Jamaah jum’ah rahimakumullah
Sumangga urang taqwa ka Allah ku taqwa nu saestuna,
taqwa dina hartos taat kana parentah Allah sarta nebihan larangan Allah Taala,
margi mung ku taqwa nikmat bakal nambahan,kasangsaraan bakal
sirna,karupek,kasulit bakal aya jalan kaluarna,oge rijki bakal datang ti arah
nu teu disangka-sangka.Ku taqwa sadaya urusan bakal karasa hampang,pahala
ngalipat ganda,dosa-dosa bakal dihampura ku allah taala.
Allah ngadawuh dina surat At-Talaq ayat 3 sareng 5 nu hartosna :
Jeung anjena allah bakal maparin rijki ka
manehna tina jalan nu teu disangka-sangka,lantaran sing saha jalma nu tawekal
ka allah,nya anjeuna nu nyumponana,saestuna allah nu ngalaksanakeun
urusanana,saestuna allah geus netepkeun papasten pikeun sagala perkara.
Eta hukum allah anu ku anjena diturunkeun pikeun
maraneh jeng singsaha nu taqwa ka allah,tanwande anjena mupus kasalahana,jeng
anjena bakal namabahan ganjaran ka dirina.
jamaah jum’ah rahimakumullah
Saniskara perkara nu kajadian di alam ieu tos aya
katangtuanana,patokan atawa katetepana,ku hal eta teu aya hiji perkara oge nu
ngeser atawa nyimpang tina naon nu tos ditetepkeun ku Allah SWT,Allah tos
netepkeun taqdir ka skumna mahluk tikawit 50 rebu tahun samemeh nyiptakeun
langit jeung bumi,sakumaha dawuhan rasulullah saw :
Kataballohu makoodirol holaaiki qobla
ayyahlukossamaawaati wal ardi bihomsiina alpa sanah.
Allah tos netepkeun taqdir sakabeh mahluk 50 rebu
taun samemeh nyipta langit jeung bumi.
Dina hal ieu maka wajib pikeun sakabeh manusa
pikeun iman kana taqdir allah hade atawa goreng, mung Allah nu ngabagi rijki,nu
nyiptakeun kahirupan oge ajal eta sadaya pikeun nguji hambana,nangtukeun naha
sihamba kaasup nu bagja atawa nu sangsara nalika di dunya,mung Allah nu
netepkeun ajal hiji hamba,oge mung Allah nu nangtukeun pitempatan si hamba jaga
naha di surga atawa di naraka.Eta sadaya dumasar kana iradah Allah SWT.
Salajengna,sakumaha nu katitenan ku urang oge
kaalaman,rehna manusa hirupna di dunya moal suwung tina kabingung moal suda
tina kasusah,saestuna ieu the ujian nu bakal teras aya,sakumaha Allah SWT tos ngadawuh dina surat Albaqoroh ayat 155 :
Jeng saestuna allah bakal maparin cobaan ku kasieun,kalaparan,kakurangan
harta,jiwa sarta buah-buahan, maka bere
beja berita gumbira ka jalma nu sahalabar.
Hikmahna nayeta pikeun ngabedakeun antara jalma nu
bener jeung nu bohong dina ngaku imanna ka allah swt,
Ku ayana cobaan maka hiji hamba bakal apal kana
dirina sareng hakekat kaimanana,hiji hamba teu bisa kitu bae ngaku iman samemeh
ayana ujian atawa cobaan,naha eta hamba bisa atawa mampu bertahan, atawa sabar nalika
mayunan eta cobaan/ujian ?
Allah bakal masihan ujian/cobaan ka jalma mumin lain ngarupakeun siksa,atawa
azab tapi ujian/cobaan allah ka jalma mumin ngarupikeun tarbiyah sarta
nuduhkeun yen allah nyaah ka hambana,bentukna ujian atawa cobaan bisa mangrupa ku perkara nu
hade atawa nu goreng.
Jamaah jumah ra
Saparantosna urang faham rehna yen dunya pinuh ku
ujian maka sumangga urang nyiapkeun diri samemeh eta cobaan bener-bener datang
ka urang,sahingga urang sanggup mayunan eta ujian/cobaan,urang kedah yakin
saestuna ujian/cobaan bakal aya ahirna,tinggal kumaha sikep urang mayunan sarta
nandangan eta ujian/cobaan, naha urang bisa sabar sarta tawakal atawa berkeluh
kesah,rumahuh sareng putus asa, nu utami ulah dugika ku ayana beratna
ujian/cobaan ngakibatkeun lisan urang cilaka atawa ngakibatkeun diri urang binasa,
ulah dugika ku datangna cocoba ngajadikeun diri urang lalai kana nikmat nu tos
dianugrahken ka diri urang,padahal nikmat allah sakitu agengna,sadayana tos
dipasihkeun ka urang tikawit urang medal ka alam dunya dugi ka danget ieu,oge
tos samistina urang emut kana pahala nu berlipat ganda mung dicawiskeun ka jalma-jalma nu sabar nalika
narima cocoba.Ku ayana cobaan/ujian darajat hiji hamba bakal ningkat, sagala
dosa-dosana bakal dihampura,pahalana bakal ngalipat ganda,tangtosna saupami
urang tetep yakin,shabar oge tawakal oge ridha dina mayunan eta ujian atawa
cobaan.
Cobaan datang kasaha bae,bahkan ka para Nabi,
tingali kumaha ujian allah ka nabiyulah Adam AS
nalika kedah kaluar ti surga,padahal adam as tos lami calik di surga,titenan
kumaha diujina nabi ibrohim nalika diduruk ku kaumna,oge sumangga uningaan
kumaha ujian allah ka anjena nalika kedah mergasa putrana,kumaha ujian allah ka
nabiyullah ayub as ku panyawat nu kacida beratna,kumaha ujian Allah ka nabi Yusup
As nalika dipenjara alatan fitnah nu kacida lamina,kitu oge ujian allah ka nabi
muhamad saw nalika dakwah ditengah kafir quraisy nu kacida pibahayenana,maka
leres pisan pidawuhna “ sing saha nu
bakal dianugrahken kahadean ka hiji hamba,tinangtu Allah bakal mere cobaan ka
eta hamba.
Pada akhirna kaayan atawa nasib hiji jalma bakal
robah,oge bakal aya perubahan,jalma nu bagja nyaeta jalma nu senantiasa mampu
ngajaga kataqwaanana ka Allah SWT,sok sanajan diuji /dicoba ku berbagai
musibah,ku hal eta sumangga urang jaga kataqwaan urang dina setiap kondisi,dina
tiap kesempatan,
teu aya hiji karupekan mun teu aya jalan
kaluarna,moal aya panyakit mun teu aya landongna,mung tilu hal nu kedah
diamalkeun nyaeta tawakal kana naon-naon hal nu can kapimilik,ridho kana naon
hal nu tos nyampak dina diri ,oge shabar kana naon hal nu teu kapimilik.
Aquulu qouly hada,
Khutbah Perdana disampaikan
di Masjid Jami Nurul Falah
31 Juli 2009
Belajar Khutbah..
No comments:
Post a Comment