Tuesday, October 29, 2013

Kabagjaan Bagian 1



 اَلْحَمْدُ ِللّهِ الْعَلِيْمِ الْقَدِيْرِ اَشْهَدُ أَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ هُوَ اللَّطِيْفُ الْخَبِيْرُ وَأَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْبَشِيْرُ النَّذِيْرُ وَالسِّرَاجُ الْمُنِيْرُ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ وَعَلى ألِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ وَاِلى اللهِ الْمَصِيْرُ. اَمَّابَعْدُ فَيَاعِبَادَ اللهِ اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَالْمُتَّقُوْنَ
Khotib wasiat ka diri khotib pribadi oge ka ahli jum’ah sadaya, sumangga urang sami-sami ningkatkeun Iman,Islam,sarta Ihsan urang ku jalan taqwa, urang kantunkeun amal nu matak cilaka, sarta laksanakeun naon hal nu di parentahkeun ku Allah SWT.

Jamaah jum’ah rahimakumullah
Saestuna manusa ti mimiti jalma kafir dugi ka umat Islam eta sadaya milari bagja atawa kabagjaan, kabagjaan ku manusa disangka yen ayana bagja eta ayana dina harta, sebagian manusa nyangka yen kabagjaan ayana dina gelar,sebagian manusa nyangka yen kabagjaan ayana dina pangkat,sakabeh manusa neangan ieu perkara ngan teu sakabeh manusa menang pangkat,elmu jeng harta, padahal eta sadaya lain bentuk kabagjaan tapi ngarupakeun alat pikeun ngahontal kabagjaan,

Kabagjaan anu hakiki nyaeta dimana-mana hirup aya dina karidhoan Alloh swt, sumber bagja nyaeta  hirup aya dina ridhona Alloh,maka ku hal eta jadikeun sagala perkara nu dipibanda,nu dilakukeun eta pikeun ngahontal karidhoan Alloh SWT, maka dina neangan pangkat/elmu/harta poma ulah carekeun Alloh, saupama manusa teu mibanda pangkat/elmu/harta, maka tetep jadikeun kamiskinan,katerbatasan pikeun ngahontal ridho Alloh, Alloh mung maparin dua perkara hiji susah kadua bungah. Susah jeng bungah eta rata dipaparinkeun ka sakabeh manusa, dimana mana diri teu bungah,maka urang kedah enggal ngoreksi diri,boa-bopa Alloh bendu ka urang,…

Hiji du’a nyebutkeun Robbana atina fi dunya hasanah wafilahiroti hasanah,
upama dikaji harti jeng dileunyeupan eusina, dina eta du’a kalingkup dua pamenta nu utama nyaeta mihareup bagja di dunya sareung bagja di aherat.
Nu di maksud Fi Dunya Hasanah eta aya 7 cirina :

Kahiji Qalbun syakirun atawa hate nu snantiasa syukur.
qolbun syakirun nyaeta mibanda  jiwa nu senantiasa syukur kana naon rupa nu dipaparikeun Alloh ka diri urang, bari narimakeun naon ayana hal saperti ieu nu ngajadikeun diri bakal ngarasa bagja, nalika menang kasusah dirina inget yen aya nu lewih susah tibatan dirina,dimana dirina menang kabungah, kabungahna dijadikeun alat pikeun ningkatkeun amal bari syukur ka Allah Taala

Kadua Al azwaju shalihah, yaitu pasangan hirup nu sholeh.
nu dimaksud Pasangan hirup nu sholeh, nyeta istri atawa caroge nu bias nyiptakeun rumah tangga /keluarga nu sholeh nu ningtrimkeun bathin,di akherat jaga caroge nu jadi imam di kelurga bakal dipenta pertanggung jawabana, ngarupakeun hiji kabagjaan di dunya upama hiji istri mibanda caroge nu sholeh, oge  kabagjaan nu utama upama hiji caroge ngagaduhan istri sarta anak nu sholeh,

Katilu al auladun abrar,
Maksudna mibanda anak nu sholeh, anak anu iman anu dina tiap bada sholatna mangnedakeun hampura pikeun indung bapana,nu tumarima bari hormat sarta turut tumut kana piwuruk nu jadi ibu bapana,anu teu ngalanggar hukum agama, anak sholeh nyaeta anak nu salawasna nyenangkeun hate kolotna, hade laku lampahna, sarta tara daek nganyerikeun hate indung bapa. Hiji hadits nyarioskeun “Isnaani yu’adziluhuma lloohu fi dunya, albagyu,wa ‘ukuukul waalidaini’( Dua dosa anu bakal dibales ku Allah di dunya keneh kalayan kontan nyaeta zina sareung doraka ka indung bapa).

Kaopat albiatu sholihah,
hirup kumbuh di masyarakat nu sholeh,
albiatu solihah nyaeta hiji lingkungan/masyarakat anu secara sadar silih ajak pikeun migawe amal sholeh,nu silih ajak migawe amal hade,silih wasiatan dina taqwa,maka jadi hiji kabagjaan upama di hiji masyarakat dipinuhan ku masyarakat nu sholeh,

Kalima al malul halal
Harta nu halal,bari digunakeun dijalan Allah,
Islam miwarang umatna sangkan benghar, tapi dina ngalana eta ku cara nu halal,
Sabab tiap-tiap harta nu tumbuh tina perkara haram maka cabang-cabangna oge jadi haram,kitu deui hiji du’a moal mungkin dikabul lamun katuangana, inumana sarta anggean urang dikengengken ku cara haram,kitu deui hate urang moal mungkin tenang,bersih suci upama harta urang dibenangkeun ku cara haram sabab mung eta nu jadi sabab hiji teu menang bagja di dunya.

Kagenep Tafakuh fi dien,
maksudna aya kahayang paham kana agama sabab dimana-mana diri hayang faham kana  agama, maka dirina bakal apal kana sifat-sifat Alloh, dimana afal kana sifat-sifatna Alloh dirina bakal cinta ka Alloh,upama cinta ka Alloh bakal ngahirupkeun hatehambana ku cahaya nikmat iman sareng islam, maka pasti jadi kabagjaan di dunya pikeun saha bae nu karep paham kana elmu agama.

Katujuh dipasihan Umur yang barokah,
Umur nu baroqah  hartina dimana umurna tambah kolot eta dirina jadi lewih sholeh, umur nu berkah nyaeta umur nu dieusi ku mempersiapkeun diri pikeun akherat melalui amal ibadah,tambah umur tambah loba munajatna ka Alloh. Umur nu barokah nyaeta umur nu dipinuhan ku ibadah boh ibadah ka Alloh oge ibadah ka papada manusa.

Sementara terusna eta dua nyaeta wafil akhiroti hasanah, maka pikeun ngahontal kabagjaan akherat, mung ku ayana rahmat Alloh, ina sholati wa nusuki mamahyaaya wa mamati, lillahirobbil alamin, saestuna sholat abdi, zakat abdi,puasa abdi, haji abdi, dagang abdi, tani adi,usaha abdi,hirup abdi bahkan maot abdi eta sadaya dilakukeun soteh lillahirobbil alamin nyaeta pikeun ngahontal ridho Alloh SWT.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمٍ. فَاسْتَغْفِرُوْهُ، إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْم

Disampaikan pada Jum’at 16 September 2011
Oleh Ifiksf


No comments:

Post a Comment