Tuesday, October 15, 2013

22 Akibat Mun Manusa Maksiat (Bag.II)




اَلْحَمْدُ ِللّهِ الْعَلِيْمِ الْقَدِيْرِ اَشْهَدُ أَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ هُوَ اللَّطِيْفُ الْخَبِيْرُ وَأَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْبَشِيْرُ النَّذِيْرُ وَالسِّرَاجُ الْمُنِيْرُ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ وَعَلى ألِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ وَاِلى اللهِ الْمَصِيْرُ. اَمَّابَعْدُ فَيَاعِبَادَ اللهِ اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَالْمُتَّقُوْنَ

Sagala puji mung kagungan allah,mung ka mantena urang neda pitulung,perlidungan tina kawonan perbuatan urang,sholawat sareng salam mugia Allah limpahkeun ka panutan junjunan baginda besar Muhammad SAW.
Ma’asyiral muslimin rahimakumullah
Sakumaha nu tos didugikeun dina kasempetan jum’at kapengker yen manusa nu migawe maksiat bakal narima 22 akibat,eta akibat bakal ditarima ku jalma nu migawe maksiat, ari eta akibat tangtuna sebagai peringatan, sedengkeun balesan nu tetela eta jaga di yaumil hisab,

Ku hal eta Khotib wasiat sumangga urang taqwa sabab ngan ukur taqwa, nu bisa nyalametkeun manusa, taqwa nyeta nebihan naon bae nu larang Allah oge rasulna sarta ngalakukeun bari ngalaksanakeun naon bae nu diparentah Allah oge rasulna tanpa komentar, taqwa nu bakal nu ngajadikeun Allah SWT ridho ka hambana,

Ari akibat maksiat, 11 diantawisna parantos didugikeun ku khotib dina kasempetan jum’at nu kapengker, maka akibat-akibat maksiat  nu salajengna nyaeta nu ka-12 nyaeta : Innal ma’asy tajro’u amsaliha hartosna mun hiji hamba nyieun kahadean maka eta kahadean bakal ngadorong dirina nyieun kahadean nu sejena, tapi mun hiji hamba migawe kagorengan maka dirina oge kadorong pikeun nyieun kagorengan nu sejena deui, saperti jalma nu sakali waktu ngabohong, maka dirina bakal terus ngabohong, pikeun nutup bohongna nu mimiti.

Maka hadirin urang kedah ati-ati sangkan urang teu coba-coba nyaketan perbuatan maksiat, sangkan urang teu kaeuntepan sifat hayang migawe maksiat sejena, sakali nyieun maksiat di khawatirkeun eta perbuatan jadi hiji kabiasaan. Upama migawe maksiat geus jadi kabiasaan maka maksiat bakal dipandang hade ku jalma nu migawe kamaksiatan.
Dimana manusa geus nganggap maksiat hiji hal nu dianggap hade maka akibat nu ka-13 na nyeta miirosu an umatin nminal umam alati ahlakahal lloh hatosna jalma nu maksiat bakal ditetepkeun sebagai umat nu diwaris ku umat samemehna, saperti Sifat sombong nu diwariskeun ku Fir’aun, Sifat takabur atawa adigung diwariskeun ku kaum Hud AS,
Upama ayeuna jalma migawe maksiat, maka eta jalma nu migawe maksiat ngarupakeun jalma nu diwaris ku umat samemehna nu tangtuna jalma saperti ieu jadi musuhna Alloh, hiji katerangan netelakeun Sing saha jalma nu nurutan/nu nyarupaan hiji kaum maka eta jalma kaasup eta golongan.
Akibat nu ka-14 nyeta Inna Maasi Tufsidul Akla, hartosna Maksiat bakal ngaruksak akal, Ari akal nu sehat nyeta akal nu bisa ngabedakeun mana nu hak jeung mana perkara nu bathil. Jalma nu akal na sehat teu mungkin milih maksiat, akal nu sehat nyegah dirina migawe maksiat,hiji hamba nu akalna sehat sadar mun sarengkak saparipolah senantiasa aya dina paningalna Alloh, tiap perbuatana disaksian ku Rakib sareng atid, apal Al-Qur’an geus maparin pituduh, kitu deui nasehat ulama jadi pedoman dina ngarambah ieu hirup jeung kahirupan, maka jalma maksiat  justru sabalikna, maka teu mungkin hiji jalma nyieun maksiat kecuali akalna geus ilang akalna.
Akibat nu ka-15,maksiat ngakibatkeun hatena nutup atawa tertutup sarta nyegah kahadean asup kadirina, sarta dirina embung migawe kahadean atawa migawe kahadean naha pikeun dirina.kantenan pikeun jalmi nu sanesna.
Akibat nu ka-16, maksiat ngilangkeun sifat era, jalma nu migawe maksiat atawa nu biasa nyieun maksiat geus teu mibanda rasa era, nu akhirna dirina bakal secara terang-terangan migawe maksiat naha diharepeun indungna, diharepeun anakna atawa bapana, dirina geus moal era nyieun maksiat dipayuneun masyarakat nu aya di sabuderenana.Upama manusa geus teu era migawe maksiat, maka akibat saterusna nyeta  dirina bakal nganggap remeh ka Alloh, ceuk dirina “ Alloh the teu nempo, mun tea mah ka Alloh geus teu nganggap sebagai robb nu bakal ngahakiman sarta ngahisab dirina, kantenan ka hakim nu aya di dunya, secara teu langsung dirina bakal-nyieun alesan alesan sebagai bentuk ngalegalkeun perbuatan maksiatna,
Mun urang migawe maksiat, secara teu sadar rasa ngagungkeun Alloh bakal musna tina diri urang, nalika urang migawe maksiat, secara langsung urang geus nganggap enteng kana adzabna Alloh nu bakal tiba,padahal Alloh maha ninggal kana gerak langkah urang bahkan Alloh uninga kana bisikan hate nu aya dina diri urang.Jerona laut bisa diteang, deetna hate manusa teu bisa disawang, urang kedah sadar naon bae perbuatan urang sok sanajan sagede siki sawi, amal hade atawa amal goreng, naha ka Alloh atawa ka manusa tangtu aya balesana, naha ayeuna kontan, atawa engke samemeh maot atawa jaga di yaumil hisab, faman ya’mal miskola darotin hoeron yaroh, wamay’ yamal miskola darotin saron yaroh,
Akibat nu ka-17, maksiat ngakibatkeun Alloh SWT, moal merhatikeun dirina, moal nulungan hamba nu maksiat, Upama hiji hamba maksiat, maka eta hamba poho ka Alloh mun dirina poho ka Allah maka Allah oge bakal mopohokeun dirina,nu akhirna Allah SWT ngajadikeun eta hamba nu maksiat jadi baturna Syetan La’natullah, sarta Allah SWT bakal ngantep eta hamba terus migawe maksiat nepika datangna hiji mangsa dimana Allah maparin teguran, teguran ka dirina dina bentuk nu teu kabayang samemehna, naha ilangna jiwa jalma nu dipicinta ku hamba nu migawe maksiat, atawa musibah, atawa bentuk sejena nu sakirana ngajadikeun pepeling sareng peringatan ka diri hamba nu migawe maksiat.
Akibat nu 18, maksiat ngalengitkeun sagala niikmat sarta ngadatangkeun azab, sakumaha diterangkeun dina Assyura ayat 30 nu hartosna “jeung naon bae musibah nu nimpa diri anjeun, maka sabenerna eta ngarupakeun akibat tina perbuatan anjeun sorangan, sareng Alloh ngahapunteun sebagian tina kasalahan kasalah eta. Sahabat Ali RA ngadawuh “ teu turun hiji bencana kecuali ku ayana dosa, maka enggal tobat, sangkan eta bencana teu jadi tumiba.

Barokallahu lana wa lakum filqur’anil adhim, wanafa’na waiyakum ajmain,innahu huwal gafuururrohiim.

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ هَدَانَا لِهَذَا وَمَا كُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْ لاَ أَنْ هَدَانَا اللهُ. أَشْهَدُ أَنَّ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَلاَ نَعْبُدُ إِلاَّ إِيَّاهُ وَنَحْنُ لَهُ مُخْلِصُوْنَ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ وَنَحْنُ لَهُ تَابِعُوْنَ. مَعَاشِرَ الْمُسْلِمِيْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ.
إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا
. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَالتَّابِعِيْنَ أَجْمَعِيْنَ..
 اَللَّهُمَّ اغفر لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ.
اَللَّهُمَّ أَرِنَا الْحَقَّ حَقًّا وَارْزُقْنَا اتِّبَاعَهُ، وَأَرِنَا الْبَاطِلَ باَطِلاً وَارْزُقْنَا اجْتِنَابَهُ. رَبَّنَا لاَ تُزِغْ قُلُوْبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِن لَّدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّكَ أَنتَ الْوَهَّابُ. رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلإِخْوَانِنَا الَّذِيْنَ سَبَقُوْنَا بِاْلإِيْمَانِ وَلاَ تَجْعَلْ فِيْ قُلُوْبِنَا غِلاًّ لِّلَّذِيْنَ ءَامَنُوْا رَبَّنَا إِنَّكَ رَءُوْفٌ رَّحِيْمٌ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا أَنْفُسَنَا وَإِنْ لَّمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ الْخَاسِرِيْنَ. رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلِوَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.

Khutbah tgl.25 Feb.2012


No comments:

Post a Comment