Thursday, October 17, 2013

Rintangan di Alam Kubur

اَلْحَمْدُ ِللّهِ الْعَلِيْمِ الْقَدِيْرِ اَشْهَدُ أَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ هُوَ اللَّطِيْفُ الْخَبِيْرُ وَأَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْبَشِيْرُ النَّذِيْرُ وَالسِّرَاجُ الْمُنِيْرُ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ وَعَلى ألِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ وَاِلى اللهِ الْمَصِيْرُ. اَمَّابَعْدُ فَيَاعِبَادَ اللهِ اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَالْمُتَّقُوْنَ
Hadirin jamaah jum’ah rahimakumullah
Diantara ciri jalma taqwa nyaeta percaya sarta yakin kana ayana alam ghaib, ari alam kubur sareng azab kubur diantara conto perkara-perkara ghaib. Hiji muslim wajib iman yen azab kubur ngarupakeun perkara anu hak, pertanyaan malaikat oge hak. Dina kitab Ar-Ruuh karangan Ibnu Qoyyim nerangkeun ari azab kubur eta  hiji perkara nu hak, teu aya saurang oge anu teu percaya kecuali jalma sasar, Ari kuburan ngarupakeun liang tina taman surga atawa liang tina jurang naraka, nalika hiji hamba wafat diasupkeun kana kubur maka saestuna dirina geus ngamimitian ngarambah alam akherat, alam kubur bisa jadi tempat kasangsaraan tapi bisa oge jadi tempat kanikmatan, jeung saha-saha oge teu aya nu apal sabaraha lila kudu cicing di alam kubur eta.

Dina salah sawios hadis ti Barra bin Azib netelakeun nalika rasulullah calik di hiji kuburan, rasulullah ngadawuh “ aranjeun kudu nyungkeun diraksa ka Allah nu Maha rahman, tina azab kubur, saestuna jalma mukmin rohna diuihkeun deui kana jasadna,jeung datang ka eta hamba dua malaikat eta hamba di calikkeun lajeung ditaros “,Saha pangeran anjeun ? si hamba ngawaler pangeran abdi nyaeta Allah SWT, salajeungna ditaros naon agama anjeun? Sihamba ngawaler “agama abdi Islam, teras ditaros deui “Saha nu diutus ka anjeun, Sihamba ngawaler “ nu diutus ka abdi Muhammad SAW, teras ditaros deui “timana anjeun nyaho yen Muhamad eta utusan Allah, si hamba mukmin nagajawab “abdi maca kitabullah jeung abdi iman sarta ngabenerkeun kana eta kitabullah.  

Saparantos rengse maka  kakuping sora ti langit nu ngagero “ Jawaban hamba kami geus bener, maka amparkeun permadani ti surga jeng gera bukakeun panto menuju surga sarta pakekun ka manehna pakean surga,  saparantos eta maka asup ka eta alam kubur sesengitan ti surga sarta alam kuburna dilegakeun salega paningal eta hamba, saterasna dongkap hiji pameget kasep, anggean na sae, sarta sengit,…. Sarta anjena ngucapkeun “ bagja pikeun anjen hai pulan,…. Si mayit tumaros saha ari anjeun?, si pameget ngawaler kami teh amal sholeh anjeun nalika di dunya. ,salajeungna si mayit ngadua ya allah, gera dongkapkeun kiamat, sahingga abdi tiasa enggal pendak sareng keluarga abdi,

Pertanyaan alam kubur memang sanes pertanyaan Ebtanas atawa pertanyaan biasa nu bisa ditalar saupaya bisa dijawab nalika maot, saestuna pertanyaan ieu teu bisa dijawab ku tiap hamba, sabab nu bisa ngajawab kana ieu pertanyaan ngan wungkul hamba-hamba na Allah nu maca kitabulloh bari iman sarta percaya bari ngabenerkeun kana eta kitabulloh,

Hadirin eta ngarupakeun gambaran hiji mukmin pameget nu wafat bari aya dina ridhona Gusti , sawangsulna rasulullah ngagambarkeun maotna jalma nu kafir/ musrik/fasik/munafik,anu amal gorengna lewih loba tibatan amal hade,… nalika maot, maka ruhna diuihkeun deui kana jasadna, salajengna dongkap dua malaikat, si hamba kafir di calikkeun lajeung ditaros ku pertarosan nu sami saperti ka hamba mukmin, satiap ditaros ku hiji pertanyaan, si hamba nu kafir ngan saukur nga jawab.. abdi teu terang, abdi teu uninga, maka saterasna kakuping sora ti langit, maneh geus bohong, maka amparkeun permadani ti naraka, pakekun pakeuan naraka sarta buka keun panto menuju naraka…

Saparantos kitu lajeung asup rupa-rupa racun,sarta hawa panasna naraka, sahingga tulang dada ancur berantakan, teras pulih deui, lajeung ancur deui kitu saterasna… teras dongkap hiji pameget nu pikasieuneun, nu nganggo acuk kumel bari bau bangke,saterasna nyarios…. Cilaka anjeun…., si mayit teras tumaros saha anjeun… si pameget ngawaler kuring the amal goring anjeun nalika di dunya…si mayit nyarios bari semu ngajerit “ Ya Allah… mugi anjeun teu waka ngadongkapkeun kiamat… penderitaan si hamba teu cukup di dinya tapi teras disiksa dugi ka dongkapna kiamat. (Hadit Sahih, riwayat Abu Daud, tina kitab Tadhibus Sunah jilid 4, halaman 348 dugi 349)

Hadirin jamaah jum’ah rahimakumullah
Eta gambaran jaga , nalika hiji hamba lebet ka alam kubur, nikmatna surge tos ngawitan karaos nalika hiji hamba asup ka alam kubur, sawangsulna azab oge tos ngawitan dialaman di alam kubur,hingga malaikat Israfil niupkeun sangkakala sebagai pertanda kiamat, poe panutup dunya, pembuka alam akherat.Ari nu jadi sabab datangna siksa kubur eta ku ayana dua sabab, hiji sabab nu sifatna umum, oge sabab nu sifatna khusus.

Kahiji : sabab umum nyaeta maranehna di siksa dilantarankeun teu nunaikeun kawajiban oge kataan ka Allah,ngalalaworakeun parentah Alloh, saestuna Allah moal nyiksa ruh  hamba  nu kenal ka Alloh, nu cinta ka Allah, nu ngestokeun sagala parentahna, nu ngajauhan sagala larangan Alloh,Siksa Allah di alam kubur eta ditibankeun akibat murkana Allah ka hamba na nu teu taat,nu migawe maksiat bari teu tobat,

Kedua, sabab khusus, sakumaha nu dikabarkeun ku rasulullah anjeuna nguningakeun yen aya du jalma nu disiksa di alam kuburna, kahiji disiksana the akibat namimah, sedengkeun nu hiji deui disiksa akibat teu beberesih saatos kahampangan, dina riwayat sanes dua jalma eta disiksa kahiji akibat teu nulung tatangga na nu ker ngalaman kasusah, nu kadua disiksa akibat teu daek susuci nalika shalat…. Sabab-sabab khusus lainna saperti akibat ngadahar harta yatim,riba,migawe zina,teu daek zakat,mitnah, sombong, riya, ngomomngkeun batur, ngahina satawa sajabina. Sareng sabab-sabab khusus lainna sakumaha ditetelakeun dina kitab al-lrsyad ila Shahihal-lqtiqad, Syaikh Shalih al-Fauzan, hl. 321-322), 

Ari hikmah azab kubur atawa alam kubur teu bisa ditingali ku kasat mata, dijelaskeun ku Syaikh Muhammad bin Shalih al-Utsaimin dina Majmu Fatawa jilid 8 halaman  482-483 ulama parantos sepakat yen alam kubur sareng azab kubur eta kakuping ku sakabeh mahluk nu aya di lingkungan pakuburan, kecuali ku manusa jeng bangsa jin.sedengkeun hikmahna nyaeta :


  • Dina raraga nutup aibna si mayit
  • Supaya tenang keluargana, sabab mun apal yen si mayit dikubur eta disiksa bisa ngajadikeu si keluarga hirupna teu tenang, gelisah teu ngarasa tengtrem.
  • Supaya keluargana teu wirang sabab mun alam kubur atawa siksa kubur ka kuping, engkena bakal aya nu nyarita tah kitu gening nasib bapa anjeun, atawa indung anjeun teh…sareng saterasna
  • Jalma nu masih hirup nu nguping kana azab kubur bisa maot ngadadak, sabab jeritna mayit nu disiksa bisa bgakibatkeun peupesna jantung.
  • Mun alam kubur atawa siksa kubur bisa kakuping maka eta lain perkara nu sifatna ghaib deui
Mugia ieu sadaya janten hiji nasehat atanapi mauidoh, kangge urang sadaya, sarta mugia Allah SWT ngaraksa urang sadaya tina pait getirna siksa kubur, oge  mugia urang dipaparin kakitan sangkan  satiap saat satiap waktu dipaparin kakiatan pikeun taat,tunduk patuh kana sagala parentahna..amin ya robbalk alamin

No comments:

Post a Comment