اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَنْزَلَ عَلَى
عَبْدِهِ آيَاتٍ بَيِّنَاتٍ لِيُخْرِجَ النَّاسَ بِهَا مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى
النُّوْرِ. َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا
عَبْدُهُ
وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى
مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ. أَيـُّهَا النَّاسُ، اتَّقُوا
اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. قَالَ
اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ، يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا
اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ
مُّسْلِمُوْنَ. أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ
الْمُتَّقُوْنَ ,أَمَّا بَعْدُ؛
Saparantosna nyanggakeun puji syukur ka Allah aja
wajala, maka sholawat miwah salam mugia terlimpah ka baginda rasululullah saw,
khotib wasiat ka diri oge ka hadirin sadaya, sumangga urang taqwa kalayan taqwa
anu saestuna, urang jaga eta taqwa ku dasar miharep ridhona,bari dibuktikeun ku
cara nebihan sagala hal nu dilarang Allah ku dasar sieun ku siksana sarta
mangga laksanakeun sagala hal nu diparentah ku dasar miharep pahala jeng
surgana Allah.
Jama'ah jum’ah rahimakumullah
Tiap jalma di dunya tangtu miharep
limpahan rijki jeng hirup serba cukup,eta wajar jeng
payus sabab eta ngarupakeun fitrah manusa, upama manusa
mikarep limpahan rijki, minimalna aya dua perkara nu kudu dijaga ku manusa
nyaeta Iman jeng taqwa,.. ari iman jeng taqwa aya syaratna nyaeta 1.hatena
yakin kana perkara nu dicandak jeng didugikeun ku rasululah,sarta ngabenerkeun bari miconto,2. ngalaksanakeun
kataatan kana parentah Allah taala, sarta ninggalkeun perbuatan anu diharamkeun
ku alloh swt. upama tiasa
ngalaksanakeunana dua perkara
nembe, Alloh ngajamin hambana menang barokah didunya,barokah aherat.
Dijelaskeun dina Alquran,yen iman the kudu dibarengan taqwa, kusabab singsaha
anu iman bari taqwa, eta nu jadi sabab
terbukana pintu rijki nu pinuh ku barokah,.Upama manusa Iman jeng
Taqwa eta bakal ngahasilkeun 7 perkara nyaeta:
Kahiji jalma nu iman bari taqwa, bakal bisa ngajaga
dirina tina dosa,
tina ancaman siksa, dijauhkeun tina bahaya sareng bakal dibukana panto rijki
kadua tobat
sareng istigfar hartosna
jalma nu iman bari taqwa dirina bakal senantiasa bias ngoreksi kasalahan diri, bari ngaganti gawe dosa ku
kahadean, oge kuayana
tobat sareng istigfar nu jadi sabab bakal didatangkeun rijki ,Allah swt oge negesken dina (QS: Hud: 3).
Jeng gera
menta dihampura ka pangeran anjeun sarta
gera tobat ka anjeuna,upama anjeun migawe tobat pasti Allah maparin kanikmatan
nu hade bari teu pernah eureun ka anjen nepi ka waktu nu
geus ditangtukeun.Jeng Allah baris
maparin karunia ka tiap-tiap
jalma jalma nu migawe kahadean.
Katilu : Iman ngabuahkeun TAWAKKAL, ari tawakal the hiji
sikap pasrah sumerahna diri
saparantosna maksimal
dina usaha , pasrahna diri mung ka Allah nyalira, ku
hal eta sikap tawakkal bakal mukakeun rizki ti Allah,
sakumaha janjina dina QS: 65 At-Thalaq: 3): Singsaha anu tawakal,pasti alloh nyumponan kana kabutuhana.
Jamaah
jum’ah rohimakumulloh
Ari buahna
iman nu kaopat nyeta taqarrub
nyeta hiji sikap dimana dirina haying senantiasa caket sareng alloh nu maha heman, oge dirina resep migawe perkara nu dipikaridho ku alloh, lahir bathina kalayan khusu sareng khudhu. Ngadeketken diri ku ibadah nu sampurna, ibadah nu leres sareng
akidah anu lurus maka pantes
sikap taqorub ieu bisa mukakeun panto rijki sakumaha sabda Rasulullah Shalallaahu
alaihi wasalam :
يَقُوْلُ رَبُّكُمْ تَبَارَكَ
وَتَعَالَى: يَا ابْنَ آدَمَ، تَفَرَّغْ لِعِبَادَتِيْ أَمْلأُ قَلْبَكَ غِنًى
وَأَمْلأُ يَدَيْكَ رِزْقًا، يَا ابْنَ آدَمَ، لاَ تُبَاعِدْنِي فَأَمْلأُ
قَلْبَكَ فَقْرًا وَأَمْلأُ يَدَيْكَ شُغْلاً (رواه الحاكم، سلسلة الأحاديث
الصحيحة)
“Rabb anjeun ngadawuh; hai anak Adam! Kudu
aribadah anjeun kakami,ibadah nu sampurna niscaya kami minuhan hate anjeun ku kabengharan ( ku rasa
tingtrim,tenang na jiwa) jeng pasti kami minuhan dua lengen aranjen ku rijki.
Wahai anak Adam! Poma anjen tong
ngajauhan kami, sabab kami
bakal minuhan hate anjeun ku kafakiran (rasa kurang jeng kurang ,hariwang jeung
lebar oge sieun
leungit) jeng kami oge bakal
minuhan dua lengen anjen ku kasibukan,(sibuk bari teu
ngahasilkeun ”. (HR.
Al-Hakim).
Dupi buah
iman/taqwa nu kalima nyaeta ngajadikeun resep infaq, infaq nu dianjurken agama, seperti sedekah ka fakir miskin, infak pikeun
kapentingan agama
Allah. Memang Infak ngajadikeun terbukana pintu rizki, Tiap rijki nu dipimilik ku urang ku ayana
infak bakal nambah berkah nu ciri-cirina harta berkah teh nyaeta hate ngarasa
aman, ni’mat, tenang teu ngarasa sieun, Ari
Infak sami sareng ngahutangkeun ka alloh, maka alloh swt tangung jawab
ngagentos harta nu infakeun, Alloh ngajamin ,moal aya nu jadi fakir gara-gara infak, moal aya jalma
jadi miskin gara-gara infak,moal aya nu jadi sangsara ku ayana sering infak, nu aya justru sabalikna
hartana langkung nambah,hartana
langkung seeur bari
barokah, maka pidawuhna dina hadits kudsi “Infak unfik “ sok infaken harta
anjeun kami alloh nu nganti, hartosna upami hoyong dibuka kran rijki alloh ka
urang maka buka keran rijki urang ka batur, dimana keran rijki urang dibuka
pikeun batur, maka alloh mukakeun keran rijki ka urang.
Tiap dinten
ratusan malaikat lungsur ka dunya ngaduakeun jalma nu infak ku pangucap, ya
allah pasihkeun rahmat sareng kadeudeuh anjeun ka jalmi nu infak dinten ieu, ya
alloh hapunteun kalepatan sareng dosa-dosana jalmi nu infak dinten ieu, ya
alloh lungsurkeun rijjki barokah ka jalmi nu infak dinten ieu,ya alloh gentos
hartana jalmi nu infak dinten ieu.
maka kasimpulanana, upama urang, hoyong ngamilik rijki nu halal,bari teu pernah eureun, nu terus nambah bari barokah maka laksanakeun . Taqwa. istigfar sarta tobat. Tawakal Takorub Infak bari dibarengan ku iman, maka sing yakin Alloh bakal ngajamin dina masalah rijki..
.
أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ.
فَاسْتَغْفِرُوْهُ، إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ، وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ
لَكُمْ. وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ، إِنَّهُ هُوَ
الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَأَنْتَ
خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ.
اَلْحَمْدُ
لِلَّهِ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى رَسُوْلِ اللهِ، وَلاَ حَوْلَ وَلاَ
قُوَّةَ إِلاَّ بِاللهِ.
وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ الله وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.
اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى نَبِيِّكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ إِلَى
وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ الله وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.
اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى نَبِيِّكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ إِلَى
يَوْمِ الْقِيَامَةِ. مَعَاشِرَ الْمُسْلِمِيْنَ أَرْشَدَكُمُ
اللهُ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ، أَمَّا بَعْدُ؛
اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا
صَلَّيْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، وَبَارِكْ عَلَى
مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ
إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ
وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ
الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ, رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلِوَالِدِيْنَا
وَاْرحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا. رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا
وَلإِخْوَانِنَا الَّذِيْنَ سَبَقُونَا بِالإِيْمَانِ وَلاَ تَجْعَلْ فِي
قُلُوبِنَا غِلاًّ لِلَّذِيْنَ ءَامَنُوْا رَبَّنَآ إِنَّكَ رَءُوفُ رَّحِيْمٌ،
رَبَّنَا هَبْ لَنَا مِنْ أَزْوَاجِنَا وَذُرِّيَّاتِنَا قُرَّةَ أَعْيُنٍ
وَاجْعَلْنَا لِلْمُتَّقِينَ إِمَامًا.
رَبَّنَآ ءَاتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلأَخِرَةِ
حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. وَصَلَّى اللهُ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ
وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ .
عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ
وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ
وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا
اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ
وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ. أَقِيْموُاالصَّلآة !
No comments:
Post a Comment