اَلْحَمْدُ ِللّهِ الْعَلِيْمِ الْقَدِيْرِ اَشْهَدُ أَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ
اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ هُوَ اللَّطِيْفُ الْخَبِيْرُ وَأَشْهَدُ اَنَّ
مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْبَشِيْرُ النَّذِيْرُ وَالسِّرَاجُ
الْمُنِيْرُ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ
وَعَلى ألِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ وَاِلى اللهِ الْمَصِيْرُ.
اَمَّابَعْدُ فَيَاعِبَادَ اللهِ اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ
فَازَالْمُتَّقُوْنَ
Hadirin
jamaah jum’ah rahimakumullah
Diantara ciri
jalma taqwa nyaeta percaya sarta yakin kana ayana alam ghaib, alam kubur ngarupakeun sebagian conto perkara-perkara ghaib. Hiji muslim wajib iman
yen azab kubur teh aya, kitu deui perkara maut
eta hak jeng nyata, Allah ngadawuh :
Innalloha indahu
ilmusaaah,wayunajilul goisa,wa ya;lamu maa fil arhaam,Wamma tadry nafsun maa da
taksibu goda,wamaa tadry nafsun biayyi ardin tamuut,
Saestuna Allah anu
uninga iraha mangsana kiamat,sarta Allah nu nurunkeun hujan tur mantena anu
uninga kanu masih aya dina rahim,Teu apal hiji jiwa naon pagawean manehna
isukan,jeung teu apal hiji jiwa dimana manehna maot.
Ari Hirup eta ibarat
lilin,hurungna ngan sakedap, ungal menit leeh ngurangan, laun-laun seep
caangna.Beuki lila, jatah umur ngirangan,sabaraha taun sabaraha jeng sabaraha bulan deui sesa umur urang didunya moal
aya nu terang. ,hakekatna kahirupan manusa teu aya ahirna,sok sanajan urang
tilar dunya saestuna eta teh pintu kahirupan nu anyar nu moal aya ahirna,tangtosna
pikeun ngabalitungkeun hasil amal salami hirup di alam dunya.
Manusa moal bisa nambahan umur didunya,margi Allah SWT tos nangtukeun patokan,sarta netepkeun sakumaha dawuhanana : Rabbi laula ahortani ilaa ajalin korib,paasodako waakumminasolihiin.Walayuahirollohu nafsan ida jaa’a ajaluha,wallohu hobiirum bima ta’lamun. Nun Gusti pangeran abdi mugi gusti masihan waktu ka abdi sakedap deui,sangkan abdi tiasa sodakoh sarta kaasup jadi jalma sholeh. Allah moal masihan deui tempo/waktu,saupama datang waktu kudu ajal,Allah nu maha uninga kana naon-naon anu ku aranjeun diparigawe. (almunafiqun ayat 10-11)
Manusa moal bisa nambahan umur didunya,margi Allah SWT tos nangtukeun patokan,sarta netepkeun sakumaha dawuhanana : Rabbi laula ahortani ilaa ajalin korib,paasodako waakumminasolihiin.Walayuahirollohu nafsan ida jaa’a ajaluha,wallohu hobiirum bima ta’lamun. Nun Gusti pangeran abdi mugi gusti masihan waktu ka abdi sakedap deui,sangkan abdi tiasa sodakoh sarta kaasup jadi jalma sholeh. Allah moal masihan deui tempo/waktu,saupama datang waktu kudu ajal,Allah nu maha uninga kana naon-naon anu ku aranjeun diparigawe. (almunafiqun ayat 10-11)
Hadirin
Mung
amal sholeh di dunya ieu,nu yakin bakal marengan urang tur nulungan urang jaga.
Dina mangsa urang keur sakaratul maot,ukur ceurik jeung kasedih kulawarga nu
bisa dibuktikeun,saupama geus ngalonjor ngababatang,ukur dianter ka kubur bari
dibarengan du’a,saparantosna kitu urang dikantunkeun cunggelik sorangan pikeun
narima patakonan malaikat.Kacinta jeung kanyaah kulawarga,bumelana sobat jeung
baraya,aya watesna semet di dunya,
Pon
kitu deui harta nu dibela,gening mimiti urang teu damang oge karasa tos
ngajauhan,janteun naon atuh nu bakal jadi batur tur nu bakal nulungan
urang,sarta saha nu bakal jadi batur urang, saupami urang tos kayaan sapertos
kitu,walerana tangtosna mung amal anu sholeh,anu hade,nu dikarido ku allah swt.
Aholaa’u bnu aadam salasatun,waahidun
yaba’uhu ila qobdi ruhihi,wasani ila qobrihi,wasaalis ila mahsarihi,palladi
yatbauhu ila qodi ruhihi pahuwa maaluhu,palladi yatba’uhu ila qobrihi pahuwa
ahluhu,palladi yatba’uhu ila mahsarihi pahuwa amaluhu.
Nu
jadi batur sakabeh anak adam teh aya tilu,kahiji batur nepi ka waktu
sakarat,dua batur nepi ka kuburan,tilu batur nepi ka mahsar.Anapon dulur atawa
batur nepi ka waktu sakarat nyeta harta,batur nu nepi pakuburan atawa astana
nyeta kulawargana,anu katilu batur nu terus nepi ka alam mahsar nyaeta amalna
(HR Muslim).
Hadirin
Saestuna
nalika ruh niggalkeun jasad, maka tilangit kakuping panggero hei pulan, naha
anjeun ninggalkeun dunya, atawa memang dunya nu ninggalkeun anjeun? naha bener
anjen nu numpuk numpuk dunya atawa anjeun ditumpukkan ku dunya?
Nalika
mayit digolerkeun kaping panggero hei pulan,... dimana awak anjeun nu baheulana
kuat, naha ayeuna lemah teu walakaya? mana lisan anjeun nu sakitu pertentang
naha ayeuna pireu teu bisa ngucap? Mana sobat-sobat anjeun nu baheula satia satuhu
ka anjeun, naha ayeuna maranehna naringgalkeun anjeun?
Nalika
mayit siap-siap dibungkus kain kafan kakuping deui ku simayit panggero ti
langit... wahai pulan...bagja anjeun upama anjeun hirup bareng jeung ridho,
cilaka anjeun pama anjeun hirup hirup baheula jeng bendu na pangeran,..
Wahai
fulan ..ayeuna anjeun aya di hiji perjalanan nu jauh tanpa bekel, jeung anjeun
moal balik deui ka imah anjeun salilana...anjeun oge bakal ditanya ku rupa-rupa
pertanyaan...
Nalika
janazah di gotong rek disolatkeun kakuping ti langit panggero wahai fulan,bagja
anjeun upama amal anjeun kahadean,...bagja anjeun pama samemeh maot anjeun
anjeun tobat,...bagja anjeun pama hirup anjeun pinuh ku taat.
Nalika
mayit disolatan,...kakuping panggero ti langit wahai pulan., tiap amal anjeun
anjeun bakal ninggali hasilna,... amal hade dibales hade kitu deui amal goreng nu
ku anjeun dilakukeun maka anjeun ge bakal narima balesan goreng....
Nalika
mayit di asupkeun kana liang lahat kakuping soanten ti langit, hei fulan naon
nu geus ku anjeun disiapkeun nalika anjeun di dunya? pikeun batur anjeun ayeuna
di jero kubur nu rupek tur poek ieu. ?
Hei
fulan .... baheula di dunya anjeun gumbira,naha ayeuna di jero taneuh anjeun
nalangsa?
Nalika
nu nganteur ka kubur ninggalkeun, Allah ngadawuh wahei hamba kami.... ayeuna
anjeun cunggelik sorangan, teu garwa teu baraya, teu anak teu incu nu daek
maturan anjeun, cicing di tempat rupeuk jeung poek ieu, padahal gara-gara maranehna
anjeun wani ngalanggar aturan kami, anjeun wani migawe dosa ka kami........maka
poe ieu,.. poe
ieu pisan kami bakal ningalikeun kanyaah maha rohman, nu bisa ngelehkeun
nyaahna hiji indung kanu jadi anakna,...Ya ayuhan nafsul mutmainnah irji’ii
illa robiki rodiyatam mardiyah fadkhuli fii ibadi wadhulii jannaty... hai hamba kami... nu tenang nu nu ridho...
geura asup kana jamaah kami,...pek geura asup kana surga kami....
Teu
aya nu apal, iraha, dimana jeung kumaha urang panggih jeung maout, ku hal eta sumangga,urang
eusi jatah umur,ku amal nu dipikaridho ku Allah,mangga tebihan saniskanteun
amal nu matak benduna Allah, tiap saat, tiap kasempetan,sangkan kalebet jalmi nu
sholeh nu bakal bagja sarta kalebet kana ahli surga. Amin ya robbal alamin.
أَقُولُ قَوْ لِي هَذَا
وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُورُ الرَّحِيْم
Mugia manfaat...
ReplyDeleteMudah mudahan alloh maparin ka barokahan,kana umur,rizki sarta kulawarga salira.......
ReplyDelete