Tuesday, October 29, 2013

4 Filosofi Haji


اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَ نَبِيَّ بَعْدَهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ. أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا عِبَادَ اللهِ، أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَالَ اللهُ تَعَالَى: يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ. 
  
Sumangga urang taqwa ka Allah swt oge syukur ka mantena tina mangpirang-pirang nikmat, nikmat iman oge islam, agama nu tos disampurnakeun Allah sarta agama nu dipikarido Allah.urang neda ka Allah pituduh sabab ngan ku ayana pituduh Allah akidah urang bakal kiat, ku pituduhna Allah amal-amal urang jadi sampurna., mugi diemut bentuk taqwa kudu dibuktikeun ku taat kana parentah sarta nebihan sagala larangan Allah, sabab ngan taqwa nu bakal jadi bekel  maka sing saha nu taqwa maka dirina bakal untung, oge menang jaminan surge, sing saha nu ingkar maka dirina menang siksa sarta naraka jaminana.

Jamaah jum’ah Rahimakumullah
Allah Subhanahu Wata’ala tos ngawangun ieu agama ku 5 rukun, syahadat-sholat-zakat-puasa jeng haji, tinggal sababaraha dinteun deui insya Allah pami allah maparin umur,  urang sadaya bakal dugi kangge ngalaksanakeun oge ngarayakeun Idul Adha, dinten nu mulya. Idul adha dicandak tina kecap Udhiyah nu hartosna hewan ternak nu dipencit kalayan maksud ngadekeutkeun diri ka Allah, ari kurban atawa Al-Udhhiyah disyariatken berdasar  dalil al-Qur`an, as-Sunnah dan Ijma’.

فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ

“Maka afegkeun sholat karena pangeran anjeun, jeng prak anjeun kurban.” (Al-Kautsar: 2).Ibnu Katsir netelakeun nu dimaksud An-nahr didieu hartina mencit kurban (Tafsir Ibnu Katsir, juz 4/ 558).
Ari as-sunah  nu marentahkeun kurban nyaeta  perbuatan Nabi nu diriwayatken ku  Anas radiyallahu ‘anhu bahwa Rasulullah Sallallahu ‘Alaihi Wasallam :

كَانَ يُضَحِّي بِكَبْشَيْنِ أَقْرَنَيْنِ أَمْلَحَيْنِ وَكَانَ يُسَمِّي وَيُكَبِّرُ.
“Anjeuna Rasulullah mencit 2 domba nu montok, anjeuna rasul maca bismillah oge maca takbir.” (Muttafaq ‘alaihi),

Jamaah jum’ah Rahimakumullah
Allah nyareatkeun kurban kalayan dua hikmah Kahiji maksud nyonto nabiyullah Ibrahiem As sebagai bentuk syukur ka Allah nu maparin nikmat, jeng ari bentuk syukur nu paling agung nyaeta total taat ngalaksanakeun sagala parentah Allah tanpa komentar.Kadua ku ayana kurban kalayan maksud maparin kanikmatan rejeki ka jalma sejen,  Sementara ari nilai nu dikandung dina qurban ngandung maksud wujud rasa syukur jeng bukti ngabdina diri ka Allah SWT, sakaligus wujud duduluran antara muslim jeng muslim, sikap nyaah ka jalma nu mibanda katerbatasan, maka nalika kurban, eta ngandung maksud sebagai taqorub ka Allah,.Kurban ngandung harti nyerahkeun hiji perkara nu dititipkeun Allah ka Allah, maka nalika nabiyullah Ibrohim seja ngorbankeun Ismail AS, eta ngandung harti nguihkeun hak Allah ka Allah.

Samentara dina kahirupan sadidinteun, makna mencit kurban ieu ngandung maksud yen urang oge kudu bisa mencit sifat jeng sikap nu goring nu aya dina  diri urang, Sahingga ku ayana qurban bakal tercipta hiji kahirupan di masyarakat nu damai,  ayana  rasa nyaah jeng kaadilan, sarta mibanda maksud sangkan ieu umat jadi pribadi-pribadi nu syukur,nu enya-enya dina usaha, nu ngoreksi diri, nu nyiapkeun bekel pikeun akherat, sarta ngajauhan amal-amal nu goreng, sahingga menang kabagjaan didunya oge di akherat
Sedengkeun pelaksanaan ibadah haji oge ngandung makna nu bias ditafakuran ku urang oge diterapkeun dina kahirupan sadidinteun


Kahiji aya nu disebut ihram, 
dimana ngalaksanakeun ihram hiji muslim mung ngange 2 lembar kaen bodas bari teu dikaput, upama ditafakuran ieu ngandung harti yen diri manusa kudu balik kana fitrahna nu suci, diri nu teu ngamilik naon-naon sakumaha dirina dilahirkeun kadunya baheula. Samentara dina kahirupana,  ihrom eta ngandung maksud yen urang kedah ngamiliki  nilai-nilai suci, bersih atina, tawadhu, jeung ku symbol ihrom ngandung maksud yen manusa teu dibedakaeun ku pangkat,ku harta,golongan atawa kedudukan, saba manusa kakara aya nilaina mun dirina iman jeung taqwa, maka maksud tina ihrom dipihareup sangka urang bisa ngajauhan sifat sombong, adigung, ngarasa diri mulia, ngarasa paling bener nu lain salah, jeng sifat-sifat goring laina.

Kadua Thawaf di Ka’bah
ngalambangkeun yen kahirupan nu kuurang sadaya dilakonan tikawit lahir ka dunya tug dugika dipundut nyawa eta sadaya teu luput tina rohman rohim na Allah, Hirup terus berputar, tapi tetep Allah SWT bakal teras maparin rizki ka urang, maparin waktu oge sagala kanikmatan, sok sanajan terkadang urang ingkar ka Mantena.

Katilu Sa’i,  
Sa’i hartina usaha jeng migawe, maka Sa’i nu digambarkeun ieu jelas yen dina nyuprih kahuripan jeng kahirupan eta kudu sumanget bari enya-enya,sahingga ku enya-enyana dina ibadah dipihareup manusa bisa ngahontal surga.

Kaopat Wuquf di Arafah sebagai puncak ibadah haji,
Wuquf hartina eureun, ieu ngalambangkeun yen hirup teh moal salilana, hirup the fana, hirup teh sementara, kitu deui dina usaha milari  nafakah dunya, sakumaha loba harta nu dikumpulkeun sarta diusahakeun oge dibela,  poma sing emut yen eta sadaya moal jadi harti upama teu bisa jadi hiji amal hade atawa jadi alat jadi amal sholeh bekeuleun jaga. Wuquf di Arafah oge ngisyaratkeun, sangkan senantiasa ngoreksi diri. hiji hamba nu apal ka dirina bakal apal tujuan dina hirupna, jalma nu apal tujuan, bakal jadi pribadi nu senantiasa berubah
He, jalma-jalma nu iman, kudu taqwa aranjeun ka Allah, jeung sakuduna aranjeun kabeh mikirkeun naon nu rek dipigawe poe isuk, jeung kudu enya-enya aranjeun ka Allah saestuna mantena Allah maha uninga kana naon rupa nu ku aranjeun dipigaw

Dina ayat sanes Allah SWT nguningakeun nu hartosna saestuna teu aya nu bisa di pimilik,dipiboga, dihontal ku manusa kecuali naon-naon nu geus diusahakeunana. (al-An’am 39-40) Ku hal eta mugia ku  dongkapna idul adha, urang sadaya tiasa nyandak hikmah pikeun milari ridhona Allah oge mugia jadi dorongan pikeun urang ningkatkeun amal sholeh.

No comments:

Post a Comment