Khutbah
Jum’at, 07 September 2012
Masjid
Jamie Nurul Falah Banyuresmi Gununghalu
لْحَمْدُ
لِلَّهِ الَّذِيْ أَنْزَلَ عَلَى عَبْدِهِ آيَاتٍ بَيِّنَاتٍ لِيُخْرِجَ النَّاسَ
بِهَا مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّوْرِ. َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ
وَأَشْهَدُ أَنَّ
مُحَمَّدًا
عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ
وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ. أَيـُّهَا النَّاسُ، اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ
تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ
الْكَرِيْمِ، يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ
وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ. أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ
بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ ,أَمَّا بَعْدُ؛
Maasyirol muslimin jamaah Jum’ah rohimakumullah
Urang, salaku muslim, mu’min sakedahna cinta Allah oge senantiasa berusaha sangkan Allah cinta ka diri urang, Allah ngadawuh Walladinna Amanu asadu
hubballillah, ari jalma-jalma nu Iman eta kacida cinta ka Allah swt. Maka
timbul pertarosan Kumaha carana sangkan urang cinta ka Allah oge kumaha carana sangkan Allah swt mikacinta diri urang.
Para Ulama nerangkeun yen, aya 10 sabab atawa 10 resep nu ngadatangkeun cintana Allah ka diri urang
jeng ngajadikeun diri urang tiasa cinta Allah, maka :
Resep
kahiji sangkan Allah cinta ka urang oge urang cinta ka Allah nyaeta Qiro’atul Qur’an bitadabur, Maca qur’an bari neuleuman eusina/berusaha sangkan faham kana
makna atawa hartina saterusna difahami/dihayati/diteuleuman/ditafakuran.
La’an
Aqroa surotan minal quran warotiluha ahabba ilaya min qiroatul quran kuluhu,
Maca quran sasurat bari difahami eusina eta lewih dipikacinta tibatan maca
quran sakabehna bari gurung gusuh..teu tartil teu ditafakuran eusina.. Maka usahakeun sangkan tiap dinten urang teu
kakantun maca quran, naha sazuz/satengah zuj/sahalaman/sasurat/saayat, paksa
diri urang sangkan istiqomah maca qur’an. Qur’an ngarupakeun obat lahir jeng
bathin nu tos teruji jeng terbuti jadi ubar pikeun jasmani atawa ruhani, hate
sumpek teras maca qur’an pasti ilang sumpekna jeng sajabina. Jalma nu maca
quran moal rugi sabab maca quran ibarat hiji perdagangan nu hebat, sabab tiap dibaca
sahurufna, Allah nabales ku 10 kasaean sarta ngalipet gandakeun pahala tina
maca quran.Maka nalika urang maca quran,kalamulloh nandakeun urang cinta ka
Allah sarta Allah mikacinta diri urang.
Resep kadua sangkan urang
tiasa cinta ka Allah oge Allah cinta ka diri urang nyarta Attaqorurrubi
Illaloohi taala binawaafili ba’dal farooidi.
Ngadeketkeun diri ka Allah Taala ku cara ngalakukeun
amalan-amalan sunah saberesna ngalaksanaken amal-amal nu wajib,saperti Sholat
fardu nu 5 kali dina sadinten sawengi, diadegkeun kalayan sahade-hadena terus
ditambah disampurnakeun ku sholat-sholat sunat. sholat wajib disampurnakeun ku
sholat sunat, naha sholat rawati, sholat dluha jeng sejena,nalika dilakukeun
niscaya Allah cinta ka urang, kitu deui saberesna ngalaksanakeun Puasa wajib romadhon, ditambah ku ngalaksanakeun puasa-puasa
sunat,misalna puasa
nabi dawud,puasa senen kemis atawa puasa sunat sejena, ngaluarkeun Zakat nu wajib ditambah ku infak sodakoh, maka sumangga laksanakeun sabab pasti Allah mikacinta ka hamba
nu ngalakukeun eta perkara.
Resep
katilu sangkan dipikacinta Allah sarta urang cinta Ka Allah nyaeta Dawaamu dikrihi ala kulli
haal, nyebut-nyebut asmana Allah, inget Allah, Dikrulloh dina sagala kondisi.
Dzikir ka Allah-nyebut-nyebut asmana Allah..ku
lisan urang, ku hate jeng ku padamelan, inget
Allah dina sagala kondisi atawa situasi,naha dina padamelana,hatena atawa
sejena, intina usahakeun sangkan urang senantiasa inget Allah., naha keur susah
atawa bungah, jalma nu keur mikacinta/mikaresep hiji perkara pasti sering
nyebut-nyebut nu dipicintana.Ari dzikir ngarupakeun amalan nu ringan,tanpa
modal, hiji amalan nu singkat tapi fadilahna bisa ngunggulan amalan utama
sejena, bahkan ku inget allah, ku cara dzikir ka Allah, nyebut asmana Allah, sakabeh
hate pasti jadi ngarasa damai jeng tenang..hamba nu senantiasa inget ka Allah tos
pasti taat ka Allah, parentahna dilaksanakeun, larangana ditebihan, hamba nu
inget Allah nandakeun dirina cinta ka Allah, sarta Allah oge cinta ka eta
hamba.
Resep
kaopat sangkan urang cinta ka Allah oge Allah cinta ka urang nyaeta I’saaru mahaaabihi alaa mahaabik inda gholabati hawa’
Ngutamakeun perkara nu lewih dipikacinta ku Allah daripada
perkara nu dipicinta ku urang, nalika
hawa nafsu ngawasa diri urang.. mayunkeun hakna Allah tibatan kareusep.hiji
waktu mungkin urang di mayunan hiji perkara nu keur dipikaresep ku urang, terus
dina eta waktu dongkap nu dipicinta Allah, kira-kira urang milih numana..misalna nalika urang ker marema ngaladangan
dipasar atawa keur rame di warung, keur anteng maen bola, nonton acara TV, jongjon
di sawah atawa dikebon, keur sibuk di kantor atawa di padamelan, kakuping
adzan, mana kira-kirana nu bakal dipilih kuurang…mana nu lewih utama dilakukeun
ku urang naha neruskeun atawa ninggalkeun heula eta kagiatan,
mun urang lewih milih cintana Allah ku cara
ninggalkun eta kagiatan nandakeun yen diri urang dipikacinta ku Allah sarta
urang cinta ka Allah,..
Resep nu
kalima sangkan dipikacinta ku Allah jeng urang cinta ka Allah nyaeta Musyahadatu
birrihi wa ihsaanihi dhoohiroh wal baathinah.. hatosna Nitenan sagala kasaean
nu dongkap ti Allah/nyaksian anugrah ti Allah/nafakuran jeng nginget-nginget nikmat-nikmat
nu dilungsurkeun Allah ka diri urang. Urang nyaksian yen Allah Taala teu perna liren ngalungsurkeun
nikmat demi nikmat boh nikmat dhohir
atawa nikmat bathin ka diri urang, sok padahal secara sadar urang terus-terusan
migawe dosa ka Allah, secara terang-terangan migawe amal nu nagadatangkeun
benduna Allah, tapi Allah teu bosen-bosen teras ngarijkian, teras maparin
nikmat. Diantara nikmat nu agung nu dilungsurkeun Allah ka urang nyaeta
nikmatul Iman wal Islam, wassunah, wa ilmun nafi’ wassihah.
Nikmat Iman nikmat Islam mangrupa nikmat nu
agung sementara seuer diantara manusa nu nyeleweng tina sunah oge syariatna,
Alhamdulillah Allah ngajadikeun urang sebagai muslim,Allah ge ngajanteunkuen
urang umat nu tumut kana sunahna rasulullah, Allah maparin Elmu nu manfaat nu
ngarupakeun nikmat nu agung, Allah oge maparin nikmat sehat badan oge
ngarupakeun nikmat nu agung,..
Diantara nikmat-nikmat aya dua nikmat nu sok
disapirakeun, disepelekeun ku manusa nyaeta kasehatan jeng kasempatan atawa
waktu luang,.. karasana nikmat sehat nalika nandangan kasakit, soca jeng
paningalna, cepil jeng pangdanguna, kalebet jantung jeng fungsina, upama salah
sahijina ruksak pasti urang sanggup nyeepkeun harta sabaraha bae sangkan bisa normal
deui atawa sehat deui, padahal eta sadayana dipaparinkeun ku Allah ka urang secara
gratis,..mung kadang urang hilap jeng nyapirakeun kana eta nikmat, maka upama
tiasa nafakuran bari nginget-nginget kana eta nikmat Allah, anugerah/karunia Allah.. Insya Allah urang bakal cinta Allah
oge pasti Allah aja wajala mikacinta diri urang.
Maasyirol muslimin jamaah Jum’ah rohimakumullah
Rupina kitu katerangan Al-Alamah Al Imam Ibnu
Qoyyim dina kitabna Madarijusalikin ngenaan 10 sabab nu ngadongkapkeun cintana
Allah nyaeta Maca qur’an bari berusaha
faham eusina-ngalakukeun amalan sunah saberesna nu wajib- Dikir/inget Allah
dina sagala situasi jeng kondisi-Ngutamakeun nu lewih dipicinta Allah daripada karesep hawa nafsu sarta senantiasa
Nginget-nginget sagala nikmat Allah ka diri urang, 5 sanesna manawi tiasa didugikeun dina
kasempetan khutbah Jum’at kapayun Insya Allah “Pamin hadihil asbbabil asroh wasollal muhibbuuna ila manajilil mahabah nya Ku 10 sabab nu ieu jalma-jalma nu cinta
ditepikeun kana darajat hamba nu benet-bener cinta ka Allah swt. Mudah-mudahan,
urang dipaparin kakiatan sangkan berusaha ngadongkapkeun cintana Allah ka diri
urang, Amin ya Robbal Alamin.
أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا
وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ. فَاسْتَغْفِرُوْهُ، إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ
الرَّحِيْمُ
No comments:
Post a Comment