Saturday, November 2, 2013

Tilu Amalan hade




اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَ نَبِيَّ بَعْدَهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ. أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا عِبَادَ اللهِ، أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَالَ اللهُ تَعَالَى: يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ.

Sagala puji kagungan Allah,Ajja Wajalla,Sholawat salam urang sangakeun ka KN Muhammad saw,khotib wasiat ka diri oge ka hadirin, janteunkeun taqwa bekel ngahontal ridho Allah swt oge jaga taqwa ku ninggalekun sagala larangan Allah taala,laksanakeun sagala parentah Allah swt.

Hadirin
Tiap saat urang nyorang perputaran waktu nu disebut siang jeung weungi.Kitu deui dina kahirupan, urang bakal pendak jeung bungah sarta pendak jeng susah,hirup kadang dipuji kadang dicaci, kadang aya pikaseurieun kadang pikacerikeun,eta perkara terus bergilir,maka teu menang ngahareupkeun aya kaabadian dina perjalanan hirup urang,dina kondisi kumaha bae,urang ulah goyah,urang kedah tegar mayunan rintangan sarta tabah dina nyangharepan hahalang,3 hal nu kedah kapimilik,3 hal nu kedah dilakukeun,jantenken hiji prinsip sarta jadikeun sebage amalan kahirupan.ari amalan kahirupan nu hade di dunya eta aya 3 nyaeta:

1.   Istiqomah.Hartina kukuh dina akidah jeng tuhu dina ibadah.
ku pentingna istiqomah,rasulullah saw ngaamanatkeun dina hiji hadits: ucapkeun anjeun iman ka Allah terus anjen istiqomah.Hamba nu istiqomah senantiasa kukuh dina akidahna,teu goyah iman sanajan hirupna kurang,diri susah angger ibadah,dicaci dipuji angger bakti ka gusti robbul ijati,dipaparin kanikmatan angger teu kagoda milampah kamaksiatan.


Upama tiasa istiqomah dina ibadah,maka Allah bakal maparin surga, samentara dina hirup, hamba nu istiqomah bakal dipaparin sifat teuneng jeng ludeng, moal hariwang teu bias tuang,moal hariwang teu bisa hirup,hamba istiqomah ditebihkeun tina kasieun jeng kasedih.,sakumaha diterangkeun dina surat fushilat


Saestuna jalma-jalma nu ngucap sesembahan abdi eta Allah,nu ngatur nu mingpin,nu ngabimbing abdi sadaya eta Allah terus aranjeuna istiqomah, maka malaikat lungsur sarta ngucapkeun anjeun tong sieun, anjeun tong nalangsa, anjeun kudu bungah sabab surga geus dijangjikeun ka aranjeun.

2.   Istikharah, hartosna senantiasa neda pituduh Allah dina tiap lengkah jeung tiap urusan jeng tinimbangan dina sagala kaputusan.

Dina rusan dunya,urang sadaya jarang ngalibatkeun Allah,Saolah-olah Allah teu apal jeung teu berhak apal kana urusan urang,nalika bade nyiar rijki,lungsur ti bumi urang, urang teu werat ngucap bismillah,urang nganggap nu nangtukeun hasil eta ngan ukur diri urang,kitu deui ngenaan kabebasan, Sok sanajan satiap jalma ngamilik kabebasan pikeun ngaluarkeun pendapat jeng ngalakukeun hiji perbuatan,tapi umat Islam ngamilik batasan nu disebut agama, Hamba muslim nu bener nyaeta hiji muslim nu senantiasa ngemut heula,difikir,dipertimbangkeu satecan bertidak atawa cumarios, neda petunjuk Allah SWT.Upama ucapan nu rek diucapkeun teu matak hade, atawa nganyerikeun jalma lian maka daripada diucapkeun lewih hade ditahan,sok sanajan nahan eta ucapan karasana nyeri jeng berat.

Ngenaan rambu-rambu kabebasan kahirupan Jibril AS dongkap ka rasulullah:
jibril tos datang mendakan kami saur rasul,jibril sasaur he muhamad,sok anjen hirup sabebas-bebasna,sakareupna tapi sing emut muhamad,hiji waktu anjeun bakal wafat.wahai Muhammad sok pikacinta, pikaresep pikalebar, naon bae nu ku anjeun dipikacinta,dipikalebar eta tapi sing emut anjeun bakal papisah jeng naon-naon nu ku anjeun dipikacinta, dipikalebar,dipakresep eta,hai Muhammad lakukeun naon bae nu hoyong ku anjeun dilakukeun,tapi sing emut tiap perbuatan naon be pasti aya balesanan.hr baihaqi.

Maka Istikharah eta penting dina tiap lengkah nu bade dilakukeun,ha lieu kalayan maksud urang moal kecewa dina tiap tindakan urang.KN saw netelakeun:rehna moal rugi jalma nu Istkaharah,moal kecewa jalma nu musyawarah,moal jadi jalma miskin jalma nu bias hemat.HR Thabrani ti Anas.

3.   Istighfar,hartina instropeksi diri jeng neda ampunan Allah.
Tiap jalma pasti ngalakukeun kasalahan,naha sebagei pribadi atawa sebagi masyarakat, ari salah jeng dosa ngarupakeun panyakit nu bakal ngaruksak kana kahirupan, kusabab salah jeng dosa ngarupakeun panaykit maka panyakit kedah di ubaran, ari ubar tina salah jeng dosa nyeta istigfar jeng tobat,neda ampunan Allah swt.
Ari ampunan Allah eta jaminan kasalametan hiji hamba jaga,Ampunan Allah eta utama,ari ampunan teu ngan ukur bae diperyogkeun ku urang sebagi manusa biasa, KN bae, nu tos kengeng jaminan ampunan Allah, tara kirang ti 100 kali neda ampunan allah swt, sementara urang dina sadinteun saweungi mungkin ngan ukur 3 kali dina tiap sholatna,15 kali dina sadinteun saweungi,kitu oge,ucapan Astagfirullahal adziem,ngan diucap dina lisan bari datar,teu ngahadirkeun kalbu,teu dibareungan ku ngingeutkeun dosa,mungkin urang biasa ngucap Istigfar kalayan khusu,nalika kaget atawa rewas,nalika budak pikakeuheuleun atanapi nalika urang hilap teu ngoncikeun bumi.Emut hadirin, ngan ku ampunan Allah,urang bias salamet di akherat jaga.

Para Jamaah yang dimuliakan Allah
Sakali deui, moal aya hirup atawa kahirupan nu sepi tina godaan,moal aya kahrupan nu teu lepas tina rintangan jeng hahalang, nu penting sangkan urang salamet dina kahirupan khususna di dunya ayeuna teu menang henteu urang kedah ngamilik sarta ngalkaukeun 3 hal,Istiqomah, Istikharah dan Istighfar.Mudah-mudahan Allah swt,maparin kakiatan kaurang sadaya piken ngajalankeun sisa umur urang kalayan iman dibarung rahmat,ridho Allah swr,amin.

أَقُولُ قَوْ لِي هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ فَاسْتَغْفِرُوْهُ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُورُ الرَّحِيْمُ.

Khutbah Jum’at, Tgl 10 September 2011.

No comments:

Post a Comment