الله
اكبر
الله
اكبر
الله
اكبر
الله
اكبر
الله
اكبر
الله
اكبر
الله
اكبر
لاَاله
الاالله والله اكبر الله اكبر ولله الحمد الله اكبر كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان
الله بكرة واصيلا لاَاله الاالله وحده صدق وعده ونصر عبده واعز جنده وهزم الاحزاب
وحده
الحمد
لله الذي انعم علينا بيوم العيد وعلينا ان
نكثر التكبير والتسبيح والتهليل والتحميد
أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاَّ الله
الْوَاحِدُ الْقَهًّارُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
النَّبِيُّ الْمُخْتَارُ، صَلىَّ اللهُ عَلَيْهِ وَعَلىَ آلهِ الْمُهَاجِرِيْنَ
وَالْأَنْصَار.اللهم صل وسلم على سيدنا محمد رسولك ونور كونك الكريم وعلى اله
وصحبه صلاة وسلاما دائمين متلازمين الى يوم معلوم اما بعد
يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ آمنُوْا،
إِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقاَتِهِ وَلاَتَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ
مُسْلِمُوْنَ
اعوذبالله من الشيطان الرجيم انااعطيناك
الكوثر فصلّ لربك وانحر
Puji
nu maranti urang sanggakeun ka dzat nu maha suci, Allah Robbul izzati, Puja nu
jadi pangias rasa urang sanggakeun ka dzat nu maha kawasa Allah Azza wajalla ,di
pirig ku dua kalimah syahadat, mugia urang sadayana tiasa tetep istiqomah dina
Ta’at ka dzat anu nampi Tobat.
Shalawat
miwah salam mangrupi hiji doa nandakeun kadeudeuh ka jungjungan urang sayidina
wahabibana Muhammad saw. Khotib wasiat ka diri sareng ka sadaya muslimin wal
muslimat supados Taqwa ka Allah Kalawan taqwa dina harti :
امتثال اوامر الله واجتناب نواهيه
Ngalaksanakeun
sadaya parentah nebihan kana sadaya larangan Allah
Allaahu Akbar 3x Walillahil Hamd
Hadirin
Jama’ah Idul Adha anu mulya
'Idul Adha
hartosna Hari Raya Kurban. Dingaranan kitu, lantaran ngabogaan maksud pikeun
pangeling-eling kana sejarah pangorbanan Nabi Ibrahim as. sareng kulawargana
pikeun diconto jeung diturutan ku sakabeh jalma nu ariman. Sakumaha dicarioskeun
dina Qur’an nu mimiti diparentah ku Gusti Allah pikeun ngalaksanakeun qurban
nyaeta Nabi Ibrahim a.s. sareung putra Nabi Isma`il a.s.
Parentah Allah ka
Nabi Ibrahim sanes miwarang meuncit onta,
sapi, atawa domba, tapi parentah pikeun ngorbankeun putra kandungna nyalira,
Putra hiji-hijina anu dipikacinta tur dipikanyaah ku Nabi Ibrahim, oge hiji
putra nu tos mangtaun-taun dihareupkeun ku Nabi Ibrahim., dimana Siang kalayan
weungi Nabi Ibrahim sareng isterina Siti
Hajar ngadu’a sangkan dipasihan putra pikeun neruskeun perjuanganana nyebarkeun
agama Allah. Namung, saparantos putrana nincak akil baligh, yuswa 13 taun
dongkap parentah nu hebat, nyaeta kudu ngorbankeun putrana, diantara perasaan
nalangsa jeung rasa sieun ku allah, kalawan rintih Nabi Ibrohim naros ka
putrana, sangkan ka uninga kumaha pandangan nu jadi putrana kana parentah Allah
tadi
Anaking buah hate
apa, saestuna apa ningal dina mimpi apa, yen apa kedah mencit hideup,
kinten-kintena kumaha pandangan hideup? Ismail As
ngawaleur wahai bapa abdi hurmateun abdi, mangga lakonan saniskanten anu diparentahkeun ka apa. Apa
bakal mendakan kaayaan abdi Insya Allah ti antawis jalmi-jalmi anu sabar".
Saatos
nguping waleran
putrana anu siap jeung tulus ihklas dikorbankeun. Akhirna, kalayan manah
anu remuk, kalayan hate nu ancur tapi ikhlas, dibarung ku rembesna cimata, nabi
Ibrahim ngabantun Isma`il ka daerah Mina, ka hiji bukit anu disebut Jabal
Qurban.
Tilu kali Iblis
ngagoda Ibrahim sangkan ngabatalkeun niatna, tilu kali oge Ibrahim nolak kana
eta gogoda Iblis. Putrana anu tos sadrah sumerah kalayan tulus ikhlas, tersa
nyarios, Apa bilih apa teu tega ningal abdi mangga geura tutup soca Apa, oge mugia
apa kersa nutupan soca abdi, sangkan eta cisoca Apa teu murag ka abdi,
salajengna saatosna digolerkeun kana batu, nembe oge pedang bade digeleserkeun kana
teungeuk putrana, sumping wahyu Allah :
قَدْ صَدَّقْتَ الرُّؤْيَا إِنَّا كَذَلِكَ
نَجْزِي الْمُحْسِنِينَ ﴿١٠٥﴾ إِنَّ هَذَا لَهُوَ الْبَلَاء الْمُبِينُ ﴿١٠٦﴾
وَفَدَيْنَاهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ ﴿١٠٧﴾
”Saestuna AnjeunWahai Ibrohim geus ngalakonan parentah tina impian kalawan
enya-enya. Saestuna Kami ngaganjar jalma-jalma anu ngalampahkeun kahadean.
Saestuna ieu teh cocoba anu tetela.Jeung Kami geus ngaganti Ismail ku
peupeuncitaan anu gede (QS. As-Shaffat : 105 – 107)
Allaahu Akbar 3x Walillahil Hamd
Hadirin
Jama’ah Idul Adha anu mulya
Pangorbanan Nabi
ibrohim sareng nabi ismail ngandung hikmah jeung symbol keur sakabeh umat islam, yen sakabeh muslim
dina ngabela jeung nanjerkeun agama
kudu wani berkorban naha ku hartana,waktu,tanaga,lamun perlu ngurbankeun nyawa, sabab
syiar islam moal katingali cahayana lamun kaum muslim teu
daek berkorban
مادامت
التضحية فى عالم الاسلام مفقودة او ضعيفة فلا يرجى لهم فلاح ابدا
"Salagi pangorbanan dikalangan ummat islam leungit atawa lemah pasti moal
bisa di harepkeun salilana ka unggulanana."
Meuncit kurban
lahirna mang rupa sodaqoh daging hewan qurban, hakekatna marentahkeun ka urang sadaya supaya taqwa,
turut tumut kana parentah Allah SWT
tanpa kometar, dina qurban lain daging atawa getih qurban anu dugi kana ka ridona Allah, tapi kataqwaan anu matak bisa
ngahontal kana ridhona Allah SWT,
urang sadaya neda sangkan bisa asup ka surge, tapi kadang urang ngarasa berat berkorban
pikeun agama, bahkan urang teu wasa berkorban pikeun diri nyalira,…
Maka,
Saparantosna uninga kana asal muasal riwayat parentah
qurban, aya 3 hikmah anu tiasa dijadikeun pelajaran pikeun urang sadaya.
Kahiji, numutkeun kana kecap ‘qurban’, eta asalna tina
kecap “qarib”, hartina dekeut, jeung tina kecap qaraba
nu hartina ngadeukeutan maka qurban maksudna taqarruban ilalloh,
ngadeukeutkeun diri ka Allah. Jalma nu ngabogaan iman nu kuat, dirina tangtu patuh
jeung taat kana sagala hal nu diparentahkeun ku Allah. Sakumaha dicontoan ku
Nabi Ibrohim, nalika diparentah ngorbankeun putrana, Ismail As.
Hikmah nu Kadua, qurban mangrupikeun sarana tasyakur binnikmah,
nyaeta syukur kana sagala nikmat Allah, terutama nikmat harta banda. Harta
banda sadayana oge gaduhan Allah. Sakabeh manusa ngan ukur dititipan, maka
harta banda anu dititipkeun tos sakedahna bisa dimanfaatkeun pikeun kapentingan
Allah. kiwari, teu saalit jalmi ka eunteupan panyakit”sieun teu mahi”. Cirina
diantarana nyaeta sok ngahalalkeun sagala cara pikeun menangkeun harta jeung ngagaduhan
anggapan, yen harta anu dikaluarkeun dina jalan agama, dina syiar
agama,kapentingan agama, bakal ngurangan, padahal ”... saenyana Allah Maha beunghar jeung
teu butuh bujeung hingga harta nu aya didiri urang, Allah ge teu butuh ku sadaya
eusi alam alam” (QS. Ali Imran:97).
Hikmah nu Katilu, ku ayana kurban jadi alat pikeun nyieun kahadean, mere
maweh ka dulur/baraya jeung tatangga anu aya disabudeurun urang, bari nu butuh bantuan jeung butuh pertulungan.
Qurban maksudna ngadidik sangkan jadi manusa sosial, daek berkorban pikeun
sakumna manusa, bari berehan. Kukituna, Islam mere atikan sangkan umatna bisa
hirup cukup supaya bisa nyukupan nu sejen,Islam ngadorong umatna sangkan hirupna
maju,supaya bisa ngamajukeun jalma sejen, Islam teu mihareup umatna jadi tukang
barang penta atawa ngarep-ngarep bantuan batur.
Allaahu Akbar 3x Walillahil Hamd
Hadirin
Jama’ah Idul Adha anu mulya
Hikmah-hikmah idul
adha anu parantos didugikeun di luhur, mugia janten pangjeujeuh pikeun urang
sadaya sangkan urang kaasup jalma-jalma nu takwa, nyaeta jalma-jalma anu
daek berqurban atawa ngaluarkeun harta bandana kalayan niat hayang dipikaridho
ku Allah.
الَّذِي يُؤْتِي مَالَهُ يَتَزَكَّى ﴿١٨﴾ وَمَا لِأَحَدٍ عِندَهُ مِن نِّعْمَةٍ تُجْزَى ﴿١٩﴾ إِلَّا ابْتِغَاء وَجْهِ رَبِّهِ الْأَعْلَى ﴿٢٠﴾ وَلَسَوْفَ يَرْضَى ﴿٢١﴾
”Anu ngadermakeun harta bandana
lantaran hayang suci. Jeung (dermana the) lain kusabab males budi ka jalmi nu
mere nikmat ka manehna. Ngan anu dipihareupna teh, karido Pangeran nu Maha
Luhung. Jeung nu enya-enya dipirido” (QS. Al-Lail ayat : 18–21)
بَارَكَ الله لي ولكم في القرأن الكريم
ونفعني وإياكم بما فيه من الأيات والذكر الحكيم وتقبل منِّي ومِنكم تِلاوتَه إنّه
هو الغفورٌ الرّحِيم.
الخطبة الثانية :
الله اكبر
الله اكبر
الله اكبر
الله اكبر
الله اكبر
الحمد
لله رب العالمين حمدا كثيرا طيبا مباركا فيه ، حمدا يوافي نعامه ويكا فئ مزيده ،
يا ربنا لك الحمد ولك الشكر كما ينبغي لجلاله الكريم وعظيم سلطانه ، أشهد أن
لا إله إلا الله وحده لا شريك له ، وأشهد أن محدا عبده ورسوله ، اللهم صل وسلم على
رسوله الكريم سيدنا محمد وعلى آله وأصحابه وأمته ، أما بعد : فيا عباد الله ،
أوصيكم وإياي بتقوى الله وطاعته بامتثال أوامره واجتناب نواهيه .
إن الله وملائكته يصلون على النبي ، يا أيها
الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما . اللهم صل وسلم وبارك على محمد ، وعلى آل
محمد ، كما على إبراهيم ، وعلى آل إبراهيم ، في العالمين إنك حميد مزيد .
اللهم
اغفر للمسلمين والمسلمات ، والمؤمنين والمؤمنات ، الأحياء منهم والأموات ، إنك
سميع قريب مجيب دعوات ،. اللهم أنت ربنا لا إله إلا أنت خلقتنا ونحن عبادك ونحن
على عهدك ووعدك مااستطعنا ، نعوذ بك من شر ما صنعنا ، نبؤ لك بنعمتك علينا ، ونبؤ
بذنوبنا ، فاغفر لنا فإنه لا يغفر الذنوب إلا أنت .
ربنا
اغفر لنا ذنوبنا ولوالدينا وارحمهما كما ربيانا صغارا .
ربنا اغفر لنا ذنوبنا ولإخواننا الذين سبقونا
بالإيمان ، ولا تجعل في قلوبنا غلا للذين آمنوا ربنا إنك رؤف رحيم. ربنا آتنا في
الدنيا حسنة وفي الآخرة حسنة وقنا عذاب النار،
سبحان ربك رب العزة عما يصفون وسلام على
المرسلين والحمد لله رب العالمين
. والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته .
.fik Saeful Firdaus
No comments:
Post a Comment