اَلْحَمْدُ لِلَّهِ حَمْدَ الشَّاكِرِيْنَ
واَلصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى مُحَمَّدٍ اَلْمَبْعُوْثِ رَحْمَةً
لِلْعَالَمِيْنَ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ اهْتَدَى بِهُدَاهُ وَعَمِلَ
بِسُنَّتِهِ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى عَبْدِكَ
وَرَسُوْلِكَ مُحَمِّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ. أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا عِبَادَ
اللهِ اِتَّقُوا اللهَ تَعَالَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ سُبْحَانَهُ هُوَ
الْمُنْعِمُ الْمُتَفَضِّلُ،. وَاللهُ أَخْرَجَكُمْ مِنْ بُطُوْنِ أُمَّهَاتِكُمْ
لاَ تَعْلَمُوْنَ شَيْئًا لَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ
Kaum
muslimin rahimakumullah…
Sumangga
urang tingkatkeun kualitas taqwa ka Allah ku cara berupaya ngaklaksanakeun
parentahna,oge ninggalkeun sagala larangana, nga ku cara saperti eta
mudah-mudahan eta taqwa bisa ningkat.Salajeungna Sholawat sinareng salam
sumangga urang bacakeun sarta sanggakeun ka panutan urang, nabi akhir jaman
Nabiyullah Muhamad SAW.
Kaum
Muslimin rahimakumullah…
Urang
nyangka, yen naraka teh ngan ukur pikeun jalma-jalma nu kafir, nu munafek, nu
fasik wungkul, aya oge nu kaliru boga anggapan yen hirup teh ngan sakali, sementara
urusan akherat urusan engke,sahingga ku
kakaliruan eta seuer manusa nu santei sarta acuh sebagai muslim atawa sebagai
hamba Allah.Nu lewih parah, ku sabab urusan akherat di engke-engke teu saalit
diantara muslim migawe dosa jeng maksiat letik tanpa ngarasa isin ka Allah
SWT.Padahal kaislaman jeung kaimanan hiji hamba teu jadi jaminan bisa nulung nalika
di akherat, upama hiji hamba teu bisa konsekwen (kokoh) dina kaislaman jeung
kaimanana secara utuh jeng sampurna..Saestuna naraka lain ngan ukur tempat
ngahukum jeng tempat hukuman nu perih pikeun jalma kafir, munafik, jeng fasik,
naraka oge dicawiskeun pikeun jalma-jalma nu mu’min tapi teu taat atawa doraka atawa
lengle atawa lalai dina sistem jeng aturan kahirupan nu tos ditetepkeun ku Allh
SWT.
Naraka
oge ngarupakeun tempat ngahukum jalma mu’min anu teu ngajalankeun nilai-nilai
kaimanan secara utuh nalika hirup di dunya. hamba nu saperti ieu disebutna
sebagai hamba nu doraka ka Allah jeng rasulna, sabab dirina geus poho sarta
lalei atawa lengle dina inget kana akherat. Diantara bentuk kadorakaan jeng
kalaleian nu nyebabkeun hiji mukmin asup naraka eta aya 12 perkara, upama 12
perkara ieu dipigawe, maka tong hanjakal mun hiji hamba nu mukmin asup ka
naraka, 12 perkara eta nyeta:
1).
Ngalakukeun penyimpangan dina harta dina ekonomi, dina bisnis saperti teu daek
mayar zakat,numpuk harta bari teu paduli ka fakir miskin sarta yatim, ngadahar
barang nu haram saperti (getih,bangke, daging babi,sato nu dipencit bari teu
nyebut jenengan Allah, atawa cara dina ngala harta na, atawa dina nyuprihna eta
harta ku cara haram saperti lacur,korupsi,khamar, maok,ngurangan timbangan, nipu,curang,suap,risywah,pungli,jeng
ababngsana nu sifatna ku cara teu jujur,
atawa maksa, tanpa aya keridoan ti pihak sejen, Maka singsaha nu migawe perkara
ieu bakal diasupkeun ka naraka jahanam, nya di tempat ieu jalma nu saperti eta
bakal ngarasakeun siksa nu kaliwat perih akibat ngalakukeun perkara nu
dilakukeun nalika hirupna dina hartana, dina kasabna dina ekonomina, ieu
perkara berlaku tanpa pandang bulu,
tanpa ningali status atawa kadudukan hiji jalma, sok sanajan ulama,kyai,ustadz
atawa tokoh agama.Lewih tegas Allah SWT negeskeun dina Surat At-Taubah ayat 9:
“Hai jalma
–jalma nu iman, saestuna sabagian gede ti jalma-jalma yahudi nu alim jeng
rahib-rahibna nasrani,bener-bener ngadahar harta jalma nu sejen ku cara batail,
sarta maranehna ngahalang-halang tina jalan Allah, Jeng ari jalma-jlama nu
nyimpen emas jeng perak bari teu diinfakkeun di jalan Allah, maka bere nyaho ka
maranehna bahwa maranehna bakal menang siksa nu perih,Dina eta poe emas jeng
perak nu simpen ku maranehna bakal dipanaskeun ku seneu naraka jahanam,
saterusna disetrikakeun ka tarang,tonggong jeng badan na,terus diucapkeun ka
maranehna” tah ieu harta banda anjeun nu
disimpen ku anjeun, pikeun anajen.s ok rarasakeun ieu panasna harta anjeun
akibat tina harta nu disismpeun ku anjeun eta.
2).
Ngadahar harta nu dimenangkeun ku cara riba,oge jadi sabab nu bakal ngajadikeun
hiji mukmin asup naraka, hal ieu tos dijelasken dina surat Al-Baqoroh ayat 275-276 :
jalma-jalma nu ngadahar riba moal bisa
nangtung kajaba cara nangtungna jalma nu kasurupan setan, kituna teh lantaran
maranehna ngaromong, majar taya lian ari dagang teh sarua jeng riba,” Padahal
Allah ngahalalkeun dagang jeng ngaharamkeun riba,Ku kituna singsaha nu menang
nasehat ti pangeran tuluy manehna eureun; anu enggeus-eunggeus mah mah pikeun
manehna sarta urusan sumerah di pasrahkeun
ka Allah, Tapi sing saha anu balik deui migawe eta, maka pikeun maranehna jadi ahli naraka
sarta maranehna bakal langgeung di dinyana.
Sabab
nu katilu nu matak ngagebruskeun muslim asup naraka nyaeta Teu daek diingetkeun
ku sistem hirup atawa aturan nu tos ditetepkeun Allah SWT ka manusa di dunya,teu
daek dinasehatan ku undang-undang Allah ka manusa, malah manusa bangga migawe dosa, bahkan teu saalit manusa nu
ngalakukeun pelanggaran kana hukum Allah khususnya dina ngajaga alam, bumi
saperti lingkungan, leweung, sasatoan, jsb, Allah SWT nguninakeun dina Surat
Al-Baqoroh ayat 205-206 :
“Jeng
lamun manehna ninggalkeun anjeun sarta nyieun karuksakan di muka bumi, ngaruksak pepelakan,sasatoan,jeng
Allah bendu kana karuksakanm, jeng upama dicaritakeun ka maranehna kudu taqwa
anjeun, ka Allah, tapi kalahka sombong jeung nyieun dosa maka balesanana nyaeta
naraka jahanam, saestuna jahanam eta tempat cicing nu paling goreng
Ka
opatna, teu daek ngajadikeun Al-Qur’an sebagai petunjuk hirupna, sarta
Al-Qur’an teu dijadikeun petunjuk dasar jeng dasar hukum dina nata hirup jeng
kahirupanana nalika di dunya, beh dituna qur’an ngan ukur jadi pamaes eusi
lomari, atawa kaligrafi pikeun mapantes imahna, padahal Allah SWT ngadawuh dina
surat Toha ayat 124-127 :
Jeung
sing saha nu ngabalieur tina panggeuing kami, nya bakal manggih kahirupan anu
rupeuk,susahmsulit,sarta kami bakal ngumpulkeun maranehna dina kaayaan lolong.
Maranehna nyarita “ Nun Gusti, naha anjeun ngumpulkeun abdi dina kaayan lolong,
padahal kapungkur abdi teh tiasa ningal. Pidawuh Allah “ Tah kitu, apan geus
datang ka maneh ayat-ayat kami,tapi ku aranjeun dipopohokeun, sarta nya kitu
dina poe ieu oge maneh dilolongkeun dipopohokeun...
Hadirin
jamaah jum’ah rohimakumullah,
4
diantara perkara nu nyebabkeun muslim/mukmin asup naraka, insya Allah 8
salajengna urang dugikeun dina kasempetan khutbah jum’ah salajengna, oge Nya
kitu urang parantos uninga, ternyata jadi muslim can tangtu salamet naraka,
kantenan upama urang lain jalma muslim, maka sangkan salamet berarti urang
kedah aya upaya sangkan kokoh dina ngalaksanakeun kaimanan jeng kaislaman secara
utuh jeng sampurna, sarta mudah-mudahan Allah senantiasa ngabimbing urang
sangkan terhindar tina dosa jeng maksiat, oge mugia Allah ngersakeun maparin
ampunan sarta ngumpulkeun urang di tempat nu dipikarido, dibarung ku rahmat oge
inayahna Allah SWT, Amin ya Allah ya robbal alamin...
بارك الله لى
ولكم فى القرآن العظيم ونفعنى واياكم بما فيه من الايات والذكر الحكيم وتقبل الله
منى ومنكم تلاوته انه هو السميع العليم
Ifik Saeful Firdaus
Masjid
Jamie Nurul Falah Banyuresmi RW 09
No comments:
Post a Comment