Tuesday, April 1, 2014

4 Ciri (Nu Layak) disebut Pengikut Nabi SAW



Sumangga urang taqwa ka Allah, ku ngalaksanakeun parentah oge nebihan larangan Allah, ngadegkeun amar ma’ruf nahi mungkar ku cara ngajaga diri, keluarga, jeng masyarakat tina sagala perbuatan jahat jeung maksiat,salawat salam mugi senantiasa terlimpah ka baginda rasulilah saw,keluarga oge sahabat, sareng urang sadaya  mugia kengeng safaat ti mantena.Dina raraga memperingati lahirna baginda rasulullah  saw, sumangga urang teungeutan hiji ayat qur’an surat al-fath ayat 29,
Muhamad, the rasul Allah jeung jalma-jalma nu babareungan  jeung anjeuna the keras ka jalma kafir, tapi saling pikaasih antara maranehna, katingali ku anjeun yen maranehna raruku jeung sarujud mihareup karunia jeung ridho Allah, jeung katembong ku anjeun tapak sujud dina rarayna.
Upama ayat ieu di wincik sarta di kaji, ngandung maksud yen nabi muhamad saw teh utusan Allah, secara fisik, anjeuna jalmi nu sami saperti urang, mung anu ngabenteunkeun nyaeta anjeuna tos kengeng hidayah Allah swt pikeun jadi tuladan jeung jandi panutan dina ajaranna oge risalahna,.
Saterasna ieu ayat nyebatkeun 4 ciri-ciri jalmi nu memang layak disebut  pengikut nabi muhamad saw, numutkeun ieu ayat ari ciri jalmi nu turut tumut ka anjeuna eta aya 4 ciri:
1.       Ciri kahiji Asyida’u Alal Kuffar
Pengikut Muhamad teh jalma-jalma nu keras ka jalma kafir, maksudna mibanda pendirian nu kuat, dina kaislamana dina kaimanan, keras dina harti kuat kayakinan, sakali Islam tetep Islam, Wujud keras ka jalma kafir lain dibuktikeun ku perang atawa merangan kafir secara fisik, keras ka jalma kafir nyaeta dimana maranehna ngagoyahkeun kaimanan maka omongkeun ka maranehna, lakum dinukum waliyadin, pikeun anjeun agama anjeun, kayakinan anjeun, pikeun kami Islam agama kami kayakinan kami. Keras ka kafir lain kasar, sabab jang naon urang kasar ka jalma-jalma kafir, mikangewa ka kafir, ngusir ka maranehna, samentara perbuatan-perbuatan kafir maranehna di turutan ku urang,

2.     Ciri kadua Ruhamaa’u Bainahum
Pengikut muhamad saw, senantiasa saling pikanyaah lain saling pikacinta, sabab cinta aya batesna, cinta terbatas ngan ukur nepika sosobatan, tapi nyaah moal teu kabates ku sobat atawa dulur, cinta cenderung kana nafsu, nyaah cenderung nimbulkeun sikap paduli, sikap hayang merhatikeun sasama manusa sejena, ari conto bentuk saling pikanyaah antara muslim jeung muslim nyaeta diwujudkeun ku kebersamaan, saling ngahargaan, saling ngajaga perasaan antara muslim jeung muslim.

3.       Ciri katilu  pengikut Muhamad Saw nyaeta Taroohum Ruka’an Sujjada
Hartosna ari pengikut nabi muhamad saw, senantiasa ruku senantiasa sujud, secara harfiah maksudna anu senantiasa ngalaksanakeun solat, maksud secara istilah nyaeta jalma-jalma nu senantiasa taat tunduk kana parentah Allah, kalayan hareupan taat jeung tundukna eta ngengengkeun karunia jeung ridhona Allah SWT, maka aranjeuna bakal senantiasa berusaha tiap waktu tiap renghap nafasna senantiasa taat dina sagala situasi jeung sagala kondisi bari dina tiap hal nu rek dilakukeun ku dirina minimalna dirina nanya kira-kirana mun kuring ngalakukeun ieu naha Allah ridho atawa heunteu?..

4.       Ciri kaopat pengikut nabi muhamad saw nyaeta Simaahum Fii Wujuuhihim Min Atsaris Sujud
Maksudna bakal katingal yen raray atawa wajah para pengikut nabi muhamad saw nu teguh imana, bijak dina bertindak jeung ngajaga kasucian hatena.
Maka tina panutup ieu hutbah, sumangga urang taros deui diri urang, kinteun-kinteuna naha tos panteus urang di angkeun sebagai pengikut umat muhammad, naha tos layak disebat jalmi nu turut tumut ka rasulullah? tina 4 ciri diluhur, mana sikap jeung ciri nu tos kapimilik oge mana nu teu acan tiasa diamalkeun?..Maka mugia Allah swt, maparin hidayah oge taofik sarta kakiatan jeung kemampuan ka urang sadaya leureus-leureus tiasa taat, turut tumut ka rasulullah sarta ngamilik 4 ciri umat rasulullah, nyaeta kiat Imana  lempeung aqidahna  bener ibadahna oge mikaasih sasama, Amin Ya robbal Alamin

No comments:

Post a Comment