Tuesday, October 29, 2013

3 Du'a nu di Aminkeun ku Rasulullah saw




اَلْحَمْدُ ِللّهِ الْعَلِيْمِ الْقَدِيْرِ اَشْهَدُ أَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ هُوَ اللَّطِيْفُ الْخَبِيْرُ وَأَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْبَشِيْرُ النَّذِيْرُ وَالسِّرَاجُ الْمُنِيْرُ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ وَعَلى ألِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ وَاِلى اللهِ الْمَصِيْرُ. اَمَّابَعْدُ فَيَاعِبَادَ اللهِ اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَالْمُتَّقُوْنَ
Sagala puja miwah puji mung milik Allah robbul izati, sholawat sinareng salam mugia tetep terlimpah ka baginda rasulullah saw, khotib wasiat kadiri oge kahadirin, sumangga urang jaga ieu taqwa ka Allah Swt ku cara ngalaksanakeun parentah oge nebihan larangan Allah Aja Wajalla.

Hadirin jamaah jum’ah rohimakumullah.
dina dintenan shaum romadhon urang nu ka 19 ieu, teu aya hal nu paling dihareupkeun iwal ti ampunan Allah SWT. Ari ampunan/magfiroh Allah eta kacida penting jeng utama pikeun sadaya hambana, kalebet para nabi, margi ngan ku ayana ampunan nu jadi jaminan kasalametan hiji hamba jaga di yaumil Akhir. Ngan ku ayana ampunan Allah nu ngajamin salamet na hamba jaga di yaumil kiamah.

Hiji hadits nu ngagambarkeun pentingna ngengengkeun ampunan dina bulan romadhon, ieu hadits didugikeun ku Imam alhakim dina kitab almustadrok…., hadits nu sanadna sohih ti Kaab bin ujroh RA netelakeun dina hiji mangsa Rasulullah sasaur ka para sohabat” uhdurul mimbar “wahai sohabat sok kadieu caketan ieu mimbar, saterasna rasulullah naik kana mimbar, aya tilu tangga dina mimbarna rasulullah harita, tiap kali rasul naek kana mimbar anjena ngucap amin, naek tangga nu kadua rasul ngucap amin, naek deui kana tangga mimbar nu katilu rasulullah ngucapkeun deui amin, kajantenan ieu janten pertarosan dina manahna para sahabat, kumargi harita teu aya saurang oge nu nuju ngadu’a atanapi ngucapkeun du’a,.. maka nalika rasullullah saw lungsur tina mimbarna eta, para sahabat tumaros,”Ya Rasullulah, asa nembean abdi sadaya ninggal anjen ya rasul ngucap amin satiap anjeun ya rasul, naek kana tangga mimbar, do’a saha ya rasullalloh nu ku pangersa anjeun diaminkeun,…margi teu aya saurang oge diantawis abdi sadaya anu nuju ngadu’a,

Salajeungna rasulullah nimbalan,saestuna nalika kaula naek kana tangga mimbar nu kahiji dongkap ka kaula malaikat jibril as, anjeuna ngucapkeun hiji du’a ‘bu’dan liman adroka romadhon palam yugfar lahu estu geus jauh tina rohmat Allah jeng cilaka ka sing saha bae jalma nu boga kasempetan panggih jeung bulan puasa, tapi dirina teu menang ampunan Allah Taala,… maka kami (saur Rasul) nalika nguping eta du’a ngucapkeun amin “mugia allah ngabulkeun do’a eta ya jibril. Salajengna nalika kami naek tangga nu kadua malaikat jibril AS ngucapkeun deui du’a bu’dan liman dukirta indahu palam yusolli alaiik, estu jauh tina rahmat Allah jeng cilaka kasing saha bae jalma nalika aya nu nyebut nami anjeun Muhammad di gigirenana,tapi dirina cicing bae teu  daek ngucapkeun sholawat ka anjeun hei muhammad, maka nguping du’a nu diucapkeun ku eta malaikat jibril anjeuna ngucapkeun amin, mugia Allah ngabulkeun do’a eta he malaikat jibril,

nalika kangjeung Nabi naek tangga mimbar nu katilu,malaikat jibril ngucapkeun deui hiji du’a bu’dan liman adroka abawahul kibaro,indahu ao ahadduhuma palam yud hilahuljannah,..

estu jauh tina rohmat Allah jeung cilaka kasing saha bae jalma nu boga kasempetan pikeun panggih jeung kolotna, atawa salah sahiji naha indungna atawa bapana,teu bisa asup ka surga sabab teu bakti kanu jadi kolotna eta, maka kangjeng nabi ngucap Amin “mugia Allah ngabulkeun eta du’a ya jibril.

Hadirin jamaah jum’ah rahimakumullah
Upama ditafakuran,ieu nu ngadu’a the malaikat jibril AS, hiji malaikat nu gaduh kadudukan utama di sisi Allah, upama tea mah malaikat jibril ngadua nyalira. tos pasti du’ana diijabah ku Allah, tapi eta du’a sanes bae di du’a ken ku malaikat, tapi oge di aminkeun ku makhluk nu utama oge nyaeta kangjeng nabi Muhammad SAW,

maka naha mungkin 3 du’a eta teu diijabah ku Allah, naha mungkin eta du’a teu dikabul ku Allah, naha mungkin eta du’a teu dugi ka Allah, jawabanna tos pasti, 3 du’a eta diijabah ku Allah,.. maka 3 jenis manusa nu disebat tadi tinangtu rugi,tinangtu cilaka tina rohmatna Allah, nyaeta 1. Nu panggih jeng romadhon tapi dosa-doosana teu dihapunteun ku Allah. 2. Nu teu daek ngucap sholawat minimalna sollallohu alaihi wassalam nalika aya nu ngucapkeun jenengan Muhammad rasullullah, 3.jalma nu boga kasempetan panggih jeung kolotna tapi teu daek bakti ka kolotna,nepika dirina teu asup surga gara-gara teu bakti ka kolotna eta.

Hadirin jamaah jum’ah rahimakumullah
Saestuna para nabi, para malaikat mung saukur perpanjangan lisanna Allah SWT, sakumaha hiji hadits nu nerangkeun nalika Allah cinta ka hiji hamba, maka Allah nguleum jibril AS sarta ngadawuh hei jibril kami cinta ka sipulan, maka prak pikacinta ku aranjen, lajeung jibril ngumumkan kasakumna pangeusi langit yen Allah cinta ka sipulan, maka malaikat ge mikacinta ka sipulan, salajengna kacinta eta dititipkeun dina hatena jalma-jalma penduduk bumi,nepika jalma-jalma oge jadi cinta ka sipulan, sawangsulna nalika Allah bendu ka hiji hamba, nalika Allah benci ka hiji hamba,Allah oge nguningakeun ka jibril AS,Wahai jibril kami bendu ka hiji hamba, kami benci ka hiji hamba, maka prak pikabenci ku aranjeun wahai para malaikat, maka jibril AS oge ngiring benci ka hiji hamba, salajeungna jibril ngumumkeun yen Allah bendu/benci ka hiji hamba, para malaikat oge mikabendu ka eta hamba sarta nitipkeun benduna eta dina hatena jalma-jalma para penduduk bumi, nepika jalma-jalma oge mikangewa/mikabenci ka hiji jalma.

Ari nu jadi sabab 3 jenis manusa tadi tos didu’akeun awon ku malaikat jibril AS, oge diaminkeun ku kangjeng nabi SAW, eta sadaya akibat 3 jenis manusa tadi geus kufur kana nikmat Allah SWT, maka ku kufur na eta geus ngundang adzab Allah minimalna ku do’a awon ti para malaikat oge kangjeng nabi Muhammad SAW, dawuhan Allah Lain syakartum laajidanakum walain kaffartum inna adabii lasyadid, mun anjeun syukur kana nikmat kami, kami tambah eta nikmat, tapi mun anjeun kufur “ inget …..saestuna siksa kami eta kacida perihna.

Maka nalika dongkap romadhon, aya jalma nu teu paduli kana datangna romadhon, padahal Allah parantos mukakeun panto ampunan nu saluas-luasna dina bulan romadhon sarta nyadiakeun berbagai cara kumaha ngamenangkeun ampunan Allah eta, tapi seep sasih romadhon,dosa-dosana teu hiji-hiji acan dihapunteun ku Allah taala,

Dina bulan romadhon,Allah mukakeun panto magfiroh,panto ampunan,kasing saha bae nu neda ampunan,Allah oge melalui lisan para nabi ngajelaskeun yen aya sababaraha cara sangkan menang ampunan Allah diantarana Man sooma romadhon imanan wahtisaban gufiro lahu ma takoddama min dambihi, sing saha nu puasa dina bulan romadhon didasaran ku iman bari mihareup ganjaran Allah Taala maka pasti Allah ngahapunteun kana dosa-dosana eta, sok sanajan dirina teu langsung ngucap astagfirullahal adhiem dugika beres sasih romadhon pasti dosa-dosana eta hamba dihapunteun ku Allah kantenan upama urang sering ngucap Astagfirullahal Adhiem.., maka nalika datang puasa aya jalma teu puasa ,bari teu aya udzur atawa alesan nu diwenangkeun ku syar’i berarti geus nganteup hiji kasempetan menangna ampunan Allah kucara ngalaksanakeun puasa, dirina kufur kana nikmat Allah,.. maka wajar azabna Allah dongkap kadirina dina bentuk du’a nu awon nu diucapkeun ku malaikat jibril sarta diaminkeun ku rasulullah saw.

Cara nu kadua sangkan menang ampunan Allah Taala nyaeta Man Qooma romadhona imanan wahtisaban gufiro lahu maa taqoddama min dambihi, sing saha jalma nu qiyam romadhon atanapi sholat tarawih didasaran ku Iman jeng mihareup ganjaran Allah, pasti Allah ngahapunteun kana dosa-dosana eta hamba nu ti heula,

Cara katilu man qooma lailatal qodri imanan wahtisaban gufiro lahu ma taqodama min dambihi, sing saha nu ngalaksanakeun sholat dina maleman lailatul qodar,didasaran ku iman jeng mihareup ridho Allah, pasti dosa-dosana nu baheula dihampura ku Allah SWT.

Cara kaopat sing saha nu maparin katuangan ka nu puasa, maka eta jadi sabab menangna ampunan Allah sarta pembebasan tina seneu naraka. Dina hadits lain diterangkeun yen 1/3 malem dina akhir romadhon Allah aza wajalla lungsur ka langit dunya, sarta tumaros mana jalma-jalma nu menta hampura ka kami, pasti kami ngahampura kana dosa-dosana,mana jalma-jalma nu tobat pasti kami narima kana tobatna, mana jalma-jalma nu ngadu’a pasti kami ngaijabah kana du’a-du’ana.

Kasempetan menangna ampunan Allah dina bulan romadhon kacida lebarna, kacida luasna tapi masih aya jalma nu acuh kana ieu bulan,sahingga teu hiji-hiji acan tina dosa-dosana nu tiasa dihapunteun ku Allah, sahingga dirina tos jauh,dirina geus cilaka hingga kena ku du’ana nu tos diucapkeun ku malaikat jibril AS “bu’dan liman adroka romadhona palam yugfar lahu” arta diaminkeun ku rasululllah saw”
Insya Allah 2 jenis manusa sejena nu digolongkeun cilaka jeng jauh tina rohmatna Allah, urang dugikeun dina jum’at nu bakal dongkap,urang neda ka ka Allah aza wajalla mugia Allah SWT ngagogolongkeun urang sebagai hambana Allah nu ngalaksanakeun puasa,nu qiyam romadhon didasaran ku imanan wahtisaban,sahingga urang tiasa ngengengkeun gufiro lahu maa taqodama min dambihi ,bari teu ngalalaworakeun kana ieu bulan magfiroh, amin ya Allah ya robbal alamin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِاْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ. وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَأَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ. وَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ.

Khutbah Kedua
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ حَمْدًا كَثِيْرًا كَمَا أَمَرَ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ، اَلْمُتَعَالِيْ عَنِ الْمُشَارَكَةِ وَالْمُشَاكَلَةِ لِسَائِرِ الْبَشَرِ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ النَّبِيُّ الْمُعْتَبَرُ
. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، فِي الْعَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.
 اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ وَغَافِرَ الذُّنُوْبِ وَالْخَطِيْئَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
. اَللَّهُمَّ أَرِنَا الْحَقَّ حَقًّا وَارْزُقْنَا اتِّبَاعَهُ، وَأَرِنَا الْبَاطِلَ باَطِلاً وَارْزُقْنَا اجْتِنَابَهُ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ.

Disampaikan pada Jum’at,19 Agustus 2011

No comments:

Post a Comment