Tuesday, October 29, 2013

7 golongan nu bakal ditangtayungan Allah dina poe kiamat.





اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَنْزَلَ عَلَى عَبْدِهِ آيَاتٍ بَيِّنَاتٍ لِيُخْرِجَ النَّاسَ بِهَا مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّوْرِ. َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ. أَيـُّهَا النَّاسُ، اتَّقُوا اللهََ قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ، يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ. أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ ,أَمَّا بَعْدُ؛
Sumangga urang tingkatkeun taqwa, ku  ngarasa lewih sieun ngalanggar sagala larangan Allah,jeung ku langkung taat kana sadaya parentahna, ngan taqwa nu bakal nganteurkeun kana kasalameutan hirup di dunya jeng beukeul diakherat jaga, bahkan dina poe kiamat jaga aya 7 golongan nu diamankeun ku Allah/disalametkeun ku Allah/ditangtayungan ku Allah dina poe kiamat,..
Maasyirol muslimin rahimakumullah

7 golongan nu bakal ditangtayungan ku Allah dina poe kiamat kedah ngagaduhan syarat taqwa,
سَبْعَةٌ يُظِلُّهُمْ اللَّهُ فِي ظِلِّهِ يَوْمَ لَا ظِلَّ إِلَّا ظِلُّهُ
ari golongan kahiji nyaeta امام عادل   imamun adilun.pamimpin nu adil, jadi pamimpin nu adil bakal boga pangaruh nu badag,  sabab sagala keputusan dicandakna jadi pangaruh kana kahirupan bermasyarakatna atawa bernegara, salah dina mere keputusan bakal jadi musibah ka masyarakatna, bener dina mere keputusan bakal jadi rahmat pikeun masyarakatna, berlaku adil saleresna teu susah, sabab sifat adil tos aya dina ati sanubari, jadi pamingpin seuer gogodana oge cobiana,utamina gogoda ku harta atanapi amanah harta,  maka pamingpin nu adil jadi jaminan panangtayungan Allah jaga dina kiamah, sawangsulna pamingpin nu teu adil, Allah ge ngajamin ku siksa, sohih bukhori oge sohih muslim netelakeun,sing saha nu dipaparin amanat ngurus rakyat terus dirina wafat dina kaayaan dolim kanu jadi rakyatna, nganteup kanu jadi rakyatna, teu adil ka nu jadi rakyatna, maka Allah ngaharamkeun surge pikeun dirina.

Nu kadua  الشاب نشاء فى عبادة الله  Syab Nasya’a fi ibadatillah, budak ngora atawa pemuda nu tekun ibadah ka Allah, masa depan Islam gumantung kumaha pemudana, upama budak ngora/pemuda lereus2 paham kana Islam, maka Islam bakal jaya, sawangsulna upama pemuda/budak ngorana teu kersa faham kana agamana mungkin Islam tingal namina wungkul.

Nu Katilu,  رجل معلق قلبه فى المساجد Rajulun qalbuhu muallaqun fil masajid. Hiji hamba lalaki/anom atanapi sepuh nu hatena kakait ku masigit, nu senantiasa berhubungan jeng masjid,nu manahna teras ngemut kumaha carana sangkan bisa ngama’murkeun masjid,nu ngagaduhan pikiran/maksud/niat ngawangun umat/jamaah sangkan hade naha jiwana, utamana sangkan maju ekonomina, sabab upama maju ekonomi jamaahna,secara teu langsung bakal sehat jiwa agamana,maka janteunkeun masjid pikeun sarana milari persamaan, sanes milari perbedaan, pilari kasaean sanes pilari kalepatan, hamba nu ngemutan masjid berarti ngemutan masyarakat masjid, masyarakat nu senantiasa ngalaksanakeun sholat fardu 5 kali, hamba sapertos eta tos gaduh garansi kengeng panangtayungan Allah jaga dina kiamat, sagedengeun eta masjid oge jadi pelajaran berdemokrasi, bahwa saha bae, naon bae pangkatna nalika asup masjid tetep kedah ngalaan sandal atawa sapatu, oge saha bae nu dongkap tipayun pasti calik dina barisan nu payun, saha bae nu dongkap terakhir pasti kabagian calik dina barisan terakhir, naha jendral atawa kopral tanpa kecuali.Masjid jeung jamaah ibarat lauk jeung cai, umat nu nebihan masjid berarti nebihan cai, maka sumangga urang janteunkeun diri urang nu berusaha maparin kahirupan ka umat/jamaah sabudeureun masjid. Kitu rupina jaminan Allah ka sing saha bae nu ngemutan masjid, sakumaha hadits ti abu Darda’ rasul ngadawuh : masjid the imah pikeun jalma-jalma nu taqwa, Allah ngajamin ka sing saha bae nu ngajadikeun masjid jadi bumi pikeun pikeun ruhna,bumi pikeun jiwana, maka rohmatna Allah dipasihkeun kadirina, jeng bisa ngalangkungan shiratal mustaqim kalayan salamet sarta didugikeun ka surga.Nu Kaopat, lalaki nu sodakoh kalayan susulumputan, hingga panangan kencana oge teu apal,intina dirina ikhlas, ngalaksanakeun amal tanpa embel-embel, Ibnu Rusdi nerangkeun hiji perkara nu dilakukeun karena Allah, maka sampurna tapi sing saha nu ngalakukeun hiji perkara lain karena Allah maka binasa.Hadirin
4 diantara 7 nu tiasa didugikeun dina khutbah ayeuna, mugia janteun pelajaran kange urang sadaya,

أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ. فَاسْتَغْفِرُوْهُ، إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ، وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ. وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ، إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَأَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ.
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى رَسُوْلِ اللهِ، وَلاَ حَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ إِلاَّ بِاللهِ.
وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ الله وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.
اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى نَبِيِّكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ إِلَى
يَوْمِ الْقِيَامَةِ. مَعَاشِرَ الْمُسْلِمِيْنَ أَرْشَدَكُمُ اللهُ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ، أَمَّا بَعْدُ؛
اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ ،  إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ, رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلِوَالِدِيْنَا وَاْرحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا. رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلإِخْوَانِنَا الَّذِيْنَ سَبَقُونَا بِالإِيْمَانِ وَلاَ تَجْعَلْ فِي قُلُوبِنَا غِلاًّ لِلَّذِيْنَ ءَامَنُوْا رَبَّنَآ إِنَّكَ رَءُوفُ رَّحِيْمٌ، رَبَّنَا هَبْ لَنَا مِنْ أَزْوَاجِنَا وَذُرِّيَّاتِنَا قُرَّةَ أَعْيُنٍ وَاجْعَلْنَا لِلْمُتَّقِينَ إِمَامًا.
رَبَّنَآ ءَاتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. وَصَلَّى اللهُ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ .عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ. أَقِيْموُاالصَّلآة !

 by Ifik Saeful Firdaus