Tuesday, October 29, 2013

10 Sifat Unggul nu wajib aya di Hiji Muslim


اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَنْزَلَ عَلَى عَبْدِهِ آيَاتٍ بَيِّنَاتٍ لِيُخْرِجَ النَّاسَ بِهَا مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّوْرِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ. أَيـُّهَا النَّاسُ، اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ، يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ. أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ ,أَمَّا بَعْدُ؛
Hadirin sidang Jumat rahimakumullah
Selaku khatib,pribados wasiat ka diri oge ka hadirin, pikeun ningkatkeun taqwa,sumangga urang taqwa kalayan taqwa saestuna, ari taqwa kacida penting sabab ngan ku ayana taqwa urang bisa bagja dunya bagja akherat,

Ma’âsyiral muslimîn rahimakumullâh...
Sakumaha didugikeun dina khutbah jumat kapengker, yen ieu Islam moal jadi rahmah, upama umat nu nganutna teu kersa faham oge teu kersa ngamalkeun Islam,akibatna upama teu kersa faham jeng teu kersa ngamalkeun Islam maka urang selaku umat Islam bakal lemah,hina,tingaleun, ditimpa krisis jeng pacengkadan, ku hal eta mangga urang pimilik oge laksanakeun 10 sifat unggul, nu kedah dipimilik ku urang selaku muslim,...nyaeta

1. Salâmatul ‘aqîdah (Kayakinan nu bener)
Hirup ibarat hiji perjalanan, upama teu puguh nu rek dituju tinangtu bakal kasasar, ari hirup selaku muslim wajib kana 6 hal Iman (yakin) ka Allah, yakin ka Malaikat, Kitab, Rasul, poe kiamah,oge Qadla-Qadar. yakin ka allah bakal ngajadikeun gede harepan kana pitulung Allah,yakin ka malaikat ngajadikeun diri ati-ati dina amal, yakin kana kitabna Allah ngajadikeun diri boga pedoman dina hirup,yakin kana poe akhir ngajadikeun  apal kana tujuan akhir hirupna,yakin kana qodo jeng qodarna Allah ngajadikeun diri sadar jeng tanggung jawab dina hirupna,
2. Shihhatul ‘Ibâdah (Ibadah nu benar)
Ibadah lain taklif/beban dina hirup tapi ibadah teh bentuk tasyrif/ngamuliakeun Allah, ibadah nu bener lahir tina akidah nu bener,ibadah nu bener nyaeta ibadah nu mawa pangaruh hade pikeun dirina, jalma sejen jeng ngalahirkeun kataqwaan.

3. Matînul Khulûq (Akhlaq nu kokoh)
Ari akhlak lain rekaan atawa sikap pura-pura, tapi akhlak hade memang hiji tabeat nu muncul secara langsung ti pribadi urang di tempat /kaayaan kumaha bae.

4. Tsaqôfatul Fikr (boga elmu pengetahuan nu luas)
Hirup didunya teu cukup ngan ukur yakin,ibadah jeng akhlaq tapi perlu mibanda elmu pengetahuan, hal ieu sangkan teu kasasar dina perjalanana, hirup urang selaku muslim butuh elmu, ku elmu bisa nungtun kamana jeng kumaha urang nyorang ieu hirup atawa kahirupan, Ku hal eta nyiar elmu, pikeun muslim jadi hiji kawajiban

5. Hârisan ‘ala waqtihi (Mampu ngatur waktu)
Allah SWT sering ngagunakeun sumpah dina quran ku nyebat nami-nami waktu samisal wal asri, walfazri,...seuer masalah nu timbul alatan urang teu mampu ngatur waktu kalayan hade,selaku muslim tos sakedahna tiasa ngatur waktu sabaraha jam pikeun ibadah mahdoh, sabaraha jam pikeun muamalah sahingga hiji muslim moal jadi rugi sakumahan disebutkeun dina surat Al-Ashri. 

6. Nâfi’an li Ghairihi (manfaat pikeun jalma sejen)
Loba manusa nyangka yen sukses teh menang sorangan, padahal hiji muslim nu sukes nyaeta nu mampu nyaangan atawa mere manfaat ka keluargana,ka masyarakatna ku sikapna,perilakuna,elmuna, hartana jeng amalna,sahade-hadena muslim nyaeta nu bisa mere manfaat ka jalma sejen, 

7.Al-Qudrah ‘ala al-Kasbi (Mampu nyiar nafkah) 

8. Quwwatul Badân (awak na kuat)
dina hartos jasmani urang kedah sehat,kiat sabab Sholat,puasa, jeng ibadah haji diantareana butuh ku kondisi fisik nu sehat.
9. Munâzhzhoman fi syu’ûnihi (Mampu ngatur urusana) dina harti hiji muslim kudu harti kana tugas luyu jeng bidang atawa kemampuanan.

10. Mujâhidan linafsihi (Berjuang ngalawan hawa nafsu) dina harti mempertahankeun  perkara nu hade jeng berusaha sakuat tanaga ngajauhan perkara nu goreng  

Hadirin   diantara 10 sifat nembe, upama tiasa dilaksanaken tinangtu bakal ngajadikeun diri urang selaku muslim nu mibanda pribadi nu sajati, ku sifat ieu Insaya Allah Islam bakal jadi rahmatan lil ‘alamin..


No comments:

Post a Comment