اَلْحَمْدُ
لِلَّهِ الَّذِيْ أَنْزَلَ عَلَى عَبْدِهِ آيَاتٍ بَيِّنَاتٍ لِيُخْرِجَ النَّاسَ
بِهَا مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّوْرِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ
اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ
عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ. أَيـُّهَا النَّاسُ،
اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ
مُسْلِمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ، يَا أَيُّهاَ
الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ
وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ. أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ
الْمُتَّقُوْنَ ,أَمَّا
بَعْدُ؛
Melalui mimbar ieu,
khotib seja umajak ka sadaya, urang tingkatkeun iman kalayan taqwa sekaligus
nerapkeun dina hirup sadidinten, mugia ku iman sareng taqwa eta tiasa nungtun
urang ngahontal ridhona Allah swt, sholawat salam urang sangakeun ka panutan
baginda alam sayidina wahabibana Muhammad saw.
Jamaah Jumah ra
Saestuna Allah swt,
kacida mikaasih ka hamba-hambana, nyipta manusa dina bentuk sahade-hadena,
bahkan hebatna teu aya saurang oge di dunya ieu mahluk nu persis sami, sajuta
jalma nu Allah ciptakeun, sajuta rupa jalma jeung sajuta karakter nu beda Allah
ayakeun, moal aya di dunya ieu hiji indung nu paliron putrana sabab hese
ngabedakeunana, sadayana ku Allah diciptakeun kalayan nyandak watak,tabeat,rupa
nu beda-beda,..Sadaya manusa dicipta ngagaduhan kelebihan jeung kakurangan
masing-masing. Laqod Kholaqnal Insaana
fii Ahsanitaqwiim.
Salian naon nu disebat nembe, Allah swt
oge maparin anugrah ka manusa berupa kamuliaan, sakumaha dina Qur`an surat al-Isro
70: .....
Ayat ieu negeskeun
jeung mastikeun yen teu aya hiji manusa oge nu dilahirkeun kadunya dina kaayaan
hina, ku hal eta teu aya saurang oge di dunya ieu nu berhak ngahina jalma
sejen, pikeun ngalengkeupan kamulyaan manusa Allah maparin Akal.
Namung sok sanajan
mulya, jeung boga kamulyaan tapi tetep manusa mibanda kakurangan, jeung
kelemahan, sadar atawa heunteu contoh kelemahan nu dipibanda ku manusa
kabuktian ku kagodana bapa urang sadaya Adam As nu ka usir ti surge alatan
kagoda setan, kitu oge dina kahirupan sapopoe, teu saalit diantara urang nu
secara teu sadar ngagebruskeun dirina kana kahinaan,sabab teu mampu nahan
gogoda. Salian teu mampu nahan godaan, hal sejen nu bisa ngakibatkeun manusa
hina, muragkeun martabat jeung ngilangkeun kamulian diri nyaeta Ujub atawa sombong, takabur atawa ngarasa
diri mulia, Ciri sifat ujub diantarana resep muji sorangan, bari ngabandingkeun
dirina jeung jalma sejen dina sagala hal,sifat ujub ningkat jadi takabur upama
diri urang reuseup muji-muji sorangan dibareungan ngarendahkeun atawa ngahina
ka jalma sejen, nalika sifat ujub geus
dibareungan ku sifat takabur, takabur hartina sombong, nya muji diri sorangan
boh dina harta,prestasi,jabatan atawa sejena bari ngarendahkeun jalma sejen
dina harti ngarasa diri paling bener, paling benghar,paling pinter jeung
sejena, dua sifat ieu bakal lewih goreng nalika diri ngarasa bangga atawa
ngabangga-bangga keun, ieu disebut soifat tafkhur, tilu sifat tadi nyaeta
ujub-takabur jeung soifat tafakhur, tiluana oge ngarupakeun sifat nu wajib
dijauhan ku hiji muslim, saupama teu diubaran maka tilu panyakit eta moal bisa
leungit ti diri urang.
Ciri sifat ujub dina
kahirupan sapopoe misalna urang ngucapkeun”
kuring mah hebat, bisa itu bisa ieu, loba harta,boga itu, boga ieu,jst, maka ieu nandakeun yen eta jalma geus
diterap ku sifat ujub. Ciri Sifat Takabur misalna urang ngucapkeun “ kuring mah hebat, harta urang lewih loba
tibatan sipulan, kabisa urang lewih luhur tibatan sifulan, si fulan mah miskin,
dibandingkeun si fulan amal urang lewih hade, mun teu ku urang mah, mun lain keluarga urang mah, mun teu diurus ku urang mah,atanapi mun
euweuh urang ,jst, ieu ciri ucapan
manusa nu tos kaeunteupan sifat takabur. Ciri sifat Soifat Tafakhur sifat nu lewih luhur tibatan ujub jeung
sombong misalna urang ngucapkeun “ anjeun
moal bisa nurutan urang, atanapi ngucap masing kumaha oge anjeun moal bisa
nyaingan urang, jst…
Hiji manusa nu
katerap tilu sifat tadi, atawa bersikap tadi,kituna teh boga maksud sangkan dirina
lewih mulya, lewih terhormat, padahal mun manusa bersikap saperti eta, bertindak
siga eta, ucap-ucapana siga eta, sadar atawa teu sadar bakal nungtun dirina
kana kahinaan, muragkeun martabat jeung harga dirina, sabab sepanjang sejarah di dunya misalna
Fir’aun nu sombong atawa namrudz nu takabur dua-duana oge sama-sama jadi
jalma-jalma ancur jeung dihinakeun.,
maka ku hal eta
hadirin, sok sanajan sagede siki sawi, sifat sombong/ataakbur nu aya dina hate,
pasti ngakibatkeun goreng kadiri urang nyalira,beh dituna ka keluarga,ka
turunan jeung ka lingkungan nu aya di sabudeureun urang, saha-saha oge nu dina hatena aya binih-binih
sifat sombong niscaya moal dipaparin
izin ku Allah ngangseu surga kantenan asup ka surga.
Alit kantenan ageung
sifat ujub-takabur nu aya dina diri urang, awal atawa akhir bakal
ngakibatkeun lingkungan atawa jalma lian, benci ka urang, ngewa ka urang jeung
sikap antipati ka diri urang, naha terang-terangan atawa susulumputan, lain bae
manusa lain nu bakal benci ka urang pama urang ujub-simbong, bahkan
Allah swt oge jelas-jelas teu reuseup ka hamba-hambana nu sombong. An-Nahl
23 nyebatkeun:
Sagedeungan eta, Allah ge nuduhkeun
naraka jahanam pikeun jalma-jalma nu takabur ku dawuhana :
Jug
geura arasup melalui panto-panto jahanam, sabab eta tempat jeung pangbailikan
jalma-jalma nu sombong.Sifat sombong datangna saalit demi salit, bahkan diri ge
teu ngarasa geus kaeunteupan sifat sombong, maka teubihkeun sifat-sifat tadi
cukup iblis jeung syetan la’natulloh wungkul nu boga eta sifat,.
Hadirin Jamaah Jumah ra
Sateuacan urang tutup ieu khutbah, Maka
landing/ubar tina tilu sifat tadi nyaeta:
1. Sing
uninga akibat mun diri urang ujub/takabur nyeta batur bakal antipsti ka urang,
ngewa jeung benci ka urang, lain bae saurang
tapi bisa jadi salembur, lain bae ka diri urang tapi ka keluarga, turunan jeung
lingkungan,
2. Kedah
sieun ku dahsatna siksa naraka,sabab diantarana naraka jahanam dicadangkeun
jang jalma nu sombong.
3. Emut-emut
bahwa jalma ujub-sombong moal asup surga, sabab Allah teu ridho, jeung Allah
ngewa.
4. Pimilik
sikap Tawadhu, nyeta sikap rendah hati, tawadhu lain ngarendahkeun diri, tawadu
moal nyebabkeun diri hina, tapi sabalikna, tawadhu nyaeta sikap mulya, oge sing
terang yen perkara harta,pangkat,jabatan,kabisa jsb teu kudu dibeja-beja sabab
jalma sejen ge geus bisa nganilai, geus bis ngukur jst, jalma miskin bari tawadu Allah
cinta, jalma benghar tawadhu Allah lewih cinta, Jalma benghar sombong Allah
benci, jalma miskin sombong Allah lewih benci.
Tawadhu
hartina ngahindari sifat ujub, miceun sifat takabur jeung ngilangkeun soifat
tafakhur. 3 ciri diri nu tawadhu nyaeta 1) nalika diri teu ngarasa bisa padahal
dirina loba kabisa, teu ngarasa pinteur padahal dirina lewih pinter, teu
ngarasa benghar padahal batur oge apal benghar,. 2). Teu nganggap jalma lian lewih
rendah tibatan dirina, lewih miskin , lewih rendah dibanding dirina. 3). Dirina
moal berlebihan boh dina sikapna,caritaana,jsb, estuning sederhana sok sanajan
dirina mampu, jeung eta sadaya dilakukeun semata-mata sabab tunduk jeung taat ka Allah swt.
Mugia Allah,
nebihkeun diri urang tina sifat ujub,takabur, Soifat tafakhur,
amin ya robbal
alamin.
جَعَلَنَا
اللهُ وَاِيَّاكُمْ مِنَ اْلمُؤْمِنِيْنَ اْلكَامِلِيْنَ وَاَدْخَلَنَا
وَاِيَّاكُمْ فِى زَمْرَةِ النَّاجِحِيْنَ.
وَاسْتَغْفِرُوْهُ اِنَّهُ
هُوَ اْلغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ.
Jum'at, 1 Nop 2013 By ifiksf..
No comments:
Post a Comment