اَلْحَمْدُ
ِللّهِ الْعَلِيْمِ الْقَدِيْرِ اَشْهَدُ أَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ
شَرِيْكَ لَهُ هُوَ اللَّطِيْفُ الْخَبِيْرُ وَأَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ
وَرَسُوْلُهُ الْبَشِيْرُ النَّذِيْرُ وَالسِّرَاجُ الْمُنِيْرُ. اَللّهُمَّ صَلِّ
وَسَلِّمْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ وَعَلى ألِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ
تَبِعَهُمْ وَاِلى اللهِ الْمَصِيْرُ. اَمَّابَعْدُ فَيَاعِبَادَ اللهِ
اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَالْمُتَّقُوْنَ
Sagala puji mung milik Allah SWT,zat nu ngawasa alam
semesta,nu ngabulak baliken hate manusa,nu ngawasa kana sagala perkara,Sholawat
miwah salam mugia terlimpah ka baginda rasulillah saw.
Hadirin Jamaah jum’ah rahimakumullah,
Saestuna urang selaku muslim, kedah mibanda ciri
kaislaman dina hirup jeng kahirupan, kitu deui halna nalika dina bulan romadhan
umat islam kedah ningalikeun ciri kaislamanana, ari ciri nu kahiji nu kedah
dilakukeun dina bulan romadhon nyaeta sakedahna hiji muslim mibanda uswatun
hasanah/hiji sikap mere conto nu hade kanu lian.
Upama urang mibanda anak atawa rumah tangga atawa ningali
masyarakat teu luyu jeung harepan, maka saena ulah waka nyalahkeun nu jadi anak/istri
atawa masyarakat,tapi sakedahna urang ngamuhasabah diri/ngoreksi diri boa-boa
ieu diri teu mere conto atawa tuladan nu hade ka nu jadi istri/anak atawa
masyarakat, jeung mungkin urang can jadi hiji pribadi muslim nu layak.
Naha mungkin urang mihareup sangkan anak urang mibanda
sikap sopan,lemah lembut adab tatakrama, tapi urang selaku ramana senantiasa bersikap
kasar dina hirup sapopoe, Naha mungkin urang bisa miboga anak nu resep maca
Al-qur’an nalika urang sebagai sepuhna teu pernah maparin conto yen urang oge
resep maca qur’an, Naha mungkin urang bisa miharep sangkan anak urang cinta
masjid, nalika urang sebagai ramana teu rajin angkat ka masjid. Kitu deui dina
perkara sejen, naha urang keur jadi pamingpin, nalika jadi ustadz,nalika jadi
guru,jadi caroge, atawa sejena,kira-kirana suri tauladan nu kumaha nu tos
dipaparinkeun ku urang ka jalma sejen.
Ku hal eta hadirin Jamaah jum’ah rahimakumullah,
Urang kedah berusaha sakuat tanaga sangkan bisa jujur
kadiri sorangan, sahingga urang bisa apal naon kakurangan diri urang nyalira,
saterasna eta kakurangan diri teh diomean, dihadean sarta disampurnakeun, maka
nalika urang bisa ngomean diri sorangan saestuna secara teu langsung sabenerna
geus ngomean batur,upama urang hayang ngarubah jalma lian, rubah heula diri
sorangan lain ku lisan wungkul tapi ku conto,ku conto nu hade, teu jadi hasil
jeung memang moal hasil nalika diri sibuk ngabenerkeun batur sementara diri
pribadi teu pernah dikoreksi, berhasilna Agama Islam sabenerna kulantaran uswah
hasanah nu dicontohkeun ku Kangjeung Rasulullah saw, luyu sareng sabdnana Innama
Buistu liutamimma makaarimal akhlak.
Maka ciri hiji muslim nu hade nyeta pribadina kudu
jadi conto, suri tauladan, tuladan dina kahadean kasaha bae, iraha jeung dimana
bae ayana.
Ciri nu kadua, Romadhon bulan ieu sakedahna dijadikeun
bulan beberesih, karna saestuna Allah cinta kana kabersihan, Asy-Syams 9-10 netelakeun Qad aflaha manzakkahaa. Waqod
khaaba man dassaha". Saetuna kacida untung jalma-jalma
nu ngabersihkeun jiwana, jeung rugi gede pikeun jalma-jalma nu ngotoran jiwana.
Dina ayat sanes diterangkeun "innallaha yuhibbu tawabin, wayuhibbul mutatohiriin",
saestuna
Allah mikacinta jalma nu taubat jeung jalma nu bersih” ari bersih ngarupakeun prasyarat tina
kaendahan, Kaendahan ngarupakeun perkara nu dipicinta ku Allah, Sholat lima
waktu oge dimimitian ku bersih,tanpa wudhu heula maka sholat urang jadi teu sah.
Maka janteunkeun ieu romadhon ku hiji karep nu kuat
sangkan urang cinta kabersihan,bersih lahir oge bathin, satiap perkara nu kotor
tangtuna teu ngajadikeun tingtrim, bersih dina angoan,bersih dina badan,Bersih
dina harta,hartosna ulah sakali-kali harta urang kacampuran ku harta nu memang
lain hak urang, Harta nu bersih bakal pinuh ku barokah, harta nu haram bakal pinuh ku fitnah,kitu oge dina usaha, pilari sarta
lakukeun usaha nu bersih, teubih tina sikap hasud jeng licik,utamakeun usaha nu jujur,oge kitu
deui paningal,paningal urang kedah bersih ulah dugika urang ningal
perkara-perkara nu memang lain tingalieunana, sing saha nu bisa ngajaga
paningalna bakal dijadikeun hatena tenang,tingtrim tur nikmat.
Ngenaan lisan, lisan oge kudu bersih tina
ucapan-ucapan nu awon, ucap-ucapan nu teu pantes, naha tina ucapan nu ngahina, ucapan
nyalahkeun,ucapan fitnah, kasar atawa nyarioskeun batur, ngenaan hate, jadikeun
hate urang bersih tina goreng sangka kanu sejen, tebihan sifat dengki khususna dina
romadhon,Insya Allah urang bakal ngarasakeun nikmatna jeung berkahna tina ieu
bulan romadhon.
Anu terakhir, bulan Ramadhan ngarupakeun bulan kualitas, bulan
nu berharga, bulan nu pinujul dibanding bulan-bulan sanesna, dinten demi dinten
mibanda nilai nu luhur dipandangan Allah, jam demi jam jeung detik demi
detik kacida
berhargana dipandangan Allah,ku hal eta ciri nu katiluna, urang kedah tiasa
ngalakukeun perkara nu aya harga atawa nu berharga, nu punjul, jeung pinujul, nu
matak ngalungsurkeun ridho na Allah swt, sabab upama Allah ridho, nikmat nu mana
jeung rizki nu model kumaha nu dipikarep tangtu bakal dianugrahkeun, ku hal eta
maka jadikeun sagala ucapan,sagala paningal, pangdangu jeng lengkah urang
kecuali diucapkeun, ditingalikeun,didangukeun jeng dilengkahkeun ngan kana perkara-perkara
nu matak bernilai di pandangan Allah swt, tangtuna kalayan mikareup ridhona
Allah Aza Wajalla.
Hadirin, Ngan berlaku dina sasih romadhon, urang
dianggap sebagei tamuna Allah, maka Allah langkung uninga kumaha ngajamu sarta
nyugemakeun tamu-tamuna eta, tangtosna bakal disugemakeun soteh upama tamuna
apal kana akhlak atawa etika sebagei tamu,sanes tamu nu ngan sakadar nahan
lapar atawa dahaga wungkul tapi oge sakabeh anggahota tubuhna ngajaga jeng
ngalaksanakeun shaum secara sampurna, mugia Allah maparin bimbingan,pituduh
sarta kakiatan sangkan urang, mibanda
tilu ciri pribadi muslim sajati, amin ya robbal alamin.
. أقول قولى هذا وأستغفر الله لى ولكم ولسائر المسلمين فاستغفروه
إنه هو الغفور الرحيم
اَلْحَمْدُ ِللهِ الْعَزِيْزِ الْغَفُوْرِ،
اَلَّذِيْ جَعَلَ فِي اْلإِسْلاَمِ الْحَنِيْفِ الْهُدَي وَالنُّوْرِ، اَلَّذِيْ
قَالَ:
وَمَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا إِلاَّ مَتَاعُ
الْغُرُوْرِ، نَحْمَدُهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَي حَمْدَ مَنْ نَظَرَ فَاعْتَبَر،
وَكَفَّ عَنِ الْمَسَاوِيءِ وازْدَجَر، وعَلِمَ أَنَّ الدُّنْيَا لَيْسَتْ بِدَارِ
مَقََرٍّ، وَأَشْهَدُ أَن لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ خَلَقَ الْخَلاَئِقَ
وَأَحْكَامَهَا، وَقَدَّرَ اْلأَعْمَارَ وَحَدَّدَهَا، وَهُوَ بَاقٍ لاَ يَفُوْتُ
وَهُوَ حَيٌّ لاَ يَمُوْتُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ،
أَمَرَ بِتَذْكِيْرِ الْمَوْتِ وَالْفَنَاءِ، وَاْلاِسْتِعْدَادِ لِيَوْمِ
الْبَعْثِ وَالْجَزَاءِ.
اإن
الله وملئكته يصلون على النبي، يا أيها الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما.
اللهم صل على سيدنا محمد وعلى آل سيدنا محمد، كما صليت على سيدنا إبراهيم وعلى آل
سيدنا ابراهيم. وبارك على سيدنا محمد وعلى آل سيدنا محمد كما باركت على سيدنا
ابراهيم وعلى آل سيدنا ابراهيم، وارض اللهم عن الأربعة الخلفاء الراشدين أبي بكر
وعمر وعثمان وعلى، وعن الصحابة والتابعين ومن تبعهم الى يوم الدين، وارحمنا معهم
وفيهم برحمتك يا ارحم الراحمين .اللهم
اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات، الأحياء منهم والأموات، إنك سميع
قريب مجيب الدعوات. ربنا ظلمنا أنفسنا وإن لم تغفرلنا وترحمنا لنكونن من
الخاسرين.ربنا لا تزغ قلوبنا بعد إذ هديتنا وهب لنا من لدنك رحمة إنك انت الوهاب.
عباد الله، إن الله يأمر بالعدل والاحسان،
وإيتائ ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون. ولذكر الله
اكبر.
No comments:
Post a Comment