اَلْحَمْدُ لِلَّهِ
حَمْدَ الشَّاكِرِيْنَ واَلصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى مُحَمَّدٍ اَلْمَبْعُوْثِ
رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ اهْتَدَى بِهُدَاهُ
وَعَمِلَ بِسُنَّتِهِ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى عَبْدِكَ
وَرَسُوْلِكَ مُحَمِّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ. أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا عِبَادَ
اللهِ اِتَّقُوا اللهَ تَعَالَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ سُبْحَانَهُ هُوَ
الْمُنْعِمُ الْمُتَفَضِّلُ،. وَاللهُ أَخْرَجَكُمْ مِنْ بُطُوْنِ أُمَّهَاتِكُمْ
لاَ تَعْلَمُوْنَ شَيْئًا لَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ
Kaum muslimin rahimakumullah…
Sumangga urang tingkatkeun kualitas
taqwa ka Allah ku cara berupaya ngaklaksanakeun parentahna,oge ninggalkeun
sagala larangana, nga ku cara saperti eta mudah-mudahan eta taqwa bisa
ningkat.Salajeungna Sholawat sinareng salam sumangga urang bacakeun sarta
sanggakeun ka panutan urang, nabi akhir jaman Nabiyullah Muhamad SAW.
Kaum Muslimin rahimakumullah…
Urang nyangka, yen naraka teh ngan ukur
pikeun jalma-jalma nu kafir, nu munafek, nu fasik wungkul, aya oge nu kaliru
boga anggapan yen hirup teh ngan sakali, sementara urusan akherat urusan engke,sahingga ku
kakaliruan eta seuer manusa nu santei sarta acuh sebagai muslim atawa sebagai
hamba Allah.Nu lewih parah, ku sabab urusan akherat di engke-engke teu saalit
diantara muslim migawe dosa jeng maksiat letik tanpa ngarasa isin ka Allah
SWT.Padahal kaislaman jeung kaimanan hiji hamba teu jadi jaminan bisa nulung nalika
di akherat, upama hiji hamba teu bisa konsekwen (kokoh) dina kaislaman jeung
kaimanana secara utuh jeng sampurna..Saestuna naraka lain ngan ukur tempat
ngahukum jeng tempat hukuman nu perih pikeun jalma kafir, munafik, jeng fasik,
naraka oge dicawiskeun pikeun jalma-jalma nu mu’min tapi teu taat atawa doraka atawa
lengle atawa lalai dina sistem jeng aturan kahirupan nu tos ditetepkeun ku Allh
SWT.
Naraka oge ngarupakeun tempat ngahukum
jalma mu’min anu teu ngajalankeun nilai-nilai kaimanan secara utuh nalika hirup
di dunya. hamba nu saperti ieu disebutna sebagai hamba nu doraka ka Allah jeng
rasulna, sabab dirina geus poho sarta lalei atawa lengle dina inget kana
akherat. Diantara bentuk kadorakaan jeng kalaleian nu nyebabkeun hiji mukmin
asup naraka eta aya 12 perkara, upama 12 perkara ieu dipigawe, maka tong hanjakal
mun hiji hamba nu mukmin asup ka naraka, 12 perkara eta nyeta:
Ngalakukeun penyimpangan dina harta
dina ekonomi, dina bisnis saperti teu daek mayar zakat,numpuk harta bari teu
paduli ka fakir miskin sarta yatim, ngadahar barang nu haram saperti
(getih,bangke, daging babi,sato nu dipencit bari teu nyebut jenengan Allah, atawa
cara dina ngala harta na, atawa dina nyuprihna eta harta ku cara haram saperti
lacur,korupsi, khamar, maok, ngurangan timbangan,nipu,curang,suap,risywah,pungli,jeng
ababngsana nu sifatna ku cara teu jujur,
atawa maksa, tanpa aya keridoan ti pihak sejen, Maka singsaha nu migawe perkara
ieu bakal diasupkeun ka naraka jahanam, nya di tempat ieu jalma nu saperti eta
bakal ngarasakeun siksa nu kaliwat perih akibat ngalakukeun perkara nu
dilakukeun nalika hirupna dina hartana, dina kasabna dina ekonomina, ieu
perkara berlaku tanpa pandang bulu,
tanpa ningali status atawa kadudukan hiji jalma, sok sanajan ulama,kyai,ustadz
atawa tokoh agama.Lewih tegas Allah SWT negeskeun dina Surat At-Taubah ayat 9:
“Hai jalma –jalma nu
iman, saestuna sabagian gede ti jalma-jalma yahudi nu alim jeng rahib-rahibna
nasrani,bener-bener ngadahar harta jalma nu sejen ku cara batail, sarta
maranehna ngahalang-halang tina jalan Allah, Jeng ari jalma-jlama nu nyimpen
emas jeng perak bari teu diinfakkeun di jalan Allah, maka bere nyaho ka
maranehna bahwa maranehna bakal menang siksa nu perih,Dina eta poe emas jeng
perak nu simpen ku maranehna bakal dipanaskeun ku seneu naraka jahanam,
saterusna disetrikakeun ka tarang,tonggong jeng badan na,terus diucapkeun ka
maranehna” tah ieu harta banda anjeun nu
disimpen ku anjeun, pikeun anajen.s ok rarasakeun ieu panasna harta anjeun
akibat tina harta nu disismpeun ku anjeun eta.
Ngadahar harta nu dimenangkeun ku cara
riba,oge jadi sabab nu bakal ngajadikeun hiji mukmin asup naraka, hal ieu tos dijelasken
dina surat Al-Baqoroh ayat 275-276 :
Hartosna jalma-jalma nu ngadahar riba moal bisa
nangtung kajaba cara nangtungna jalma nu kasurupan setan, kituna teh lantaran
maranehna ngaromong, majar taya lian ari dagang teh sarua jeng riba,” Padahal
Allah ngahalalkeun dagang jeng ngaharamkeun riba,Ku kituna singsaha nu menang
nasehat ti pangeran tuluy manehna eureun; anu enggeus-eunggeus mah mah pikeun
manehna sarta urusan sumerah di pasrahkeun
ka Allah, Tapi sing saha anu balik deui migawe eta, maka pikeun maranehna jadi ahli naraka
sarta maranehna bakal langgeung di dinyana.
Sabab nu katilu nu matak ngagebruskeun
muslim asup naraka nyaeta Teu daek diingetkeun ku sistem hirup atawa aturan nu
tos ditetepkeun Allah SWT ka manusa di dunya,teu daek dinasehatan ku
undang-undang Allah ka manusa, malah manusa bangga migawe dosa, bahkan teu saalit manusa nu
ngalakukeun pelanggaran kana hukum Allah khususnya dina ngajaga alam, bumi
saperti lingkungan, leweung, sasatoan, jsb, Allah SWT nguninakeun dina Surat
Al-Baqoroh ayat 205-206
“Jeng
lamun manehna ninggalkeun anjeun sarta nyieun karuksakan di muka bumi, ngaruksak pepelakan,sasatoan,jeng
Allah bendu kana karuksakanm, jeng upama dicaritakeun ka maranehna kudu taqwa
anjeun, ka Allah, tapi kalahka sombong jeung nyieun dosa maka balesanana nyaeta
naraka jahanam, saestuna jahanam eta tempat cicing nu paling goreng
Ka opatna, teu daek ngajadikeun
Al-Qur’an sebagai petunjuk hirupna, sarta Al-Qur’an teu dijadikeun petunjuk
dasar jeng dasar hukum dina nata hirup jeng kahirupanana nalika di dunya, beh
dituna qur’an ngan ukur jadi pamaes eusi lomari, atawa kaligrafi pikeun
mapantes imahna, padahal Allah SWT ngadawuh dina surat Toha ayat 124-127 :
Jeung sing saha nu ngabalieur tina
panggeuing kami, nya bakal manggih kahirupan anu rupeuk,susahmsulit,sarta kami
bakal ngumpulkeun maranehna dina kaayaan lolong. Maranehna nyarita “ Nun Gusti,
naha anjeun ngumpulkeun abdi dina kaayan lolong, padahal kapungkur abdi teh
tiasa ningal. Pidawuh Allah “ Tah kitu, apan geus datang ka maneh ayat-ayat
kami,tapi ku aranjeun dipopohokeun, sarta nya kitu dina poe ieu oge maneh
dilolongkeun dipopohokeun...
Hadirin jamaah jum’ah rohimakumullah,
4 diantara perkara nu nyebabkeun
muslim/mukmin asup naraka, insya Allah 8 salajengna urang dugikeun dina
kasempetan khutbah jum’ah salajengna, oge Nya kitu urang parantos uninga,
ternyata jadi muslim can tangtu salamet naraka, kantenan upama urang lain jalma
muslim, maka sangkan salamet berarti urang kedah aya upaya sangkan kokoh dina
ngalaksanakeun kaimanan jeng kaislaman secara utuh jeng sampurna, sarta
mudah-mudahan Allah senantiasa ngabimbing urang sangkan terhindar tina dosa
jeng maksiat, oge mugia Allah ngersakeun maparin ampunan sarta ngumpulkeun
urang di tempat nu dipikarido, dibarung ku rahmat oge inayahna Allah SWT, Amin
ya Allah ya robbal alamin...
بارك الله لى ولكم فى القرآن العظيم ونفعنى واياكم بما فيه من
الايات والذكر الحكيم وتقبل الله منى ومنكم تلاوته انه هو السميع العليم
Ifik Saeful Firdaus
Khutbah Tgl.28 Mei 2011
Khutbah Tgl.28 Mei 2011
No comments:
Post a Comment