ukur nyembah Allah/ ngan ukur ibadah ka Allah, bari teu ngajadikeun padameulan atawa usaha urang boh dina nyiar rejeki atawa dina sejena jadi panghalang dina ibadah ka Allah, minimalna sing emut ari nu ngarijkian teh ngan ukur Allah, jeung poma ulah ngajadikeun harta/jabatan atawa pangkat jadi hahalang dina ibadah ka Allah.

Jadikeun ieu taun sebagai Hijrah Ta’abbudiyah Nyaeta ninggalkeun hiji tekad /anggapan yen ibadah teh beban, Ibadah teh cape, jst. Sabab ibadah kawajiban ka urang selaku muslim, jeung eta tujuan diciptana manusa ka alam dunya.

Jadikeun ieu taun sebagai Hijrah Akhlaqiyah Nyeta perubahan laku lampah, lahirna jeung bathina, tina perilaku goreng ganti ku prilaku hade,

Jadikeun ieu taun sebagai Hijrah Usrawiyah, nyaeta hiji tekad ngarubah keluarga, sangkan jadi keluarga nu taat, keluarga nu soleh, keluarga nu mibanda ahlak nu hade, nu asih ka sasama, sabab mun gagal ngawangun keluarga, mun gagal ngabina keluarga, mun gagal dina mere conto ka keluarga, maka bakal gagal dina kahirupan bermasyaraktna jeung bakal gagal lingkungana.

Jadikeun ieu taun baru hijriah sebagai Hijrah Ijtima’iyah. Hiji tekad ti umat pikeun sasareungan ngalakukeun perubahan-perubahan nu hade dimasyarakat, nyeta perubahan nu  manfaat pikeun kahirupan jamaahna.

Intina, jadikeun hijrah atawa hijriah taun ieu, sebagai minal ma’ashi ilal tho’ah”, yakni ninggalkeun sagala kamaksiatan menuju taat, oge “minas syayyiati ilal hasanat”, yakni perjalanan ninggalkeun perbuatan goreng, menuju perbuatan-perbuatan nu hade, nu dipkaridho ku Allah swt.


أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ. فَاسْتَغْفِرُوْهُ، إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ