Khutbah
Jum’at, 10 mei 2013
Masjid
Jamie Nurul Falah Banyuresmi Gununghalu
لْحَمْدُ
لِلَّهِ الَّذِيْ أَنْزَلَ عَلَى عَبْدِهِ آيَاتٍ بَيِّنَاتٍ لِيُخْرِجَ النَّاسَ
بِهَا مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّوْرِ. َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ
وَأَشْهَدُ أَنَّ
مُحَمَّدًا
عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ
وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ. أَيـُّهَا النَّاسُ، اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ
تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ
الْكَرِيْمِ، يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ
وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ. أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ
بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ ,أَمَّا بَعْدُ؛
Maasyirol muslimin jamaah Jum’ah rohimakumullah
Urang, salaku muslim, mu’min sakedahna cinta Allah oge senantiasa berusaha sangkan Allah cinta ka diri urang, Allah ngadawuh Walladinna Amanu asadu
hubballillah, ari jalma-jalma nu Iman eta kacida cinta ka Allah swt. Maka
timbul pertarosan Kumaha carana sangkan urang cinta ka Allah oge kumaha carana sangkan Allah swt mikacinta diri urang.
Para Ulama nerangkeun yen, aya 5 sabab nu ngadatangkeun cintana Allah ka urang
jeng ngajadikeun diri urang cinta Allah, maka :
kahiji sangkan
Allah cinta ka urang oge urang cinta ka Allah nyaeta Qiro’atul Qur’an bitadabur, Maca qur’an bari neuleuman eusina/berusaha sangkan faham kana
makna atawa hartina saterusna difahami/dihayati/diteuleuman/ditafakuran.
La’an
Aqroa surotan minal quran warotiluha ahabba ilaya min qiroatul quran kuluhu,
Maca quran sasurat bari difahami eusina eta lewih dipikacinta tibatan maca
quran sakabehna bari gurung gusuh..teu tartil teu ditafakuran eusina.. Maka usahakeun sangkan tiap dinten urang teu
kakantun maca quran, naha sazuz/satengah zuj/sahalaman/sasurat/saayat, paksa
diri urang sangkan istiqomah maca qur’an. Qur’an ngarupakeun obat lahir jeng
bathin nu tos teruji jeng terbuti jadi ubar pikeun jasmani atawa ruhani, hate
sumpek teras maca qur’an pasti ilang sumpekna jeng sajabina. Jalma nu maca
quran moal rugi sabab maca quran ibarat hiji perdagangan nu hebat, sabab tiap dibaca
sahurufna, Allah nabales ku 10 kasaean sarta ngalipet gandakeun pahala tina
maca quran.Maka nalika urang maca quran,kalamulloh nandakeun urang cinta ka
Allah sarta Allah mikacinta diri urang.
kadua sangkan urang tiasa
cinta ka Allah oge Allah cinta ka diri urang nyarta Attaqorurrubi Illaloohi
taala binawaafili ba’dal farooidi.
Ngadeketkeun diri ka Allah Taala ku cara ngalakukeun
amalan-amalan sunah saberesna ngalaksanaken amal-amal nu wajib,saperti Sholat
fardu nu 5 kali dina sadinten sawengi, diadegkeun kalayan sahade-hadena terus
ditambah disampurnakeun ku sholat-sholat sunat. sholat wajib disampurnakeun ku
sholat sunat, naha sholat rawati, sholat dluha jeng sejena,nalika dilakukeun
niscaya Allah cinta ka urang, kitu deui saberesna ngalaksanakeun Puasa wajib romadhon, ditambah ku ngalaksanakeun puasa-puasa
sunat,misalna puasa
nabi dawud,puasa senen kemis atawa puasa sunat sejena, ngaluarkeun Zakat nu wajib ditambah ku infak sodakoh, maka sumangga laksanakeun sabab pasti Allah mikacinta ka hamba
nu ngalakukeun eta perkara.
katilu
sangkan dipikacinta Allah sarta urang cinta Ka Allah nyaeta Dawaamu dikrihi ala kulli
haal, nyebut-nyebut asmana Allah, inget Allah, Dikrulloh dina sagala kondisi.
Dzikir ka Allah-nyebut-nyebut asmana Allah..ku
lisan urang, ku hate jeng ku padamelan, inget
Allah dina sagala kondisi atawa situasi,naha dina padamelana,hatena atawa
sejena, intina usahakeun sangkan urang senantiasa inget Allah., naha keur susah
atawa bungah, jalma nu keur mikacinta pasti sering nyebut-nyebut nu
dipicintana.Ari dzikir ngarupakeun amalan ringan,tanpa modal, hiji amalan nu
singkat tapi fadilahna bisa ngunggulan amalan utama sejena, bahkan ku cara dzikir
ka Allah, nyebut asmana Allah, sakabeh hate pasti jadi ngarasa damai jeng
tenang..hamba nu senantiasa inget ka Allah tos pasti taat ka Allah, parentahna
dilaksanakeun, larangana ditebihan, hamba nu inget Allah nandakeun dirina cinta
ka Allah, sarta Allah oge cinta ka eta hamba.
kaopat sangkan
urang cinta ka Allah oge Allah cinta ka urang nyaeta I’saaru mahaaabihi alaa mahaabik inda gholabati hawa’
Ngutamakeun perkara nu lewih dipikacinta ku Allah daripada
perkara nu dipicinta ku urang, nalika
hawa nafsu ngawasa diri urang.. mayunkeun hakna Allah tibatan kareusep.hiji
waktu mungkin urang di mayunan hiji perkara nu keur dipikaresep ku urang, terus
dina eta waktu dongkap nu dipicinta Allah mak nu lewih utama dilakukeun ku urang nyaeta mayunkeun perkara
nu allah cinta kana eta perkara eta
nandakeun yen diri urang dipikacinta ku Allah sarta urang cinta ka
Allah,..
kalima
sangkan dipikacinta ku Allah jeng urang cinta ka Allah nyaeta Musyahadatu
birrihi wa ihsaanihi dhoohiroh wal baathinah.. hatosna Nitenan sagala kasaean
nu dongkap ti Allah/nyaksian anugrah ti Allah/nafakuran jeng nginget-nginget nikmat-nikmat
nu dilungsurkeun Allah ka diri urang boh nikmat dohir atawa nikmat bathin. Urang nyaksian yen Allah Taala teu perna liren
ngalungsurkeun nikmat demi nikmat boh
nikmat dhohir atawa nikmat bathin ka diri urang, sok padahal secara sadar urang
terus-terusan migawe dosa ka Allah, secara terang-terangan migawe amal nu
nagadatangkeun benduna Allah, tapi Allah teu bosen-bosen teras ngarijkian,
teras maparin nikmat. Diantara nikmat nu agung nu dilungsurkeun Allah ka urang
nyaeta nikmatul Iman wal Islam, wassunah, wa ilmun nafi’ wassihah.
Nikmat Iman nikmat Islam mangrupa nikmat nu
agung sementara seuer diantara manusa nu nyeleweng tina sunah oge syariatna,
Alhamdulillah Allah ngajadikeun urang sebagai muslim,Allah ge ngajanteunkuen
urang umat nu tumut kana sunahna rasulullah, Allah maparin Elmu nu manfaat nu
ngarupakeun nikmat nu agung, Allah oge maparin nikmat sehat badan oge
ngarupakeun nikmat nu agung,..
Diantara nikmat-nikmat aya dua nikmat nu sok
disapirakeun, disepelekeun ku manusa nyaeta kasehatan jeng kasempatan atawa
waktu luang,.. karasana nikmat sehat nalika nandangan kasakit, soca jeng
paningalna, cepil jeng pangdanguna, kalebet jantung jeng fungsina, upama salah
sahijina ruksak pasti urang sanggup nyeepkeun harta sabaraha bae sangkan bisa normal
deui atawa sehat deui, padahal eta sadayana dipaparinkeun ku Allah ka urang
secara gratis,..mung kadang urang hilap jeng nyapirakeun kana eta nikmat, maka upama
tiasa nafakuran bari nginget-nginget kana eta nikmat Allah, anugerah/karunia Allah.. Insya Allah urang bakal cinta Allah
oge pasti Allah aja wajala mikacinta diri urang.
Maasyirol muslimin jamaah Jum’ah rohimakumullah
Rupina kitu
katerangan Al-Alamah Al Imam Ibnu Qoyyim dina kitabna Madarijusalikin ngenaan 5 sabab nu ngadongkapkeun cintana Allah nyaeta
Maca qur’an bari berusaha faham eusina-ngalakukeun
amalan sunah saberesna nu wajib- Dikir/inget Allah dina sagala situasi jeng
kondisi-Ngutamakeun nu lewih dipicinta Allah daripada karesep
hawa nafsu sarta senantiasa Nginget-nginget sagala nikmat Allah ka diri urang, “Pamin hadihil
asbbabil
asroh wasollal muhibbuuna
ila manajilil mahabah nya Ku 5 sabab nu ieu jalma-jalma nu cinta
ditepikeun kana darajat
hamba nu benet-bener cinta ka Allah swt. Mudah-mudahan, urang dipaparin
kakiatan sangkan berusaha ngadongkapkeun cintana Allah ka diri urang, Amin ya Robbal Alamin.
أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ
وَلَكُمْ. فَاسْتَغْفِرُوْهُ، إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
اَلْحَمْدُ
لِلَّهِ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى رَسُوْلِ اللهِ، وَلاَ حَوْلَ وَلاَ
قُوَّةَ إِلاَّ بِاللهِ.وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ الله وَحْدَهُ لاَ
شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ
صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى نَبِيِّكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَمَنْ تَبِعَ
هُدَاهُ إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ. مَعَاشِرَ الْمُسْلِمِيْنَ أُوْصِيْكُمْ
وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ، أَمَّا بَعْدُ؛
اَللَّهُمَّ
صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ
وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ
كَمَا بَارَكْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ
مَجِيْدٌ.اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ
وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ
الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ, رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلِوَالِدِيْنَا
وَاْرحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا. رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا
وَلإِخْوَانِنَا الَّذِيْنَ سَبَقُونَا بِالإِيْمَانِ وَلاَ تَجْعَلْ فِي
قُلُوبِنَا غِلاًّ لِلَّذِيْنَ ءَامَنُوْا رَبَّنَآ إِنَّكَ رَءُوفُ رَّحِيْمٌ،
رَبَّنَا هَبْ لَنَا مِنْ أَزْوَاجِنَا وَذُرِّيَّاتِنَا قُرَّةَ أَعْيُنٍ وَاجْعَلْنَا
لِلْمُتَّقِينَ إِمَامًا. رَبَّنَآ
ءَاتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ
النَّارِ. وَصَلَّى اللهُ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ
أَجْمَعِيْنَ. وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ .
عِبَادَ اللهِ،
إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى
وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ
تَذَكَّرُوْنَ. وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ. أَقِيْموُاالصَّلآة !
No comments:
Post a Comment