Sunday, November 3, 2013

Perjalanan Manusa Nalika Maot.. (Bag.1)




اَلْحَمْدُ ِللّهِ الْعَلِيْمِ الْقَدِيْرِ اَشْهَدُ أَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ هُوَ اللَّطِيْفُ الْخَبِيْرُ وَأَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْبَشِيْرُ النَّذِيْرُ وَالسِّرَاجُ الْمُنِيْرُ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ وَعَلى ألِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ وَاِلى اللهِ الْمَصِيْرُ. اَمَّابَعْدُ فَيَاعِبَادَ اللهِ اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَالْمُتَّقُوْنَ
Hadirin jamaah jum’ah rahimakumullah
Diantara ciri jalma taqwa nyaeta percaya sarta yakin kana ayana alam ghaib, alam kubur ngarupakeun sebagian conto perkara-perkara ghaib. Hiji muslim wajib iman yen azab kubur teh aya, kitu deui perkara maut eta hak jeng nyata, Allah ngadawuh :
Innalloha indahu ilmusaaah,wayunajilul goisa,wa ya;lamu maa fil arhaam,Wamma tadry nafsun maa da taksibu goda,wamaa tadry nafsun biayyi ardin tamuut,

Saestuna Allah anu uninga iraha mangsana kiamat,sarta Allah nu nurunkeun hujan tur mantena anu uninga kanu masih aya dina rahim,Teu apal hiji jiwa naon pagawean manehna isukan,jeung teu apal hiji jiwa dimana manehna maot.

Ari Hirup eta ibarat lilin,hurungna ngan sakedap, ungal menit leeh ngurangan, laun-laun seep caangna.Beuki lila, jatah umur ngirangan,sabaraha taun sabaraha jeng  sabaraha bulan deui sesa umur urang didunya moal aya nu terang. ,hakekatna kahirupan manusa teu aya ahirna,sok sanajan urang tilar dunya saestuna eta teh pintu kahirupan nu anyar nu moal aya ahirna,tangtosna pikeun ngabalitungkeun hasil amal salami hirup di alam dunya. 

Manusa moal bisa nambahan umur didunya,margi Allah SWT tos nangtukeun patokan,sarta netepkeun sakumaha dawuhanana : Rabbi laula ahortani ilaa ajalin korib,paasodako waakumminasolihiin.Walayuahirollohu nafsan ida jaa’a ajaluha,wallohu hobiirum bima ta’lamun. Nun Gusti pangeran abdi mugi gusti masihan waktu ka abdi sakedap deui,sangkan abdi tiasa sodakoh sarta kaasup jadi jalma sholeh. Allah moal masihan deui tempo/waktu,saupama datang waktu kudu ajal,Allah nu maha uninga kana naon-naon anu ku aranjeun diparigawe. (almunafiqun ayat 10-11)

Hadirin
Mung amal sholeh di dunya ieu,nu yakin bakal marengan urang tur nulungan urang jaga. Dina mangsa urang keur sakaratul maot,ukur ceurik jeung kasedih kulawarga nu bisa dibuktikeun,saupama geus ngalonjor ngababatang,ukur dianter ka kubur bari dibarengan du’a,saparantosna kitu urang dikantunkeun cunggelik sorangan pikeun narima patakonan malaikat.Kacinta jeung kanyaah kulawarga,bumelana sobat jeung baraya,aya watesna semet di dunya,

Pon kitu deui harta nu dibela,gening mimiti urang teu damang oge karasa tos ngajauhan,janteun naon atuh nu bakal jadi batur tur nu bakal nulungan urang,sarta saha nu bakal jadi batur urang, saupami urang tos kayaan sapertos kitu,walerana tangtosna mung amal anu sholeh,anu hade,nu dikarido ku allah swt. Aholaa’u bnu aadam salasatun,waahidun yaba’uhu ila qobdi ruhihi,wasani ila qobrihi,wasaalis ila mahsarihi,palladi yatbauhu ila qodi ruhihi pahuwa maaluhu,palladi yatba’uhu ila qobrihi pahuwa ahluhu,palladi yatba’uhu ila mahsarihi pahuwa amaluhu.

Nu jadi batur sakabeh anak adam teh aya tilu,kahiji batur nepi ka waktu sakarat,dua batur nepi ka kuburan,tilu batur nepi ka mahsar.Anapon dulur atawa batur nepi ka waktu sakarat nyeta harta,batur nu nepi pakuburan atawa astana nyeta kulawargana,anu katilu batur nu terus nepi ka alam mahsar nyaeta amalna (HR Muslim).

Hadirin
Saestuna nalika ruh niggalkeun jasad, maka tilangit kakuping panggero hei pulan, naha anjeun ninggalkeun dunya, atawa memang dunya nu ninggalkeun anjeun? naha bener anjen nu numpuk numpuk dunya atawa anjeun ditumpukkan ku dunya?

Nalika mayit digolerkeun kaping panggero hei pulan,... dimana awak anjeun nu baheulana kuat, naha ayeuna lemah teu walakaya? mana lisan anjeun nu sakitu pertentang naha ayeuna pireu teu bisa ngucap? Mana sobat-sobat anjeun nu baheula satia satuhu ka anjeun, naha ayeuna maranehna naringgalkeun anjeun?

Nalika mayit siap-siap dibungkus kain kafan kakuping deui ku simayit panggero ti langit... wahai pulan...bagja anjeun upama anjeun hirup bareng jeung ridho, cilaka anjeun pama anjeun hirup hirup baheula jeng bendu na pangeran,..

Wahai fulan ..ayeuna anjeun aya di hiji perjalanan nu jauh tanpa bekel, jeung anjeun moal balik deui ka imah anjeun salilana...anjeun oge bakal ditanya ku rupa-rupa pertanyaan...

Nalika janazah di gotong rek disolatkeun kakuping ti langit panggero wahai fulan,bagja anjeun upama amal anjeun kahadean,...bagja anjeun pama samemeh maot anjeun anjeun tobat,...bagja anjeun pama hirup anjeun pinuh ku taat.

Nalika mayit disolatan,...kakuping panggero ti langit wahai pulan., tiap amal anjeun anjeun bakal ninggali hasilna,... amal hade dibales hade kitu deui amal goreng nu ku anjeun dilakukeun maka anjeun ge bakal narima balesan goreng....

Nalika mayit di asupkeun kana liang lahat kakuping soanten ti langit, hei fulan naon nu geus ku anjeun disiapkeun nalika anjeun di dunya? pikeun batur anjeun ayeuna di jero kubur nu rupek tur poek ieu. ?

Hei fulan .... baheula di dunya anjeun gumbira,naha ayeuna di jero taneuh anjeun nalangsa?

Nalika nu nganteur ka kubur ninggalkeun, Allah ngadawuh wahei hamba kami.... ayeuna anjeun cunggelik sorangan, teu garwa teu baraya, teu anak teu incu nu daek maturan anjeun, cicing di tempat rupeuk jeung poek ieu, padahal gara-gara maranehna anjeun wani ngalanggar aturan kami, anjeun wani migawe dosa ka kami........maka poe ieu,.. poe ieu pisan kami bakal ningalikeun kanyaah maha rohman, nu bisa ngelehkeun nyaahna hiji indung kanu jadi anakna,...Ya ayuhan nafsul mutmainnah irji’ii illa robiki rodiyatam mardiyah fadkhuli fii ibadi wadhulii jannaty...  hai hamba kami... nu tenang nu nu ridho... geura asup kana jamaah kami,...pek geura asup kana surga kami....  

Teu aya nu apal, iraha, dimana jeung kumaha urang panggih jeung maout, ku hal eta sumangga,urang eusi jatah umur,ku amal nu dipikaridho ku Allah,mangga tebihan saniskanteun amal nu matak benduna Allah, tiap saat, tiap kasempetan,sangkan kalebet jalmi nu sholeh nu bakal bagja sarta kalebet kana ahli surga. Amin ya robbal alamin.

أَقُولُ قَوْ لِي هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُورُ الرَّحِيْم

2 comments:

  1. Mudah mudahan alloh maparin ka barokahan,kana umur,rizki sarta kulawarga salira.......

    ReplyDelete